Kolom: Dadan Sungkawa
Cenah mah nagara urang teh nagri agraris. Nagara anu sakuduna mah ceuyah ku pare, moal matak mudu nguyang ka nagara deungeun. Komo Pulo Jawa mah, kapan ti baheula ge disebutna Jawadhipa, anu hartina pulo beas. Bet asa piraku, di Pulo Beas, nepi ka masarakatna mindeng ngalaman walurat ku beas.
Nagara urang geus teu surplus deui ku paré atawa béas, malah sabalikna kaasup nagara nu ngimpor béas baé ti mancanagara, anu geus kapeting surplus baé ku hasil paréna, saperti diantarana, Thailand, jeung Vietnam. Padahal lemah cai urang téh secara géografis, aya dina liliwatan garis khatulistiwa, nu mibanda iklim tropis, kalawan ngan aya dua usum, nyaéta usum ngijih jeung usum halodo. Atuh nagara urang mah mibanda kasaimbangan daratan jeung lautan anu saimbang, anu mana tina éta kondisi géografis, nagara urang mah, kacida beungharna ku sumber-sumber alam. Ngan hanjakalna téh éta kabeungharan alam, teu diimbangan ku kualitas sumber daya manusa. Padahal mun mah éta kabeungharan alam mampuh dikokolakeun kalawan optimal jeung tepat guna, tangtuna hasilna, baris mampuh ngundakkeun kualitas kahirupan rahayat.
Ari nu kasebut undakna kualitas kahirupan rahayat, diantarana harga béas murah, pon pilalagi, harga sayur, buah, daging, lauk laut, lauk darat, hargana kahontal ku masarakat. Tina murahna bahan-bahan dahareun téh, kana tangtu rahayat kacumponan kabutuhan nutrisi-na. Sahingga jaga bisa kabentuk generasi bangsa nu berkualitas. Anapon nutrisi andilna téh, kana ngabentuk jaringan dina awak urang, kamekaran daya pikir, ngaganti jaringan nu geus ruksak, stamina jeung imunitas tina serangan kasakit. Protéin asalna aya dua jenis, protéin nabati, jeung protein héwani. Conto protéin nabati, saperti kacang kadelé nu jadi bahan témpé jeung tahu. Ari protéin héwani, mangrupa daging jeung susu. Atuh padumuk Indonésia nu kiwari jumlahna kira 200 jutaan, kabutuhan kana protéin héwani, masih kénéh acan nyugemakeun sakumna rahayat. Apan acan lila, ieu républik kungsi werit ku daging, dadakuna daging sapi, dina ayana harga daging undak pisan alias kacida mahalna. Atuh tina mahal meuli jinisna, kudu sabaraha ngajual ka konsumén, nya harga ditaékkeun, nepi ka teu logis, sacara hukum ékonomi mah. Kitu deui harga cabé, céngék, kacang kadelé, ka jéngkol-jéngkol remen pisan jadi raja, enya raja jimbul, raja ku mahalna. Tina gambaran ieu, keur urang-urang mah rahayat nu teu ngarti kana tiori ékonomi, naha bisa kitu? Lain apanan para ahi pertanian, pakar ékonomi, pedagangan ngajabeg, ti mimiti gelar S1 nepi ka Doktor jeung profésor, tepi ka tingkat mentri, naha aranjeunna tepi ka teu bisa ngadalikeun beas?***