Rabu, 18 Jun 2025
Masieup

Milangkala Haul Para Panaratas, Al Ma’soem Group Nuluykeun Tradisi Sosial, Babagi Kahadean ka Mayarakat Sabudeureun

Dina raranga mieling Haul ka-24 Almarhum Bapak H. Ma’soem, Haul ka-18 Ibu Hj. Aisyah, sarta Haul ke-11 Bapa H. Nanang Iskandar, Yayasan Al Ma’soem Bandung ngagelar menggelar runtuyan acara babagi kahadean jeung masarakat sabudeurun.

LBNes.com. JATINANGOR – Dina raranga mieling Haul ka-24 Almarhum Bapak H. Ma’soem, Haul ka-18 Ibu Hj. Aisyah, sarta Haul ke-11 Bapa H. Nanang Iskandar, Yayasan Al Ma’soem Bandung ngagelar menggelar runtuyan acara. Lain ngan saukur mikatineung kana jasa para panaratas, tapi oge deuih jadi momen dina jalan nebarkeun kahadean, ku cara babagi kabungah ka masarakat kiurang mampuh.

Ieu kagiatan teh diparengkeun jeung momentum Silaturahmi Idul Fitri 1446 H.

Runtuyan acara dimimitian ku acara doa babarengan jeung tahlil anu diluuhanan keluarga besar H. Ma’soem di Dangdeur, Rancaekek Kabupaten Bandung, dina Kamis, 10 April 2025. Saterusna, dina Saptu, 12 April 2025, dilaksanakan pamariksaan pra-khitan.

Puncak acara lumangsung dina poe Ahad, 13 April 2025, nyaeta: Sehari Bersama Dhuafa (Sadinten sareng Dhuafa), Khitanan Massal, Pamariksaan Kasehatan jeung Pangobatan Gratis, Pamariksaan Mata, sarta Donor Darah. Sakabeh runtuyan acara dilaksanakeun di Dome Al Ma’soem jeung lantai satu SMP Al Ma’soem Jalan Raya Cipacing Desa Cipacing Kecamatan Jatinangor Kabupaten Sumedang Jawa Barat.

Nurutkeun Asep Dedi Suhendri (Humas Yayasan Al Ma’soem Bandung) jeung Yusuf Hamdani (Ketua Pelaksana), Haul ngarupakeun momen penting keur Al Ma’soem Group pikeun nuluykeun tradisi sosial anu diwariskeun para panaratas.

“Al Ma’soem Group—nu ngawengku AMDK, PT Ma’soem, Yayasan Al Ma’soem Bandung, MUB, turta sababaraha unit usaha seperti Oli, Gas, jeung Pom Bensin— ngayakeun kagiatan amal saban taun kalayan mayeng,” ceuk Asep Dedi sarua nadana jeung Yusuf Hamdani waktu mere katerangan ka awak media.

Dina acara “Sehari Bersama Dhuafa”, Yayasan Al Ma’soem masrahkeun 560 paket bantuanmangrupa bingkisan jeung uang kadeudeuh ka 14 panti asuhan, rumah yatim piatu, jeung panti jompo di wilayah Kabupaten Sumedang, Bandung, jeung Kota Bandung.

Asep Dedi nambahkeun yen nu narima mangfaat teh sumebar di sababaraha kacamatan, seperti Cicalengka, Rancaekek (Kabupaten Bandung), Cimanggung, Jatinangor (Kabupaten Sumedang), serta Ujungberung (Kota Bandung).

Sawatara, Yusuf Hamdan nambahkeun, Khitanan Massal diiluan ke 300 urang barudak ti sababaraha daerah, kaasup kota Bandung, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Sumedang.

Ngaliwatan ieu kagiatan, Al Ma’soem Group miharep busa nebarkeun kabungah sakaligus ngajaga sumanget mikahaat jeung mikaheman ka papada sakumaha anu geus diwariskeun para panaratasna.

“Almarhum Bapa H. Ma’soem ngawariskeun prinsip yen sodakoh sareng kajujuran konci kasuksesan. Niley-niley anu kedah dicepeng pageuh tur pengkuh ku kaom generasina saterasna. Panginten tina hal eta pisan, saban Haul dijantenkeun momen kanggo babagi sareng kaum dhuafa ngalangkungan khitanan massal, pengobatan gratis, pemeriksaan mata, sareng rupi-rupi kagioatan social sanesna,” pokna.

Runtuyan Haul Al Ma’soem Group 2025 baris dipungkas poe Senen, 14 April 2025, kalayan acara Silaturahmi Idul Fitri 1446 H jeung Tabligh Akbar di Dome Yayasan Al Ma’soem Bandung. Tausiyah bakal ditepikeun ku Prof. Dr. H. M. Asrorun Niam Soleh, MA.

Daftar Panti Asuhan, Panti Jompo, jeung Rumah Yatim Piatu nu narima bantuan nyaeta, Rumah Solusi Ciburaleng Syamsiatul Qolbun (Kp. Pangsor, Desa Cihanjuang); Aisyiyah (Jl. Raya Rancaekek-Majalaya, Rancabatok); Bina Umat (Jl. Melati Raya No. 11, Rancaekek Kencana); Al Falah (Jl. Talun, Desa Jelegong); Yayasan Al Mujaddid Bina Umat (Bumi Rancaekek Kencana); Yayasan Raihan (Perum Abdi Negara); Riyadul Jannah (Cikeruh, Jatinangor, Sumedang); SLB YPKR A (Jl. Kaca-kaca, Cicalengka Wetan); SLB YPKR B, C, D Aisyiyah (Gg. H.M. Sodikin, Warung Lahang); Yayasan Insan Kamil (Jl. Sukup Lama No. 80, RT 03/RW 01); Yayasan PTI (Kp. Babakan, Majalaya); Aisyiyah (Jl. Ujung Berung, depan SMA Guna Dharma); dan An Nasihin (Desa Cipacing). (dsk)**

Tags:Yayasan Al Ma’soem Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *