Rabu, 18 Jun 2025
Masieup

Bupati Bandung Launching Program Panaratasan Gerakan “Bandung Bedas Nyaah Ka Indung”

Bupati Bandung Dadang Supriatna lounching program "Bandung Bedas Nyaah Ka Indung" sabada ngalaksanakeun kagiatan Upacara Milangkala Hari jadi ka-384 Kabupaten Bandung binarung Hari Kartini ka-146 Tingkat kabupaten Bandung taun 2025 di Lapangan Upakarti Kompleks Pemkab Bandung, Senen (21/4/2025).***

LBNews.com. KAB. BANDUNG – Ngarojong program Gupernur Jawa Barat Dedi Mulyadi “Jabar Nyaah ka Indung”, Bupati Bandung Dadang Supriatna lounching program “Bandung Bedas Nyaah Ka Indung'”.  Minangka simpay katineung dina ngukuhkeun ieu program, harita keneh Bupati masrahkeun santunan ti wawakil ASN (Aparatur Sipil Negara) ka nu jadi Indung Asuh.

Program panaratasan gerakan nu leubeut ku makna teh dilounching Bupati Bandung Dadang Supriatna sabada ngalaksanakeun kagiatan Upacara Milangkala Hari jadi ka-384 Kabupaten Bandung binarung Hari Kartini ka 146 Tingkat kabupaten Bandung taun 2025 di Lapangan Upakarti Kompleks Pemkab Bandung, Senen (21/4/2025).

Ieu acara Launching program “Bandung Bedas Nyaah Ka Indung'” ini disaksian para ASN (Aparatur Sipil Negara) Pemkab Bandung, sarta jajaran Forkopimda Kabupaten Bandung jeung para undangan katut pamilon upacara sakabehna. Pikeun ngawewegan ieu program panaratasan gerakan “Bandung Bedas Nyaah Ka Indung'” teh Pemkab Bandung ngalibetkeun sakitar 17.000 ASN di lingkungan Pemkab Bandung. Cindekna mah  17.967 urang ASN sakumaha data BKPSDM Kabupaten Bandung, per 21 April 2025.

Bupati Dadang Supriatna netelakeun yen dilaksanakeunana launching program “Bandung Bedas Nyaah Ka Indung” taya lain beunang disebutkeun mangrupa filosofi nu ngaraketkeun kakuatan jeung wewesen pikeun numuwuhkeun rasa pikaheman nu jolna tina ati sanubari pikeun ngadopsi ngajeujeuhkeun salasaurang indung asuh di lingkungan tempat dumukna pikeun narima bantuan jeung ngajaga akses social, kasehatan jeung gizi.

“Ieu gerakan sanes mung sakadar slogan, namung ngarupikeun panggentra ati sanubari kanggo sakumna warga Kabupatena Bandung supados teras lumengkah disarengan ku sumanget ngawangun, kalayan tetep ngajungjung kaluhungan budaya, kaarifan local turta rasa welas asih mikeheman ka nu jadi indung,” pokna.

Tumali jeung ieu program, Bupati Bandung geus ngaluarkeun Surat Edaran (SE) Nomor : 400.10.4.4/1110/Dinsos tentang Penyelenggaraan Program Bandung Bedas Nyaah Ka Indung.

Dina ieu surat edaran teh, Bupati Bandung ngajelaskeun yen ieu program teh ditujulkeun pikeun ngadukung program Jabar Nyaah ka Indung anu gumelarna ti Pamarentah daeah Provinsi Jawa Barat sarta pikeun ningkatkeun empati  jeung rasa mikahaat, hususna ti para ASN Kabupaten Bandung ka para lansia nu teu mampuh, utamana kaom indung.

Nurutkeun Bupati, ieu program teh sakaligus pikeun ngadukung pamarentah daerah Kabupaten Bandung dina ngawujudkeun kasejahteraan lansia salaku panghormatan, panangtayungan jeung jaminan social.

Kang DS – sebutan akrab Dadang Supriatna – netelakeun yen Pamarentah Daerah Kabupaten Bandung ngayakeun Program Bandung Bedas Nyaah ka Indung minangka gerakan moral mikahaat,  babagi kanyaah jeung pro aktif dina upaya ningkatkeun kasejahteraan lansia utamana kaum indung di wilayah Kabupaten Bandung.

Dijelaskeun, ieu Program Bandung Bedas Nyaah Ka Indung diluluguan ASN Kabupaten Bandung jeung bakal dikembangkeun pikeun sakumna stakeholders jeung masyarakat sakumna.

Ieu Bupati Bedas teh nembrakkeun yen para ASN di lingkungan Pamarentah Daerah Kabupaten Bandung  baris ngajeujeuhkeun kaom lansia, copelna saurang nu dijadikeun indung asuh kalayan kriteria teu mampu.

Anu dimaksud lansia di dieu nyaeta warga masarakat Kabupaten Bandung nu umurna antara 55 taun ka luhur, tapi anu diutamakeunan mah ti kalangan kulawarga atawa lingkungan nu deukeut jeung tempat dumuk ASN.

Kang DS nepikeun, copelna dina jero sabulan sakali ASN nganjang ka nu jadi indung asuhna sewang-sewangan bari jeung barangbere santunan mangrupa duit kadeudeuh atawa winangun bantuan sejenna anu dipikabutuh ku indung asuh.

Disebutkeun, Program Bandung Bedas Nyaah Ka Indung dina prak-prakanana dilaksanakeun sacara integrasi make aplikasi Daftar Hadir Elektronik (DHE) Kabupaten Bandung, boh keur catetan data indung asuh ASN, aktivitas nganjang jeung mere santunan, data base lansia turta monitoring jeung evaluasi program, pokna.

Kang DS nyebutkeun Program Bandung Bedas Nyaah Ka Indung dikukuhkeun dina runtuyan kagiatan Upacara Milangkala hari Jadi ke-384 Kabupaten Bandung di lapangan Upakarti Komplek Pemda Kabupaten Bandung.

Sacara simbolis, Program Bandung Bedas Nyaah Ka Indung dikukuhkeun kalayan dimimitian ku nyerahkeun santunan ti wawakila ASN ka nu jadi indung asuh. Ieu acara ngukuhkeun jeung masrahkeun santunan ti wawakil ASN ka nu jadi indung asuh teh dilaksanakeun dina kagiatan sakral runtuyan Upacara Mileling Hari Jadi Kabupaten Bandung di tingkat kecamatan ku Camat, jelasnya.

Inyana nyebutkeun, teknis anu dilaksanakeun dina Program Bandung Bedas Nyaah Ka Indung, dina tahap awal dilaksanakan ku sakabeh ASN pamangku jabatan struktural di lingkungan pamarentah Daerah Kabupaten Bandung jeung engkena mah dilaksanakeun ku sakabeh ASN.

Masing-masing pajabat struktural nginput data indung asuh sakumaha format dina aplikasi DHE, atawa bisa wae milih salasahiji data base lansia anu aya dina aplikasi DHE. Inputan data dilaksanakeun ti tanggal 19-20 April 2021,

Saban ASN nganjang ka nu jadi indung asuh dilaporkeun nurut kana format laporan aplikasi DHE. Teknisna mah bisa ngayakeun koordinasi jeung Dinas Sosial, BKPSDM jeung Diskominfo Kabupaten Bandung, pokna.  

Bupati miharep ka sakumna Kepala Perangkat Daerah jeung Camat sangkan ngalasanakeun kalayan enya-enya tur daria sakumaha surat edaran jeung neruskeun informasi ka sakabeh jajarana di sahadapeunana.**

Editor: Dadan Sungkawa

Tags:Bupati BandungDadang SupriatnaHari Jadi Kab. Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *