Selasa, 17 Jun 2025
Ganda Mekar

Miéling Hari Jadi ka-384 Taun Kabupatén Bandung Nandeskeun deui Ngarumat Kaarifan Lokal

Kolom: DADAN SUNGKAWA

Sasih April, kanggo sakumna masarakat Kabupatén Bandung mah kaétang sasih anu leubeut ku makna. Sasih anu tiasa ngahudang deui kana kajadian-kajadian penting sabagéan babak kahirupan dina sistem pamaréntahan daerah. Peristiwa 20 April 1641, munculna sistem pamarétahan di wilayah Kabupatén Bandung wanda anyar, tina sistem pamaréntah karajaan absolut kana sistem pamaréntahan koloni féodal kaadipatian gaya mataraman ku diangkatna Ngabéhi Astamanggala janten Bupati Bandung munggaran kalayan gelar Tumenggung Wiraangun-angun, anu diteraskeun nindak kana sistem pamaréntahan kolonial ku tumorojogna bangsa kulit bulé jaman penjajahan kalayan kiwari dipungkas ku sistem pamaréntahan otonomi daérah dina wangunan Nagara Kesatuan Républik Indonésia. Lalakon panjang sistem pamarénahan daérah Kabupatén Bandung, tangtosna ngagaduhan niléy-niléy sajarah anu leubeut ku ajén-inajén ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, bangsa katut rahayatna.

Miéling kajadian tina mangsa-mangsa nu tos kalangkung, boh anu tumiba ka diri, bangsa katut, sabudeureun nagara, bawiraos sanés mung saukur ngutak-ngatik geter-peterna kahirupan mangsa nu tos kalarung, atanapi manjangkeun panineungan. Nanging saleresna mah tiasa ogé dianggo kanggo sarana ngaéksprésikeun deui niléy-niléy kasadaran kana karakter bangsa, malar tiasa ngahontal bangsa anu ngagaduhan jati diri.

Jati diri kalintang pisan peryogi dipertahankeun. Lintang ti kanggo mageuhan idéntitas, ogé minangka spirit enggoning ngajaga harkat katut martabat salaku warga bangsa atanapi warga nagara. Danget kiwari, jati diri bangsa Indonésia tos ngawitan kaancam ku haeubna pangaruh téknologi informasi. Masarakat terus-terusan diwowoy ku produk-produk budaya deungeun dugi ka kamalinaan réa nguculkeun budaya bangsana sorangan.

Kamajuan téknologi sorangan, saleresna mah henteu matak janten naon-naon. Malah sakedahna mah diaprésiasi ku kajembaran manah. Margi, éta mah prosés tina kalumangsungan ti jaman ka jaman. Mung panginten, langkung wijaksana deui saupama kamajuan téknologi téh disarengan ogé ku apingan budaya anu tos nyampak ti babaheulana. Margi, henteu sadaya produk kamajuan jaman janten matak saé, da geuning seueur anu matak janten ruksak. Atuh sabalikna, henteu sadaya produk budaya buhun disebat kuno, dina hartos teu tiasa dianggo dina pakumbuhan kiwari. Malah, saleresna mah, seueur pisan produk-produk budaya bihari tiasa dianggo kanggo tatapakan mangsa kiwari.

Contona waé, istilah Bandung Bedas minangka salasahiji warna kecap kantétan dina kakayaan leksikografi basa Sunda hasil produk budaya winangun basa anu kiwari dijantenkeun tagline pangwangunan Kabupaten Bandung dina kapamingpin Bupati Bandung HM Dadang Supriatna, upami leres-leres digali niléyna langkung jero, tétéla tiasa ngahasilkeun karakter anu kiat, janten spirit sakumna masarakat enggoning nanjeurkeun pangwangunan. Pangwangunan pola Bandung Bedas anu dilarapkeun di wilayah Kabupatén Bandung, tangtosna ogé wujud tina kasadaran masarakat Kabupatén Bandung kana produk budaya heubeul anu teras-terasan dirévitalisasi kalayan rancagé (kréatif) dugi ka ngabungkeuleuk janten niléy anyar minangka hiji idea-park anu tiasa dianggo spirit atanapi énergi marengan alam pajamanan kacanggihan téknologi kaayeunakeun. Bedas hartina gedé tanaga, anu ka dituna tiasa ngahudang atanapi ngadatangkeun karakteristik gedé haté, gedé wawanén tur gedé wewesén, nyaéta pasipatan-pasiapatan anu sakirana bakal mampuh ngungkulan rupa-rupi pasualan anu kedah disanghareupan.

Lebah dieu peryogina ngawanohkeun deui widang sajarah lokal anu dilebetna euyeub ku warna-warni budaya lokal, anu engkéna tiasa dimekarkeun kanggo kajembaran niléy-niléy hirup kumbuh. Sejarah sareng budaya lokal mémang henteu tiasa dipisahkeun. Istiméwana deui, boh sajarah atanapi budaya lokal téh, horéng ngagaduhan ésénsi nu sami, nyaéta ngabangun karakter tina kaarifan local.

Demi sajarah lokal, henteu mung hirup di nagara-nagara berkembang. Dalah di nagara-nagara maju samodél Amérika waé, seueur kénéh masarakatna anu ngajantenkeun sakur sajarah lokal anu dipibandana dianggo bahan ulikan. Padamikaresep sareng pada ngamumulé. Kapanan di di nagara-nagara maju mah dugi ka aya kolompok masarakat khusus anu teras-terasan nguniangkeun sareng ngahurungkeun éksisténsi sajarah local anu kapinbandana, dijantenkeun kareueus bangsana. Janten, asa piraku, upami urang kedah miceunan sajarah nyalira, tur ngagugulukeun sajarah deungeun-deungeun. Urang Sunda, urang Kabupatén Bandung, nya masing kalah kumaha waé ogé kedah ngarumat sajarah katut budayana.***

 

Tags:Dadan SungkawaKolom


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *