Kolom: IBNU HIJAR APANDI
DI TENGAH-tengah kahirupan anu salawasna pinuh ku paguntrengan bathin nu matak ngageumpeurkeun tur matak hemeng, sakapeung urang perlu nyeungseurikeun hirup katut nyeungseurikeun diri sorangan. Lain hartina rek popoyok, tapi ku alatan mikahayang maham tur ngamaknaan kahirupan sacara leuwih bijak, diwuwuh ku sikep landung kandungan laer aisan. Henteu sologoto tina ucapan nu baris dikedalkeun.
Gus Dur kaasup salasaurang contona, kumaha gaya humor bisa jadi alat nu kuat dina nyanghareupan dunya nu pinuh ku tekenan.
Greg Barton, dina Biografi Gus Dur: The Authorized Biography of Abdurrahman Wahid nuliskeun yen Gus Dur ngagunakeun humor lain ngan sakadar jang ngahibur, tapi oge jadi bahan strategi komunikasi nu jitu tur cerdas. Ku humor, panyawad moal matak ngajaheutkeun seug komo nepi ka jadi mumusuhan, nepikeun ucapan tanpa nimbulkeun kategangan, sarta ngawangun kadeukeutan jeung rahayat tanpa leungiteun wibawa ajeung komara salaku pamingpin satingkat presiden.
Dina hiji saat pernah tepung Greg Barton, penulis biografi Gus Dur, basa inyana nganjang ka Bandung, sababaraha taun ka tukang lilana. Dina salasahiji pidangan ‘jamuan makan malam’ bareng jeung para juru ulik atawa para peneliti jeung akademisi satutas lekasan seminar di UIN Bandung, ieu profesor widang politik Islam global di Deakin University, Australia teh nyaritakeun ngeunaan Gus Dur. Hal anu matak narik, tangtu sual humor-humorna.
Ceuk Barton, Gus Dur remen jadi bahan banyolan, antara lain karana fisikna nu meh teu ningal. Tapi, api-apina kasigeung, Gus Dur justru miheulaan nyeungseurikeuna dirina sorangan, Sikep ieu, nurutkeun Barton, geus nuduhkeun yen harga diri teu kudu salilana dibela kalayan bebeakeun, tapi kudu bisa ku kajembaran hate.
Dina pulitik, humor bisa disebutkeun sanjatana pikeun ngalayanan hiji tekanan. Basa kabinetna loba nu nyawad, kalayan rineh Gus Dur cukup ku ngucapkeun “lamun aya Menteri anu henteu bisa gawe, nya enggeus, ganti. Tapi, nu kudu diganti lain wae Menteri, presidenna oge”.
Banyolan sarupa kitu, nandakeun sikep nu nyalse, rineh, nyantai, nyanghareupan dinamika kakuasaan anu sakitu bedangna. Ku carana saperti kitu, Gus Dur saolah-olah ngingetan yen pulitik sakuduna lain sakadar sual barebut kakuasan, tapi oge sual kawijaksanaan.
ACL (Aliansi Cinta Lembang, Red.) oge mindeng adu hareupan jeung saniskara anu ngadatangkeun kateganga-tategangan jeung tekenan dina rupa-rupa warnaning alesan jeung kasang tukang. Tapi, ahir-ahirna mah bisa kaungkulan kalayan hade.
Inget ka almarhum Kadiv Humas ACL ‘Kapten’ Toni Barbarossa. Dibalik gayana yang gahar, inyana kaasup sosok pribadi nu humoris. Purah banyol. Contona wae, inyan sempet ngedalkeun ucapanana, “mun nagara teu kieu mah teu kudu aya ACL sagala.”
Atawa sawaktu nyikepan insiden nalika sababaraha pangurus ACL ngadatangan Polsek Lembang, kalayan nada nu sarua, pokna teh “Da mun nagara teu kieu mah moal nepi ka ngagebrag meja sagala.” Atuh kontan sakabeh nu ngadenge teh tingbarakatak.
Tapi, memang enya. Humor henteu ngan sakadar urusan seuri. Tapi oge deuih, ngeunaan kumaha cara maham jeung neuleukeuman katut pasualanan kalayan dina perspektif anu hampang tur pinuh kajernihan
Tujuanana sangkan bisa narima jeung nyanghareupan realitas hirup kalayan wijak.
Ku cara samodel ieu, anu jadi harepan sarerea bisa ngahontal tujuan kalayan hade jeung ngaminimalisir konflik. Cara dina paribasa Sunda, hasil nu dimaksud kalayan caina herang laukna beunang.***
Andir, Lembang, Sabtu, 22 Maret 2025
Penulis, Ketua Bidang Komunikasi Media dan Data Aliansi Cinta Lembang (KOMDATA ACL)