Kolom: Dadan Sungkawa
PAMARÉNTAH Kabupatén Bandung kungsi ngayakeun kawijakan anyar tumali jeung kurikulum muatan lokal anu sipatna suplemén di sakola-sakola di wilayah Kabupatén Bandung.
Éta kawijakan téh ngahaja diterapkeun enggoning mageuhan niléy-niléy kapribadian jeung kaarifan lokal pikeun para siswa tumali jeung sakur poténsi karya-karya budaya lokal di sabudeureun wilayah Kabupatén Banndung.
Tapi, lain hartina nyapirakeun karya-karya budaya sélér séjénna di tingkat nasional, da sakur poténsi budaya lokal ogé perelu diwanohkeun, anu engkéna bisa sililengkepan, jeung mémang sarua pentingna.
Kabudayaan lokal anu di jerona nyamuni pirang-pirang widang kahirupan, ti mimiti sajarah lokal, téknologi, seni, ekonomi anu sipatnya tradisional penting pisan diajarkeun di sakola-sakola. Pangna kitu téh, alatan salila ieu mah, mémang kapopohokeun. Malah bisa jadi kamomorékeun.
Padahal dina éra otonomi daerah, hasil pangwangunan di daérah saeutik-gedéna dipangaruhan ku ayana sumanget kadaérahan masarakatna pikeun salawasna ngayakeun parobahan. Dina harti, lamun masarakat di daérah mibanda rasa kareueus kana sakur wanda kabeungharan hasil karya rancagé masarakat daérahna, tinangtu masarakat gé baris aya timbal balikna dina mere kontribusi pikeun kamajuan di daérahna.
Sumangat kadaérahan kudu enya-enya dirumat jeung diipuk sangkan jadi mangpaat keur kamajuan pangwangunan di daérah.
Danget kiwari, tingkat apresiasi sejarah lokal, mémang tacan enya nyugemakeun, ngan karék sawates inventarisasi jeung dokumentasi. Padahal, tujuan pembelajaran sejarah lokal, salian ti keur ngembangkeun idéntis kalokalan, ogé minangka salasahiji upaya atawa tarékah ngembangkeun kumaha hubungan kadalitan hasil karya-karya budaya lokal jeung hasil kabudayaan nasional, kitu deui budaya global.
Atuh sacara husus, tujuan diajar warna lokal, diantarana sangkan para siswa jeung warga sakola paham jeung bisa ngahargaan jeung ngaragangan niléy sejarah sosial, budaya, politik, ékonomi minangka warisan ti generasi saméméhna.
Hanjakal eta kawijakan teh henteu bisa lana. Niley-niley kasajarahan local, jeung sakur niley-niley budaya kalokalan bangun dianggap geus henteu penting deui. Atuh dina pentingna oge, malah bangun diwatesan.
Hiji tarekah dina pamarentahan Presiden Prabowo, mawa harepan angin seger pikeun nguniangkeun sakur budaya kalokalan sangkan bisa kagali deui selebar-lebarna. Munculna Kementerian Kabudayaan, sakuduna direspon sacara kreatif pikeun jadi kokocoran atawa Kran kabudayaan daerah, jadi momentum nu hade yen niley-niley kabudayan nu heubeul jeung nu anyar bisa sumanding pikeun nyalametkeun saniskara karuksakan anu keur tumiba di ieu nagari.
Gupernur Jawa Barat, Dedi Mulyadi jigana bisa jadi salasahiji jawaban keur kasalametan kabudayaan kalokalan nu kungsi ngalaman kajayaan anu disebut jaman Sunda kaemasan.
Sajalan jeung Dedi Mulyadi katut Presiden Prabowo, Bupati Bandung Dadang Supriatna geus nyieun ancang-ancang, ngaluarkeun kawijakan anyar nisahkeun dinas pariwisata jeung dinas kabudayaan ngabogaan otonomi nu sewang-sewangan. Jeung memang sakuduna.***