NAGARA keur meujeuhna harénghéng. Masarakat loba nu ngarasa haringhang. Rupa-rupa musibah lir taya reureuhna ménta dilalakonkeun. Ménta diguar. Urug. Caah. Gempa, geus lain barang anéh deui. Méh saban usum nampeu hareupeun panon. Ngajeblag dina koran-koran. Ngagelar dina layar-layar kotak kaca. Katingali saban usik. Béhna mah ukur tinggar kalongeun. Kawas anu teu daya upaya. Naha henteu bisa nyegah? Naha bet henteu bisa nyinglar? Naha bet kateterusan? Alam terus-terusan ngamuk, méh-méhan henteu bisa katadah. Apan cenah urang téh geus loba anu palinter. Ngabugbrug lulusan paguron luhurna. Ngabegbreg para intelektualna. Loba ahli anu aya hubunganana jeung alam. Teu kurang élmuwan urusan lingkungan, urusan géologi, urusan hidrologi, urusan planologi, urusan météorologi kitu deui ahli téknologi katut élmu anu tungtungna maké “gi-gi” séjénna nu apal ngeunaan fénoména-fénoména alam. Apan ceuk laporan mah, aya anu geus bisa nyieun itu. Loba anu geus nyieun ieu, alat-alat super canggih. Tapi, geuning… naha? Euweuh nu metu ngalawan mamala alam mah.
Hartina meureun, alam mémang lain bantrak-bantrakeun manusa. Lain lawaneun urang. Urang mah ngan saukur resep ngagunasika. Ukur resep ngamangpaatkeun jeung ngaéksploitasi pédah di jero alam loba pisan sumber pakayana. Kaina dikerid-dirampid, jero taneuhna dirampog. Pasirna digiridig. Leuweungna ditigas. Gunungna ditugar tuluy dibarubuh. Mangkaning geus mangabad-abad lilana. Dalihna mah keur karaharjaan rahayat sakumna. Tapi, da henteu loba anu sejahterana mah. Éta kénéh-éta kénéh, antara panguasa, pangusaha jeung nu ngadon milu arusaha. Tapi, henteu jelas ari saha-sahana mah. jeung nyao ti mana deuih. Da jiga siluman. Disebut aya, da puguh teu nembrak. Disebut euweuh, da aya bungkeuleukna
Harénghéng jeung haringhangna nagara, lain ngan saukur ku musibah alam. Aya deuih musibah-musibah séjén anu aya patalina jeung kahirupan sosial. Démo masarakat sipil siga nu taya reureuhna. Terus maceuh. Bring di ditu. Bring di dieu. Nungtut ieu. Nungtut itu. Masarakat teu weléh manggih kateupuasan. Aya deuih musibah anu aya urusanana jeung moral. Loba para inohong anu satadina kaasup tokoh tuladaneun, dipikasérab jeung dipihormat didama-dama, bet kalah kabaud ku urusan-urusan nu matak ngérakeun, ngagubragkeun ajén kahormatan jeung martabat dirina. Ieu ogé, sarua musibah, lin? Sarua katingali saban usik, nampeu hareupeun panon. Ngajeblag dina koran-koran. Ngagelar dina layar-layar kotak kaca. Sarua deuih, béhna mah ukur tinggar kalongeun. Kawas anu teu daya upaya. Naha henteu bisa nyegah? Naha bet henteu bisa nyinglar? Naha bet kateterusan? Naha bet henteu ngeunteung ka nu enggeus-enggeus?
Padahal kolot baheula dimana manggih musibah anu tumiba téh sok langsung diparancahan, ‘geus tong sakali-kali deui. Cukup saayeunaeun, ulah deuk kaalaman deui’. Tapi, geuning ari musibah anu kaalaman ku bangsa urang mah, boh musibah alam, musibah sosial, jeung musibah moral, henteu kitu. Malah berulang-ulang, jiga anu deudeuieun. Teu bisa diparancahan. Atawa mémang euweuh nu mampuh marancahanana?
Tah, lebah dieu kudu rada mindeng neuleuman deui kana sajarah téh. Da dihenteu-henteu gé, sajarah téh bisa dijadikeun hiji parancah sangkan hiji kajadian atawa pangalaman anu kungsi karandapan tur karasana pikagetireun ulah nepi ka kaalaman deui.***
Dadan Sungkawa