Kolom DADAN SUNGKAWA
Wangna Pun! Sasih Maret sareng April leubeut ku kagiatan miéling ngeunaan kasalametan bumi katut lingkungan alamna. Lintang ti aya Hari Bumi, ogé deuih aya Hari Air. Tina dua momen peristiwa ieu, rupina kedah dijantenkeun catetan husus naon pangna peryogi ngayakeun miéling Hari Bumi sareng Hari Air. Saleresna, ari kanggo masarakat adat mah kagiatan hari bumi jeung hari Air teh, tos teu anéh deui. Da saban taun gé teu weléh dipiéling dina wangun hajat bumi atawa hajat solokan. Ieu kagiatan téh nyoko kana tradisi buhun ngretakeun bhumi lamba, atanapi ngaraharjakeun alam katut pangeusina.
Bumi sareng Air, upami di urang mah disebatna lemah cai, dua kecap anu henteu tiasa dipisahkeun, kalebet ciptaan Mahakarya Gusti Allah Ta’ala. Di jagat bumi ieu rupi-rupi mahluk kumelendang ngajalankeun hirupna séwang-séwangan. Manusa, sato sareng tutuwuhan ngawangun ekosistem anu sarwa hégémoni kanggo nyicingan ieu lemah cai téa, nanging teu lésot tina silipikabutuh. Upami salawiosna aya nu kaganggu, pinasti baris nimbulkeun pasualan.
Manusa salaku subyék anu dipaparin akal sareng kamotékaran minangka langkungna ti mahluk sanésna. Lebah dieu, nya manusa pisan, kalebet urang tangtos ngagaduhan peran penting enggoning ngajaga, ngariksa sareng towéksa tina saniskara kalanggengan alam.
Kalanggengan lemah cai (salajengna urang sebat bumi alam) tiasa mayeng upami kasaimbanganana kajaga. Upami kasaimbangan bumi alam parantos teu tiasa kajaga, nya arep-arep waé saniskara musibah alam anu baris ngadodoho saban mangsa.
Demi lingkungan alam téh di lebetna euyeub ku rupi-rupi unsur dugi ka janten gembleng téh, diantawisna aya gunung katut leuweung-leuweungna, aya wahangan katut sumber-sumber mata caina, aya pamukiman katut pangeusi manusa-manusa minangka puseur anu ngagerakkeun kahirupan ieu lingkungan alam.
Urang titénan geura kumaha kaayaan bumi alam dina mangsa katompérnakeun ieu. Maksadna dina abad-abad kaayeunakeun. Nya, entong waka sakuliah dunya, di sabudeureun lingkungan nu caket wé heula, naha katingalna kasaimbangan alam téh masih kénéh weuteuh atanapi tos barobah pisan. Ku patarosan kitu gé, rupina tos tiasa kawaler ku urang sadayana yén saleresna urang téh seueur ngalakukeun padamelan anu sadar teu sadar nembrakeun rasa harianeun ngagunasika alam ku rupi-rupi eksploitasi sareng cara pangrumat anu lepat.
Tina waleran sagerentes téh, anu peryogi ku urang dilenyepan mah sanés waleran anu sifatna verbal yén kaayaan alam parantos barobah, nanging aya waleran anu satékah polah kedah disusul tepus ku rupi-rupi tindakan saperkawis lebah ngajaga sareng ngariksa lingkungan sabudeureun alam téa sangkan tetep mayeng kasaimbanganana. Éta anu kedah dilenyepan langkung paos mah minangka waleranana.
Ari alam mah apan sacara otomatis ngawalerna téh. Contona waé, upami saluran cai mengpet atanapi mendet, cai bakal mudal. Upami lingkungan teu aya pepelakan tatangkalan, éta lingkungan baris kakirangan cai, margi tos teu aya panyerepan cai anu ngawangun siklus cai. Upami lingkungan kotor ku runtah nu amalayah, dimana waé bruna dugi seueur jaranten jarian, nya wayahna baris muncul jurig-jurig jarian, mangrupi bibit berewit sareng bibit panyakit.
Tah, dina édisi sasih April ieu, étang-étang miéling Hari Bumi sareng Hari Air, LBNews.com ngahaja remen ngalungsurkeun seratan anu aya patula-patalina sareng ngajaga lingkungsan alam, utamina ancaman musibah mangsa pancaroba anu masih keneh ngaririwaan li ayana bencana hidrometerologi sareng pasualan runtah anu kiwari parantos amalayah dimana waé, di cai sareng di darat. Tangtos janten tugas urang sadayana kanggo ngungkulanana. Saéna, hayu kawitanan ti diri urang séwang-séwangan! Cag, tabé pun!