Sajak AEP DAMANHUDIN
Tadi isuk kènèh
Geus saged sataker kebek
Indit ka tempat panginditan
Sujud ka lapangan nu lega
Lega hamo kaamprak ku manusa
Nu teu boga rasa rumasa
Komo adigung adiguna
Leres,
Isuk kènèh arek jeung kudu silihampura
Leres tina sagala dosa
Sanggeus meuseuh diri
Tumut ka ILLAHI
Apan leres hayang jadi manusa takwa
Silipikahèman rampak sasalaman
Patarèma panangan
Sililubarkeun kalepatan kaluluputan
Tutas bajoang sabulan campleng
Hampura, hampura
Ukur kitu nu kedaling
Hampura baraya
Hapunten Ya Allah
Talawèngkar05
1Syawal 1446.H.