Sabtu, 15 Mar 2025
Ganda Mekar

Numuwuhkeun Aprésiasi & Kamandegan Imajinasi

Naskah: Dadan Sungkawa

Diropea tina sawatara sumber

LBNews.com., – Dina enas-enasna mah geuning yén tujuan pendidikan téh diantarana nyaéta ayana ‘kesetaraan’ hak jeung kumaha sangkan sistem pendidikan bisa lumangsung kalawan éféktif pikeun para peserta didik anu mémang rupa-rupa pisan karakter jeung kamampuan minat katut bakatna. Geura nya urang titénan heula kumaha saenyana tujuan pangajaran anu dilaksanakeun di sakola. Jol bréh wé kapanggih ungkara kalimah anu unina disebutkeun kieu: “Siswa dipiharep maham kana sakur konsép, tema, eusi katut masalah-masalah budaya lian dina budaya lingkunganana anu kawilang réa wandana”. Ku kituna, minangka konsekuénsi tina profési tenaga pendidik, para guru enya-enya diperedih pikeun ngetrukkeun sakur pangaweruhna jeung kumaha ngaaplikasikeunana sangkan para siswa mibanda pangaweruh ngeunaan budaya lian sarta ngamekarkeun émpatina kalawan anu dipiharep para siswa mampu ngainternalisasikeun dina kahirupan sapopoéna.

Ti mimiti taun 1975, pelajaran seni geus asup kana kurikulum pelajaran, ti mimiti SD, SMP nepi ka SMA. Ngan hanjakal, masalah anu masih ngabaribinan dina pangajaran seni, nepi ka danget ieu masih kénéh tacan katémbong daria. Memang ari

pelajaran seni mah bisa diajarkeun ka barudak, tapi ari lebah konsép pendidikan seni anu enas-enasna pikeun numuwuhkeun kasadaran kréativitas seni, sigana can enya-enya dipikawanoh.

Pendidikan seni di kalangan rumaja ngaliwatan sakola-sakola umum saenyana gédé mangfaatna eggoning numuwuhkeun daya aprésiasi masarakat kana seni. Ku ayana jeung mekarna aprésiasi masarakat kana seni, profési seniman ogé ahirna bisa ngaronjat. Jeung nu leuwih penting meunang perhatian ti kalangan masarakatna.

Da lamun seug pendidikan seni di sakola-sakola umum dilaksanakeun kalawan enya-enya, meureun dina témpo derna aya kagiatan somodél Porseni pelajar téh, sigana moal loba teuing némbongkeun seni réproduktif, tapi bakal leuwih némbongkeun seni-seni kréatif.

Méré hancengan pendidikan ka barudak sangkan kréatif, lain waé keur kamajuan individuna, tapi ogé pikeun kamajuan masarakat dina cara pola pikir enggoning nyanghareupan kamajuan jaman jeung téknologi, kacida pentingna. Barudak anu kréatif téh apanan mangrupa sumber anu kawilang poténsi, boh pikeun dirina katut kamajuan bangsa dina mangsa-mangsa nu bakal kasorang. Dina kamajuan jaman anu beuki canggih jeung sakitu modérnna dina pakumbuhan kiwari, pangalaman-pangalaman pikeun ningkatkeun daya pikir jeung nyeukeutan pola pikir di kalangan barudak, sigana perlu pisan diasah ti awal mula pisan sangkan barudak kadidik ngabiasakeun méré kaputusan anu jinek tur tandes sarta ngabobagaan rasa tanggung jawab anu mandiri.

Naon pangna kréativitas perelu diajarkeun ti awalna pisan? Sabab, kapanan kréativitas téh ceuk para psikolog mah mangrupa manivéstasi individu pikeun ngawujudkeun dirina bébas tina aturan anu bisa mandegkeun imajinasina, anu engkéna bisa ngawujudkeun dirina bébas tina rasa ragu jeung hamham dina ngedalkeun sakur kakuatan minat jeung bakatna. Boh dina widang naon waé. Ku kituna, pangalaman kréatif di kalangan barudak kudu enya-enya meunang pangbagéa anu daria dina pendidikan. Lamun pendidikan seni enya-enya digali minangka bagian tina salah sahiji alat nu bisa dijadikeun pangrojong enggoning numuwuhkeun jeung ngamekarkeun kréativitas, tangtu sawangan ngeunaan pendidikan seni henteu aya mangpaatna, sigana kudu dipertanyakeun deui. Nya ku ayana anggapan sarupa kitu, masing kalah kumaha baé ogé, pendidikan seni masih kénéh perelu dibebenah deui.***

Tags:Kurikulum


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *