Rabu, 18 Jun 2025
Ganda Mekar

Ngeunteung ka Nagri Saudi

Photo Illustrasi, sumber Net.***

Kolom: Dadan Sungkawa

CEUK béja, Indonésia nagara beurat beunghar. Ceuk Koes Plus, Nusantara téh nagari sawarga. Tanahna subur. Catang jeung tunggul waé bisa renung jaradi. Jadi bibit beuti. Situ, dano, kulah jeung balongna badis kolam susu. Laut jeung gunung kabéh neundeun pakaya nu lubak-libuk. Emas, inten, berlian, aya di dinya kabéh. Ngaleuya. Sakitu poharana. Matak, bet asa piraku mun rahayat Indonésia kudu katalangsara. Kudu ngalaman lara balangsak, jadi rahayat nu masakat. Kadungsang-dungsang. Loba kénéh kapanan jalma nu ngalaman nasib samodél kitu téh, lin?

Jaba ti hasil alam, keur ngayakeun pangwangunan nagara ogé mungut rupa-rupa pajeg, rétribusi jeung rupa-rupa urusan nu maké duit. Katingali apan hasil pangwangunan fisik jlug-jleg dimana-mana. Jalan aralus, laleucir-laluis. Pakantoran tohaga agréng jujul langit. Pajabat jeung abdi nagara pating suliwer maké kandaraan méwah. Dimata dunia, kabeungharan Indonésia, mémang enya henteu ngérakeun.

Pangwangunan fisik anu diugung-ugung, nu dijadikeun alat ukur hasil gawé para aparat pamaréntah, sabenerna mah tacan pati enya-enya ngahontal tujuan anu saéstuna. Éta mah karék kulitna. Karék semet di cangkang. Tacan manjing kana tujuan anu sabenerna, nyaéta ngaraharjakeun rahayat sakabéhna. Copélna, nyinglarkeun naon nu jadi kasusah rahayat. Diantarana, murah sandang, murah pangan jeung papan. Barudak bisa sarakola nepi ka jucungna. Sagala urusan gampil, henteu loba dialung-boyongkeun.

Conto dina urusan nyakolakeun budak nepi ka jucungna. Di nagara anu cenah subur makmur gemah-gemuh tur beurat beunghar téh, tétéla geuning, jucungna téh karék semet di tengah jalan. Da alusna mah, kawajiban sakola téh lain ngan saukur semet SMP atawa SMA, tapi tepi ka cacapna ka paguron luhur. Tah, palebah ka paguron luhur mah, apan réréana mandeg. Teu loba anu bisa neruskeun, da waragad ka paguron luhur mah lain bantrak-bantrakeun jalma leutik. Suksésna dunia pendidikan, lamun sakabéh barudak sakola bisa lulus nepi ka paguron luhur. Éta kakara disebut tamat sakolana. Hartina, ngadidik generasi ngora téh geus tepi kaasak. Henteu sumogol lamun dina katuangan mah. Boa-boa hasil dunia pendidikan ayeuna téh, ukur semet ka ngalahirkeun ‘generasi sumogol’, da wajibna gé karék semet di tingkat SMP atawa SMA saderajat. Can diwajibkeun nepi ka paguron luhur mah. Keur jalma leutik, nyakolakeun ka SMP atawa SMA gé, apan sakitu seuseut-seuatna.

 Palebah dieu, hadé pisan mun ngaca ka Arab Saudi. Ieu nagara gurun pasir téh, mémang geus mampuh nerapkeun nagara makmur anu saéstuna. Da jeung enyana atuh, kumaha makmurna di éta nagara padang pasir téh, nepi ka nu sarakola baé, ti TK tepi ka Paguron Luhur diharatiskeun, alias teu kudu mayar sapésér-pésér acan. Jaba nu geus karuliah di univérsitas mah, lintang ti haratis téh, ogé digajih deuih, atawa istilahna mah uang jajan. Cik, bandingkeun jeung nagara urang anu cenah nagara subur makmur beurat beunghar atawa tanah sawarga téa? Apan di urang mah, biaya pendidikan téh masih kénéh kawilang mahal. Ised saeutik jeung waktu dijajah ku Walanda. Tong boro waragad neruskeun studi ka paguron luhur, loba kénéh kapanan barudak lulusan SD waé, geuning nepi henteu bisa neruskeun studina, da neumbag kana waragad téa.

Atuh dina danget kiwari, pamaréntah Arab Saudi, saking gemah-gemuhna, mibanda kas nagara anu kaitung leuwih, nepi ka nawarkeun jeung ngawurkeun béasiswa pikeun para siswa-siswa ti mancanegara atawa internasional nu keyeng ngincer gelar sarjana. Enya, bising hayang gelar sarjana, tapi ninggang disué teu boga waragad, cobaan daptar geura ka univérsitas di Arab Saudi. Tamba karawanan, mungkin teu loba nu nyaho, da nu geus kapeting téh paguro-paguron luhur di Éropa jeung Amérika Serikat, ari sihoréng Arab Saudi téh mibanda lembaga-lembaga pendidikan nu mibanda ajén luhur tur mibanda fasilitas téknologi tinggi. Jaba deuih, dosén-dosén di univérsitas di Arab Saudi téh, réa ngadatangkeun ti nagara-nagara Barat. Da ku kitu téa mah angger, urang Arab ogé sarua boga anggapan anu teu béda jeung urang yén puseur élmu bari tanaga pengajarna anu hadé mah, jebulna ti nagara-nagara Barat.***



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *