LBNews.com. KAB. BANDUNG – Dinas Perpustakaan dan Kearsipan (Dispusip) Kabupaten Bandung tetep nerapkeun komitmenta enggoning ngaronjatkeun literasi masarakat ku cara ngayakeun pangladen Perpustakaan Keliling anu salawasana sayaga jeung siap hadir iraha wae salila dibutuhkeun.
Dina poe Rebo kamari (21/5/2025) layanan perpustakaan keliling dtang dina kagiatan Bakti Sosial jeung halal Bihalal anu diayakeun ku Forum UMKM Nuswantara di Kampung Mekarsari, Kalurahan Wargamekar, Kacamatan Baleendah.
Ieu kagiatan teh mere lolongkrang pikeun manjangkeun tali silaturahmi sakaligus ngawangun rasa mikahaat ka lingkungan sosial sabudeureun kalayan ngalibetkeun elemen masarakat.
Kadatangan perpustakaan keliling teh jadi daya tarik, hususna pikeun barudak jeung generasi nonoman nu kacirina antusias ngamangpaatkeun kasempetan bisa maca karagaman koleksi bahan pustka anu disadiakeun.
Ieu layanan teh, oge jadi wangun nyata tina salasahiji upaya Dispusip Kabupaten Bandung dina ngaraketkeun akses literasi ka masarakat, nepi ka tempat-tempat pasisian.
Turut hadir dina ieu acara teh Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb anu harita nepikeun apresiasina tina hadirna perpustakaan keliling.
“Kahadiran perpustakaan keliling dina danget kiwari kalintang peryogina kanggo ngawangunan budaya baca sareng numuwuhkeun sumanget diajar di kalangan masarakat. Utamina dina mangsa digitalisasi kakiwarian,” ceuk Ali Syakieb.
Kalayan dibarengan sumanget literasi pikeun sakumna, Dispusip Kabupaten Bandung terus satekah polah ngadongkang masarakatsakabehna ngaliwatan rupa-rupa program. Kaasup program layanan perpustakaan keliling anu fleksibel jeung responsif kana kabutuh literasi masarakat.**
Editor: Dadan Sungkawa