LBNews.com. KAB. BANDUNG, – Ngajalankeun ibadah haji narima panggupay ti Nu Maha Suci geus jadi harepan sakumna umat Islam. Malah, anu geus ngarasa ka Tanah Suci ge, salawasna teu weleh ngadatangkeun rasa mikasono, nimbulkeun rasa tibelat hayang deui miang ka Tanah Suci Makkah jeung Madinah Arab Saudi.
Ieu hal teh diungkabkeun Bupati Bandung waktu ngaluuhan acara bubuka bingbingan manasik haji nu asalna ti tingkat Kabupaten Bandung taun 2025 di Masjid Al Fathu Soreang, Sabtu (19/4/2025).
Dina prak-prakan ngalaksanakeunana, ceuk Bupati Bandung, ibadah haji henteu ngan sakur nungtut kasiapan fisik, tapi oge deuih merelukeun pamahaman anu nyosok jero ngeunaan tata cara jeung katangtuan anu geus ditetepkeun dina syari’at Islam.
“Alatan eta pisan, ieu kagiatan bingbingan manasik haji teh mibanda peran anu kalintang pentingna kanggo bekel para calon jamaah malar tiasa ngajalankeun ibadah haji nu leres, tartib, sareng luyu sareng tungtunan agama,” ceuk Kang DS, sebutan akrab Dadang Supriatna.
Kang DS umajak ka sakumna calon jamaah sangkan dina prungna ngalaksanakeun bingbingan diperhatikeun kalayan enya-enya tur daria. Ku cara kitu, para jamaah dipiharep bisa enya-enya paham tur ngarti kana sakabeh syarat, rukun, wajib, jeung sunnah dina ngajalankeun ibadah haji, sarta siap boh sacara spiritual, boh mental jeung fisikna.
“Alhamdulillah dina taun ieu, Kabupaten Bandung nampi kuota anu seueurna 2.564 urang, kalebet jumlah jamaah haji pangseueurna di Provinsi Jawa Barat (Jabar),” pokna semu reueus.
“Ieu ngarupikeun amanah anu kedah ditampi binarung rasa syukur, sakaligus janten tangtangan dina tatacalagara layanan haji,” tambahna.
Tangtu wae, ceuk Bupati, Pamarintah Kabupaten Bandung mere perhatian anu kalintang gedena, sakaligus terus ngaronjatkeun sinergi jeung sakabeh pihak, hususna jeung Kantor Kementerian Agama Kabupaten Bandung, Imigrasi atawa instalasi anu kakait sejenna enggoning ningkatkeun layanan dina tatacalagara ibadah haji.
“Sim kuring miharep layanan haji taun 2025 langkung sae ti taun-taun samemehna. Utamina dina hal ngarengsekeun pasualan administrasi haji, passport, layanan kasehatan haji, transportasi jamaah haji sarengna deuih kasiapan lokasi tempat pangiangan sareng pangbalikan para jamaah haji Kabupaten Bandung,” pokna dibarengan pibuh ku harepan.
Bupati nyebutkeun, insya Allah sakumna jamaah haji asal Kabupaten Bandung baris diangkeun ngaliwatan Embarkasi Kertajati jeung Asrama Haji Indramayu.
“Malah Kabupaten Bandung baris janten kloter munggaran anu diiangkeun ti Embarkasi Kertajati,” pokna.
Inyana nyebutkeun para jamaah mimiti asup asrama dina ping 1 Mei 2925, terus miang ka Tanah Suci dina ping 2 Mei 2025. Kang DS miharep ka sakumna patugas calagara haji, inyana nitipkeun harepan sangkan salawasna ngalaksanakeun tugas kalayan dibarengan ku rasa tanggung jawab, kaikhlasan turta profesionalisme.
“Ieu pancen sanes mung sakadar administratif sipatna, nanging ngarupikeun amanah anu luhung ajenna ngaping para jamaah sareng masihan layanan anu sahade-hadena,” pokna.
“Hayu urang sadaya ngaduakeun pamugi sakumna jamaah haji asal Kabupaten Bandung tiasa ngalaksanakeun ibadah kalayan lungur langsar, sehat sareng mulang deui ka lemah cai kalayan nyandak predikat haji nu mabrur. Aamiin yra,” harapnya.
Kang DS oge miharep muga-muga sakabeh runtuyan bimbingan manasik haji bisa lumangsung kalayan lungsur-langsar.
“Salaku aparatur pamarentah, mudah-mudahan aya dina kakiatan nyuparkeun kawajiban ngabdikeun diri kanggo Kabupaten Bandung langkung Bedas, maju tur terus-tumerus ngahontal mangsa Indonesia kaemasan taun 2045 tiasa tinekanan,” katanya.**
Editor: Dadan Sungkawa