Rabu, 18 Jun 2025
Masieup

Filosofi Idul Fitri & Halal Bihalal (Bagean 1)

Kolom LUKMAN HAKIM

SALAH saurang budayawan urang nu geus teu bireuk deui, Umar Khayam suargi, kungsi mértelakeun, yén sajatina mah lebaran di nagara urang téh écés mangrupa tradisi, anu enas-enasna mah, salasahiji torobosan tina akulturasi budaya Jawa jeung ajaran Islam. Kaarifan para ulama di Jawa ceuk Umar, mampuh ngaadumaniskeun éta dua unsur, demi karukunan jeung karaharjaan masyarakat. Antukna mah éta tradisi lebaran, tuluy nyebar ka sakuliah wewengkon Indonésia, tur ogé ngalibetkeun masarakat nu non-muslim. Geuning anu kabagéan paling untungna, tina ayana tradisi ieu téh, nyatana mah para kapitalis, industriawan, pemilik pabrik.  Duit ngocor ngagulidag kana rékeningna maranéhna, sabab tina careuyahna bangsa urang. Sabab tina géngsina, piraku teu meuli baju, sapatu, anyar, piraku teu ngupat, ngopor jeung ngagulé, priaku teu ganti motor, lumrah nyéwa mobil sataun sakali mah. Piraku témbok imah teu dilabur.

Kaasup para pedagang bahan kadaharan, mak-mak mek-mek, harga daging sapi, daging hayam, ka bawang-bawang beureum ngadadak naraek. Ka ubar-ubar milu ramé diiklankeun, misalna, ubar deuk puasa bari bari boga kasakit maag, langdong supaya ulah bau baham, nalika saom,  ubar anti mabok keur nu marudik. aya deui sempalan tina tradisi Lebaram téh, nyaéta sub-tradisi  mudik ngagunakeun kendaraan pribadi, boh mobil boh motor. Ari baréto mah marudik téh beus jeung karéta api, anapon kiwari mah réa nu marudik, tarumpak motor, sok sanajan aya éta gé nu tarumpak kénéh beus jeung kareta api, tapi ti taun ka taun, marudik kana motor jumlahna beuki nambahan. Hal ieu tangtu baé matak nguntungkeun industri motor, ka béngkél –béngkél jeung toko onderdilna, milu  ceuyah. Eta sawatara conto tina tradisi lebaran ngalibetkeun sagala rupa penganut agama, tur nu loba untungna mah, nyeta nu non-Muslim téa.

Pikeun neuleuman akulturasi éta dua budaya, urang ngabandungan heula, profil kabiasaan masyarakat Muslim sacara global. Di nagara-nagara Timur Tengah mah, jeung sawatara nagara Asia, iwal Indonésia, teu aya nu ngaranna, saling ngucapkeun ménta dihampura kalawan massal, malah aya nu ceurik ngagukguk, sagala tutas réngsé saralat Ied téh. Mémang aya éta gé nu sasalaman, saperti di Timur Tengah, tapi teu massal siga di urang, ngénta dihampura téh, paling sasalam, éta gé spontan, mun teu dihaja paamprok, minangka némbongkeun kaakraban, bari jeung henteu ngénta dihampura. Sajatina mah, numutkeun tuntunan ajaran Islam, saling hampura téh, teu ditangtukeun waktuna engké dina satutas shalat Ied hungkul, atawa méméh asup bulanna Ramadhan, tapi iraha baé, upama urang ngarasa geus nyieun kasalahan, mangka kudu buru-buru ménta maaf ka nu kungsi ku urang dinyenyerikeun téh. Malah Allah SWT mah langkung ngahargaan ka saha baé nu ngahampura ka sasamana (Alqur’an surat Ali Imran ayat 134).***

Tags:KolomLukman Hakim


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *