Rabu, 18 Jun 2025
Masieup

Dina Aweuhan Sora Takbir, Humaira Zahrotun Noor Patarema Babagi Kabungah jeung Warga Miskin

Anggota DPRD Provinsi Jawa Barat Humaira Zahrotun Noor turun nalingakeun warga miskin dina maleman takbir di sabudeureun wewengkon Solokanjeruk, Kabupaten Bandung, Jawa Barat Minggu peuting (30/3/2025)***

LBNews.com. SOLOKANJERUK, – Panceg Minggu ngagayuh ka burit (30/3/2025), aweuhan sora takbir mawur dina lolongkrang waktu maju ka peuting, mapag poenan Idulfitri 1 Syawal 1446 Hijriyah pareng nincak poe Senin 31 Maret 2025, harita Anggota DPRD Provinsi Jawa Barat Humaira Zahrotun Noor masih keneh kukurusukan norobos gang heureut manggihan sajumlah warga atawa kulawarga miskin di sabudeureun wewengkon Solokanjeruk, Kabupaten bandung, Jawa Barat.

Humaira boga angkeuhan yen henteu sakabeh warga dina prungna sora takbir nu ngagalindeng sumarambah ti saban masjid jeung mushola dina poe Minggu kapeutingnakeun pikeun mapag dilaksanakeunana shalat sunat idul fitri 1 syawal 1446 nu baris lumangsung poe Senenna, bisa ngarasakeun kabungah nu sarua.

Jiwa sosial Humaira anu geus kalatih tur kaipuk tina jeroning pangalaman ancrub ka dunya kamasarakatan, tegesna dunia politik, ngarasa kahudang pikeun nguriling manggihan para warga miskin di sabudeureun Solokanjeruk Kabupaten Bandung. Harita, bari mawa paket sembako jeung babagi rejeki ka warga anu memang enya-enya keur ngabutuhkeun, saeutik gedena bisa nyumponan bubutuh jang malem lebaran nepi ka derna lebaran iedul fitri 1446 H. isukna.

Kahadiran Humaira anu dibarengan ku para relawan enya-enya dibageakeun ku rasa bungah nu kacida. Warga anu tadina nembongkeun pasemon alum, dak-dumadak bangun nu jigrah nalika Legislator ti Fraksi PKB ngadatangan imah warga miskin.  

Salaku wakil rakyat, inyana ngarasa aya nu kurang waktu aweuhan sora takbir mapag lebaran. Sora takbir anu sakuduna mawa kagumbiraan hate, tapi karasana kosong nalika inyana masih keneh manggihan yen ditengah mapag poean anu pinuh ku barokah, masih keneh aya warga miskin di sabudeureunana teu nyampak beas jang isukan lebaran, kitu pangakuan Humaira dina lolongkrang obrolan jeung warga anu ngahaja didatangan, dina waktu maleman takbiran.

Bayangkeun, ceuk Humaira, dina waktu loba masarakat ti kalangan umat muslim medah meduh nyiapkeun sagala kaperluan lebaran, sagala diaya-ayakeun, sagala dipupujuhkeun jeung bisa babagi rejeki babagi kabungah mapag lebaran satutasna ngajalankeun ibadah puasa sabulan campleng, bet aya diantara masarakat di sabudeureun urang anu masih keneh walurat, teu keberik meuli daging, teu kabedag meuli pakean anyar kitu deui ktuangeun ruab raeb lainna jang eusi meja, sasadian biasa aya nu ngadon nyemah. Potret geter-peter kahirupan anu masih aya, nampeu di hareupeun mata.

“Aya keneh di masarakat urang, dina mangsa lebaran ieu, nu miharep beas jang kacupkupan dina poenan lebaran. Ieu hiji kanyataan anu nampeu hareupeun. Tangtosna peryogi kanggo bahan lenyepaneun,” ucap Humaira nyaritakeun hiji kanyataan anu teu bisa disinglar.

Humaira oge ngucapkeu syukur alhamdulillah dina maleman takbiran bisa ngadatangan imah warga jeung ngabagikeun rezeki anu ti Allah SWT dititipkaeun ka dirina.

Humaira oge nyaksian sacara langsung kumaha kondisi di lapangan dina malem takbiran, yen diantara warga miskin anu ditepungan teh, aya anu masih boga uruseun, bari ngurus incu. Aya deuih nu ngandelkeun awak sabeulah, dina harti hirup nyorangan alatan ditinggal ku carogena kalayan hirup dina kaayaan ekonomi anu sarwa malurat tur nimbulkeun kaprihatinan.

“Anjeunna bisa ngarasakeun yen masih keneh aya nu mikahaat ka dirina,” ceuk Humaira deui.

Waktu ngadatangan ngayakeun silaturahmi ka tempat-tempat warga miskin, Humaira ngahaja turut ngado’akeun sangkan ka hareupna aya perobahan ekonomi. Komo deui. warga anu didatangan teh rata-rata mah kaum lansia nu umurna 80 tahun, malah aya nu geus nincak 100 taun.

“Mudah-mudahan aranjeunna dipaparin kasehatan sareng kabagjaan lahir sareng bathin,” pokna pinuh ku harepan mungkas obrolan.***

Dadan Sungkawa/Kos

Tags:DPRD Prov. JabarFraksi PKBHumaira Zahrotun Noor


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *