LBNews.com. KAB. BANDUNG – Bupati Bandung Dadang Supriatna secara resmi jajap keberangkatan rombongan calon jemaah haji Kabupaten Bandung kelompok terbang (kloter) Debarkasi Kertajati (KJT) 01 di Gedung Cenderawasih Lanud Sulaiman Kecamatan Margahayu, Kemis (1/5/2025).
“Labaik allohuma labaik…! Wilujeng angkat para jamaah haji kloter I asal Kab. Bandung. Mugia lancar sareng sampurna (dina ngajalankeun) ibadah hajina, sareng tiasa mulang deui ka lemah cai kalayan kasinugrahan gelar Haji Mabrur & Mabrurooh. Aamiin Yra,” ceuk Bupati Dadang dibarengan ku rasa reueus tur ngangres marengan ku paneuteup basa nginditkeun rombongan calon jemaah haji kloter 1 asal Kabupaten Bandung.
Bupati Bandung ngucapkeun rasa sukur tina karunia nikmat iman jeung Islam, bisa ngalaksanakeun kagiatan milepas rombongan calon jemaah haji jeung delapan petugas/pembimbing para calon jemaah haji Kabupaten Bandung kloter KJT-01 taun 1446 H/2025 Masehi.
Bupati Dadang turut ngadoakeun sakitar 437 calon jemaah haji jeung delapan petugas/pembimbing para calon jemaah haji nu miang di kloter KJT-01, sakabehna dipaparin kasehatan jeung kasalametan, sarta aya dina panangtayungan Allah SWT, aamiin yra.
Dadang Supriatna ngawakilan Pamarentah Kabupaten Bandung nganuhunkeun ka Kepala Kementerian Agama Kabupaten Bandung sarta para pengurus KBIHU (Kelompok Bimbingan Ibadah Haji dan Umrah) nu geus ngayakeun proses jeung nguruskeun sapuratina para calon jemaah haji asal Kabupaten Bandung.
Bupati nyebutkeun yen ti mimiti proses nepi ka ngiangkeun, alhamdulillah Kabupaten Bandung kabiruyungan jadi kloter kahiji tingkat Jawa Barat anu rek diberangkatkeun di Bandara Kertajati. Bupati nambahkeun, ieu teh salasahiji lengkah anu luar biasa, jeung anu munggaran kaberangkatan calon jamaah haji di Bandara Kertajati, lain cara anu biasa di bandara Soekarno-Hatta.
Kang DS — sebutan akrab Dadang Supriatna – nganuhunkeun oge ka para pembimbing di KBIHU. Sebab, ngalaksanakeun ibadah haji tanpa elmu, tangtu moal sampurna.
Inyana oge turut mere sumanget ka para calon jemaah haji dina ngalaksanakeun ibadah hajina. Kang DS ngadoakeun para calon jemaah haji lancar dina nalaksanakeun ibadahna salila aya di perjalanan ka Tanah Suci Makkah jeung Madinah Arab Saudi nepi kia mulang deui ka Kabupaten Bandung.
Kang DS oge miharep ka para pangaping anu dibere tugas ngabimbing ku KBIHU tetep dipaparin kasehatan, enggoning ngawal marengan para calon jemaah haji dina waktu ngalaksanakeun tahapan atawa proses ibadah haji anu dilaksanakeunana. Mimiti tina proses kaberangkatan, terus kumaha cara make pakean ihram, terus miqat di mana, satuluyna, rek ka mana heula, naha ka Madinah atawa ka Mekah heula, atawa ka mana heula, kudu katepikeun, sakabeh runtuyan proses ibadah haji. Kalayan harepan para jamaah nepi ka ngarasa ngarti, ceuk Bupati panjang lebar bari nganuhunkeun ka para ketua KBIHU Kabupaten Bandung.
Kang DS miharep ka para calon jamaah haji bisa ngalaksanakeun ibadah haji salila aya di Makkah Arab Saudi. Kaaasup dina ngalaksanakeun ibadah haji di Madinah Arab Saudi.
“Nu paling utamana deui, para calon jemaah haji tetap sehat. Sehat lahir sareng sehat batin. Aamiin yra,” pokna.
Kang DS ngaku ngarasa syukur yen 2.564 calon jemaah haji asal Kabupaten Bandung, insya Allah taun 2025 ieu bisa ngalaksanakeun ibadah haji ke Baitullah Makkah Arab Saudi.
“Niu penting, sehat jasmani sareng sehat rohani. Sehat jasmani, margi ibadah haji identik sareng ibadah fisik. Ku margi kitu, sim kuring titip, ulah dugi ka hilap ngeusi patuangan,” pokna.
Dadang turut mere informasi ka para calon jemaah haji, pamarentah nepikeun yen ongkos ibadah haji gedena Rp 91 juta saurang. Sawatara, para calon jemaah haji ngaluarkeun biaya anu gedena Rp 58 juta saurangna.
“Hartosna, pamarentah masihan subsidi ka para calon jamaah haji kirang langkung Rp 30 juta saurangna. Ongkos anu saleresna Rp 91 juta saurangna kanggo ngalalsanakeun ibadah haji. Urang sadayana kedah nganuhunkeun ka Pa Presiden,” jelasna.
Leuwih jauhna inyana ngajelaskeun yen para calon jamaah haji geus disiapkeun tuang tilu kali dina sapoe sapeuting. Tempatna tos disiapkeun pamarentah ku Kemanterian Agama RI.
Kang DS miharep ka para calon jamaah haji bisa sampurna dina ngalaksanakeun ibadah hajina, matakna kudu tetep kuat ngajaga fisikna. Supaya fisik kuat, ulah poho kana ngajaga tuang sapopoe, minimal tilu kali sapoe sapeuting, pokna.
Bupati ngingetan ka para calon jamaah haji pikeun merhatikeun inuman. Seug komo dina waktu usum panas poe di Arab Saudi. Minimal sapoe sapeuting opat leter cai nginum anu kudu dikonsumsi.
“Di Makkah sareng Madinah, seueur cai zamzam. Mudah-mudahan tetep sehat lahir sareng batin,” ceuk Bupati.
Utamana dina puncak ibadah haji anu dilaksanakeun, Kang DS miharep, para calon jamaah haji kudu siap jeung sehat kondisi fisik salila tilu poe. Boh dina ngalaksanakeun wukuf di Padang rafah anu dituluykeun kana ngalaksanakeun kagiatan ibadah haji jeung mabit di Muzdalifah, ngalempar jumrah di Mina, tawaf ifadhah, sai, jeung tahalul.
“Mugia, tetep sehat lahir sareng bathun. Bebaskeun sagala pasualan tina jero hate, tong katumpangan ku rasa linyok bohong, supaya henteu ngurangan kana pahala dina ngalaksanakeun ibadah haji,” pokna deui.
Kang DS miharep sabada ngalaksanakeun ibadah di Tanah Suci Makkah kalayan sampurna, inyana oge turut ngadoakeun para jamaah haji bisa mulang deui ka Kabupaten Bandung kalayan diberkahan gelar Haji Mabrur jeung Mabruruoh/ Aamiin. Yra.
Bupati ge meredih doana ka para calon ka para calon jamaah haji dina periode kadua kapamingpinanana di Kabupaten Bandung tetep amanah jeung istiqomah kalayan harepan bisa terus ngaronjatkeun pangwangunan di Kabupaten Bandung.
“Kabupaten Bandung tetep subur makmur, gemah ripah loh jinawi. Doakan sim kuring tetap sehat, sareng sadayana (para calon jemaah haji) tetap sehat. Aamiin yra,” katanya.**
Editor: Dadan Sungkawa