Rabu, 2 Apr 2025
Ganda Mekar

Dzikir Idul Fitri

Sajak DADAN SUNGKAWA

 

Allaahu Akbar

Allaahu Akbar

Allaahu Akbar

Laa Illaaha illallaahu Allaahu Akbar

Allaahu Akbar walillaahilham….!

 

Takbir akbar nu teu parat sapeuting marengan wanci

Ngahibaran mangsa nyacapkeun kasono sora Illahi

Mawa geter nu ngeleper dina jangjang waktu

Nu salawasna pateuh ngagetihan kalakay-kalakay mangsa

Mangabad-abad kuring misora nu sarua

Mapatkeun dzikir-dzikir katingtriman

Sugan pinareng jeung katengtreman

 

Hampura, kuring tacan wakca balaka

Dosa nu nyangkaruk lebah iga

Hayu urang bukbak silihlubarkeun dina poé kahéman

Dina gulidag sungapan katrésnan idul fitri

Pangumbahan diri

Tags:Dadan SungkawaSajak


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *