LBNews.com. SOREANG. – Seleksi Duta Baca Remaja Kabupaten Bandung taun 2025 geus asup kana tahapan penting, nyaeta ngalaksanakeun tes wawancara jeung uji wawasan pikeun 40 besar pamilon nu lolos administrasi.
Para pamilon ngarupakeun wawakil ti tiap kacamatan di sakuliah Kabupaten bandung. Kagiatan dilaksanakeun ku Dinas Perpustakaan dan Arsip (Dispusip) Kabupaten Bandung rampak gawe jeung Paguyuban Duta Baca Kabupaten Bandung di Perpustakaan Kabupaten Bandung, Soreang, Rebu (16/4/2025).
Dispusip nyebutkeun yen pamilihan duta baca danget ayeuna ngasongkeun tema “Gen Z Menyongsong Indonesia Emas 2045″. Demi seleksi ngabogaan tujuan pikeun ngayak generasi entragan ngora nu ngan lain wae cerdas jeung boga wawasan nu lega, tapi deuih ngabogaan sumanget literasi tur mibanda sikep mikahaat sosial nu luhung ajenna.
Acara dibuka kalayan resmi ku Kepala Dinas Perpustakaan dan Arsip Kabupaten Bandung, H. Teguh Purwayadi, S.STP., M.Si.
Dina pidato pamapagna, Teguh nandeskeun pentingna peran generasi entragan ngora dina ngamajukan literasi minangka fondasi mapag visi Kabupaten Bandung nu leuwih BEDAS (Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis dan Sejahtera) dina nyanghareupan mangsa Indonesia kaemasan taun 2045.
“Duta baca remaja kedah mampuh janten agen parobahan di tengah masarakat sareng ngajantenkeun literasi salaku gaya hidup,” ceuk Teguh.
Seleksi poe Rabu ieu nangtukeun 12 besar (6 pasang) pamilon pinunjul maju ka grand final. Tim anu nganiley ngawengku unsur pegiat literasi, perwakilan Tim Penggerak PKK Kabupaten Bandung, turta Dinas Perpustakaan dan Arsip Daerah (Dispusipda) Provinsi Jawa Barat.
“Ngalangkungan ieu seleksi, dipiharep tiasa lahir generasi duta baca anu inspiratif, inovatif, sareng siap nyandak sumanget literasi,” ceuk Teguh neundeun harepan. (dsk)***
Editor: Dadan Sungkawa