LBNews.com. KAB. BANDUNG – Kader Edukasi Pengendalian Perubahan Iklim dan Konservasi BEDAS tahun 2025 kakara kabentuk. Ieu kader nu dibentuk teh ditujukeun dina raraga ningkatkeun rasa mikahaat jeung ngalaksanakeun hak, kawajiban jeung tanggung jawab para pamangku kapentingan dina nangtayungan jeung ngokolakeun lingkungan alam sarta ngadalikeun parobahan iklim pikeun ningkakeun kualitas lingkungan di Kabupaten Bandung.
Kitu anu ditepikeun Ketua Komisi C DPRD Kabupaten Bandung H. Tarya Witarsa, S.Ag, Salasa (29/4/2025). Inyana hadir dina acara ngabentuk Kader Edukasi Pengendalian Perubahan Iklim dan Konservasi BEDAS nedunan pangulem Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung.
Kegiatan ieu kaderisasi widang lingkungan teh diiluan ku perwakilan ti saban kecamatan sa-Kabupaten Bandung, sa kacamatan diwakilan ku 2 urang.
Dina pamapagna, ieu Ketua Komisi C DPRD Kabupaten Bandung teh nepikeun sangkan masarakat tatan-tatan ngahareupan parobahan iklim anu danget kiwari teu bisa kagambar.
Tarya Witarsa oge nepikeun harepanana mudah-mudahan ku ayana ieu tarekah ngabentuk kader parbahan iklim teh mampuh mere pangaweruh sarta kasiapan masarakat dina nyanghareupan parobahan iklim.
Dina ieu kasempetan, Tarya Witarsa turut nepikeun tumali jeung pentingna ngayakeun edukasi pengendalian perubahan iklim jeung konservasi pikeun ningkatkeun kasadaran jeung kampampuab masarakat dina nyanghareupan probahan iklim.
Disebutkeun, tujuan edukasi, nyaeta: kahiji ningkatkeun kasdaran masarakat ngeunaaan pentingna ngadalikeun parobahan iklim jeung konservasi. Kadua, ningkatkeun paangaweuh masarakat ngeunaan cara-cara ngadalikeun parobahan iklim jeung konservasi. Jeung anu katiluna, ningkatkeun kamampuan dina nyanghareupan parobahan iklim jeung ngayakeun kagiatan implemntasi praktek konservasi.
Tarya Witarsa ngajelaskeun, sasaran edukasi, kahiji masyarakat umum, kaasup barudak, kaom rumaja, jeung dewasa. Kedua, pamarentah daerah jeung nasional pikeun ningkatkeun kasadaran jeung kamampuan dina nyanghareupan parobahan iklim. Jeung katiluna, industry jeung pausahaan pikeun ningkatkeun kasadaran jeung kamampuh dina implementasi praktrek konservasi.
Sedengkeun metode edukasi disebutkeun, kahiji ngaliwatan dunia Pendidikan di sakola jeung universitas. Kedua, pendidikan non-formal ngaliwatan pelatihan, workshop, jeung seminar. Katilu, media massa, termasuk televisi, radio, dan media online.
Bagbagan eusining edukasi, nurutkeun inyana, kahiji perubahan iklim, ngawengku ngajelaskeun hartina, naon nu jadi sabab-musabab jeung dampak anu ditimbulkeunana. Kadua, upaya konservasi, jeung anu katilu praktek lajuning laku dina kahirupan sapopoe, saperti ngagunakeun energi nu panganyarna jeung ngurangan limbah.
Masih keneh ceuk inyana, ku ngalakukeun edukasi ngadalikeun parobahan iklim jeung konservasi, ieu teh bisa ningkatkeun kasadaran jeung kamampuan masarakat dina nyanghareupan parobahan iklim jeung ngayakeun implementasi praktek konservasi, jelasna.***
Editor: Dadan Sungkawa