Di Jepang mah geus ti jaman réngsé perang dunya ka-2, pamaréntah diwakilan Departemen Pendidikan ngayakeun gerakan ngawanohkeun bacaan ka barudak, ti mangsa umurna masih ngora kénéh pisan (usia dini). Gerakan ngawanohkeun kana buku ti usia dini téh, katelah “20 Minutes, Reading Mother And Child.” (20 menit, indung jeung anak maraca bareng). Luyu jeung judul, 20 menit indung jeung anak, maraca buku. Éta gerakan téh, nyaéta nu jadi indung kudu nginjeum buku ka perpustakaan, tuluy buku téh dibacakeun hareupeun budakna, nu lilana 20 menit, méméh budakna saré.
Tuh, geuning béda jeung indung urang baheula, urang mah didongéngan téh, lain tina buku, tapi ku cara lisan. Di Jepang mah sabalikna, maca dongéng téh tina buku hareupeun si budak. Lintang ti éta, Taun 1955 di Jepang diwangun Parent Teacher Association (PTA) jeung Mother Library (Perpustakaan Indung). Éta dua beungkeutan mulasara minat baca téh, lintang ti ngabibita barudak kana minat maca, ogé ngadistribusikeun buku-buku ka perpustakaan-perpustakaan nu pernahna jarolok pisan, nu teu kadongkang ku mobil perpustakaan. Hasilna kumaha? Masarakat Jepang dinobatkeun sabagé bangsa paling resep maca. Pantes mun nagarana jadi maju dina sagala widang gé.
Masarakat Jepang resep maca téh, lintang ti rupa-rupa buku, majalah jeung surat kabar, ogé rarasep maca komik. Tapi lain komik, dongéng dongéngék, ieu mah komik nu témana sain fiksi, atawa téknologi masa depan. Teu paduli maranéhanna narangtung gé, pédah teu kabagéan korsi, éh angger wé urang Jepang mah parogot maraca buku, majalah, surat kabar atawa komik pangaweruh. Malah teu saeutik nu leumpang bari maca. Enya selang-selang ningali ka hareup bisa tidagor kana tihang listrik. Bandingkeun jeung masarakat urang, entong-entong maca bari leumpang, dalah apan di terminal, di stasiuon, bandara, tamba kesel ngadagoan kendaraan umum datang téh, leuwih milih mencetan hp batan maca. Geura aya anekdot nu unina kieu, ”Mun sadérék kabeneran aya di mancanegara, heug keur di terminal, dina beus, dina karéta, iseng geura rarat-rérét, mana cik bangsa urang? Apan saru, aya urang Malaysia, Singapur, Filipina. Nu warna kulitna sarua sawo mateng. Gampang teu kudu bingung, kajeun sarua kulitna soklat, hayang nebak bangsa urang mah, gampang, saha nu teu keur maca buku, eta pasti urang Indonésia !
Tina karesepna bangsa Jepang kana macaan buku, nepi ka para penerbit di ditu mah, nu boga ideu kréatip, nyarieun mangga atawa komik nu eusina, pangaweruh, kalawan nyamuni ngadadarkeun bagéan tina kurikulum murid ti mimit SD, SMP nepi ka SMU, ku cara leunjeuran carita bergambar ala komik. Pon pilalagi, pelajaran sajarah, biologi, bahasa nasional, bahasa deungeun, dijieun mangrupa mangga. Ku naon méré palajaran maké gaya komik? Cenah mah ngarah materi palajaran teu monoton teuing, teu ngabosenkeun. Ku ilustrasi gambar mangrupa komik mah, bari jeung karandeul, sacara teu sadar, ngahudangkeun kapanasaran nu maracana, da disamaraan ku rupa-rupa adegan kawas dina film baé, aya plot nu matak tegang, jeung unsur drama lianna. Padahal éta téh palajaran sakola. Kitu nurutkeun ahli pangatik di Jepang nu geus suksés gawé bareng jeung para pelukis komik. Naha di urang gé, bisa nyonto ka urang Jepang? Nyobaan atuh, ngarancang komik, nu eusina ngeunaan palajaran sakola?
Aya deui faktor lianna, naha bangsa Jepang sakitu majuna dina widang ipték? Jawabanna saderhana, ayana gerakan narjamahkeun buku ipték asal bangsa Éropa nu digalakkeun sacara gedé-gedéan. Kamentrian pendidikan di Jepang ti mangsa rétorasi Méiji mula, atawa mimiti beuntana bangsa Jepang ningali kamajuan ipték Amérika, nya ku cara gerakan narjamahkeun sacara gedé-gedéan. Para ahli bahasa bung-beng, dikirimkeun ka nagara-nagara Éropa, geusan dialajar narjamahkeun. Hasilna, dina sawatara taun buku-buku ipték, kaasup sastra nu maké bahasa Inggris, Jérman, Perancis, gancang ditalerjemahkeun. Malah cenah gerakan narjamahkeun buku basa deungeun di Jepang kaasup nu pangcepetna sadunya. Tah, teu héran tina réa maca, bangsa Jepang kaasup bangsa nu palinter. Teu nyipta barang anyar gé, da geus dimimitian ku Barat, urang Jepang mah pinter dina ngamodifikasi. Saperti misalna sapéda motor, mobil nu ukuranna leuwih leutik, turta irit bahan bakar. Cara kitu téh, kalah tibalik, urang Eropa jeung Amérika, nurutan nyieun mobil nu ukuranna leuwih irit. Atuh dina widang éléktronik, Jepang kacida motékarna, pon kitu deui dina widang olah raga. Éta kabéh resep suksesna, tina loba maraca buku tarjamahan. Gerakan narjamahkeun buku-buku basa deungeun kana bahasa Jepang nu geus dimimitian ti taun 1684 mula, kaasup andil gedé kana naékna minat baca bangsa Jepang, sabab buku naon baé nu keur popilér di Barat, bisa ogé dibaraca ku masarakat Jepang, kalawan teu kudu hésé béléké maca dina bahasa aslina. Béda jeung sabagéan kaum intelék di urang nu asa leuwih légég mun mampu maca dina bahasa aslina.
Hanjakal di urang mah buku-buku tarjamahan téh, kaasup buku nu mahal, lain beulieun masarakat cacah kuricakan. Duka kumaha buku di urang mani marahal kitu? Misalna buku tarjamahan, naha pengetahuan populér, boh sains boh kaséhatan, keur bangsa urang nu resep maca, bandrol buku nu 80 rébu rupiah, kudu mikir dua kali, maning meuli buku karesep atawa kaperluan lain?
Duka iraha buku di urang jadi marurah, Hiji pataleéan ti masarakat nu teu ngarti kana masalah ékonomi, kana masalah industri kertas di urang, atawa meureun nagara urang mah mémang miskin ku tutuwuhan nu bisa dijieun kertas? Duka dina halangan beulah mana, nepi ka harga buku di urang mah marahal. Hayang meuli buku best seller dunya nu geus ditarjamahkeun, teu kabeuli. Tapi da asana mah nagri urang téh subur ku tatangkalan geusan dijadikeun kertas. Duka tah? lain jawaban méméh mumuluk. Enya ari buku tilas mah murah meriah, loba di émpér-émpér gé, tapi apan buku urut mah teu up do date, alias katinggaleun jaman. Aya nu nyieun analisa, kieu. Sabab masarakat urang, utamana para rumaja teu raresep maca? Diantarana, lantaran rendahna produksi buku di nagara urang. Anapon kurangna buku, kaasup di perpustakaan – maksudna buku-buku anu eusina mibanda ajén luhur atawa nu keur payu di pasaran – ku sabab, handapna daya beuli masarakat. Ari daya beuli masarakat dipangaruhan ku harga buku. Kitu wé muter. Cenah, Salasahiji carana supaya harga buku jadi murah, teu murah gé hargana sedeng atuh, nyaéta pamaréntah kudu méré inténsif, karinganan mayar pajeg kertas. Enya kitu ngan ukur éta hungkul? Naha mun harga-harga buku geus marurah, otomatis minat baca masarakat Indonésia langsung undak? Jigana perlu ditalungtik deui. Sabab tacan karuhan kitu. Da lamun téa mah daya beuli masarakat masih kénéh handap, geuning dina kanyataanana mah teu saeutik ti mimiti barudak pantar SD nepi ka mahasiswa, baroga HP jeung kuotana ogé kabareuli deuih. Masalah hengkerna minat baca kana bahan-bahan pustaka buku, koran atawa majalah bisa jadi aya pasualan lain anu perelu diuji deui.***
Kolom: Dadan Sungkawa