LBNews.com. SOREANG, – Pamarentah kabupaten Bandung ngaliwatan Dinas Perpustakaan dan Arsip Dispusip Kabupaten Bandung terus narekabkeun (menggalakan) inovasi Gerakan Wakaf Buku Para ASN jeung Masarakat.
Bupati Bandung HM. Dadang Supriatna sakumaha anu ditepikeun Kepala Dispusip Kabupaten Bandung H. Teguh Purwayadi nyebutkeun, ieu lengkah inovasi minangka tarekah ngawujudkeun masarakat anu cerdas, luhung ku elmunam jembar budayana tur mibanda budaya literasi nu kuat.
“Ieu gerakan teh ngarupikeun wangun partisipasi aktif Aparatur Sipil Negara (ASN) Pamarentah Kabupaten Bandung sareng masarakat enggoning ngarojong ningkatkeun literasi ngalangkungan aksi nyata ku cara ngawakafkeun buku,” ceuk Teguh di Soreang, Jumat (11/4/2025).
Nurutkeun Teguh, ieu Gerakan Wakaf Buku teh henteu ngan saukur ajakan pikeun nyumbang buku, tapi deuih ngarupakeun gerakan moral jeung edukasi pikeun ngipuk niley dina mirosea atikan jeung pangaweruh.
“Buku nu diwakafkan, boh fiksi atanapi nonfiksi, baris disebarkeun deui ka taman bacaan masarakat, sakola sareng komunitas literasi nu aya di lelewek Kabupaten Bandung,” tegesna.
Ngaliwatan ieu gerakan, Teguh miharep bisa nguniangkeun kasadaran kolektif yen literasi kalebet tiasa disebatkeun fondasi utama dina ngawangun sumber daya manusa nu pinunjul dina mapag mangsa Indonesia kaemasan taun 2045.
“Gerakan wakaf buku nu dilaksanakeun para ASN jeung masarakat dipiharep bisa ngawujudkeun masarakat Kabupaten Bandung nu Bedas: maju, terus-tumerus mapag mangsa Indonsia kaemasan 2045,” harepna. (dsk)**