Selasa, 18 Mar 2025
Ganda Mekar

PC NU Kab. Bandung Barat Gelar “Rihlah Ramadhan – Pesantren Literasi 2025”, Ngawujudkeun Santri Literatif, Pesantren Berdaya

Format sajian “dakwah musikalitas sastrawi”, geus mimiti narekab di Bandung Barat. Salian dihadirkeun di Pondok Pesantren Riyadhul Huda Ngamprah Kab. Bandung Barat dina Jumat, 14 Maret 2025, oge tampil deuih di Pondok Pesantren Terpadu Al-Bidayah Cangkorah dina Minggu 16 Maret 2025.***

LBNews.com. KAB. BANDUNG BARAT, – Ieu memang bisa jadi hookeun. Gebragan anyar pikeun hiji tradisi nu bakal terus ngembang tur mekar. Enya, dina Ramadhan 1446 H/2005, Pangurus Cabang Nahdhatul Ulama Kabupaten Bandung Barat (PCNUKBB), mintonkeun formula anyar caraning ngeusi bulan pinuh Rahmat ku ngagelar kagiatan, dingaran Rihlah Ramadhan – Pesantren Literasi 2025.

Ieu kagiatan teh mangrupa sajian pintonan Nada dan Dakwah ti K.H. Ma’mur Saadie bareng jeung grup musikalisasi puisi anu jadi binaanana. Ieu format gelaran teh samemehna geus midang di sababaraha acara Maulid Nabi Muhammad S.A.W, turta di acara Festival Literasi jeung Bursa Buku Murah nu digelar di Balepare Kotabaru Parahyangan, Kabupaten Bandung Barat, tengah Maret 2025 nak.

Format dakwah nu sejuk, kalawan pirigan musik akustik jeung lagu-lagu mangrupa musikalisasi tina puisi-puisi KH. Ma’mur Saadie ini, kana tangtu jadi daya pangirut sakur nu hadir, jeung diniley jadi format dakwah sastrawi anu ngahudang imajinasi hadir nyaliara di sakumna hadirin, sakaligus jadi panuyun adab nu meditatif, ceuk Ketua PC NU KBB, KH Yusuf Abdul Qodir mitutur  pinuh ku rasa reueus.

Ieu Format sajian “dakwah musikalitas sastrawi”, teh geus mimiti narekab di Bandung Barat. Salian dihadirkeun di Pondok Pesantren Riyadhul Huda Ngamprah Kab. Bandung Barat dina Jumat, 14 Maret 2025, oge tampil deuih di Pondok Pesantren Terpadu Al-Bidayah Cangkorah dina Minggu 16 Maret 2025.

Komo ieu acara teh geus bisa ngahadirkeun sababaraha urang penyair, diantarna aya Gusjur Mahesa anu macakeun sajak-sajakna sacara atraktif, kalayan tema korupsi nu dibuntel suasana Ramadhan jeung lebaran/hari raya idul fitri.

Salian ti kitu teh, oge deuih disandingkeun jeung caramah prosa khususnya cerpen lebaran, tina buku Kumpulan Cerpen Lebaran: Surat Cinta Langit terbitan Magma Insan Prima, nu dibawkeun ku sastrawan Moh. Syarif Hidayat. Hadirna cerpen tema lebaran ieu, oge dipiharep jadi tradisi pikeun pangayaan bengkel kerja penulisan fiksi jeung lomba cerpen kalayan nyoko kana tema ramadhan/lebaran di kalangan para santri.

Kagiatan nu digelar di Pondok Pesantren Darul Falah, Cihampelas, Kab. Bandung Barat dina Sabtu,15 Maret 2025, oge ngahadirkeun seni pintonan (performaing art) nu tajukna Buku, Adab, dan Etika Santri anu dibwakeun ku perupa Rudi St. Darma.

Ieu ramuan pintonan anu kawilang gembleng teh geus ngajadikeun titik pamiangan dina ngagerakkeun literasi anu diwanohkeun ka para santri di masing-masing pontren, jeung ngarupakeun pangwanoh salasahiji wangun dasar literasi enggoning ngaronjatkeun pangaweruh literisi ti awal mula.

Sakumaha diungkabkeun Elizabeth Sulzby, yen literasi nyaeta kamampuan salasaurang jalma dina ngagunakeun pakakas Bahasa jeung komunikasi. Dimana eta jalma teh henteu ngan saukur mibanda kamampuan maca wungkul, tapi oge kamampuan maham, nyarita jeung nulis. Hiji kamampuan anu kawilang gembleng dina bagbagan sacara kabahasaan. Dipiharep, para santri anu keur temen wekel diajar agama, oge engkena kagerak pikeun mibanda kamampuan literatif kasebut.  

Di kalangan NU sorangan, teu seutik penyair/panyajak nu lahir, saperti Acep Zamzam Noor, Ahmad Faisal Imron, Asep Salahudin, Mustofa Bisri, Ma’mur Saadie, cerpenis Joni Ariadinata jeung Kuswaidi Syafi’ie, atawa fikminer Ahmad Fawzi Imron, penulis biografi Iip D. Yahya, nepi ka novelis Fauz noor. Matakna, ieu kegiatan teh bisa disebutkeun jadi salasahiji bagean tina kaderisasi santri anu oge sastrawan, tur ruket dina wawasan sastra,” jelas Eriyandi Budiman, Ketua Perkumpulan Bintang Nusantara nu mantuan kalancaran ieu acara.

Tumali jeung lumangsungna acara pagelaran, oge dilaksanakeun babagi santuan ka para santri yatim piatu, “Alhamdulillah aya santunan ti Mutif Corp. manggrupa pakean lebaran, turta bantuan buku ka pasantren nu asalna ti para donator jeung penerbit buku,” tambah pak H. Aceng Mumin, Ketua Lazisnu PC NU KBB, anu sabulan campleng lilana nyiapkeun acara dibarengan para anggota lainna, kaasup LPNU, LP Maarif, oge dibantuan Wildan Awaludin, salasaurang penggerak literasi di Kabupaten Bandung Barat, anu oge cukup aktif di GPMB KBB dan PC NU KBB.

“Kalayan mawakeun jejer ‘Santri Literatif, Pesantren Berdaya’, ieu pergerakan teh terus ngupayakeun pikeun ngajadikeun pasantren maham literasi sacara substantif, jeung mampuh mewujudkeun amalan tina ilmu anu geus ditarima para santri secara ikhlas” jelas H. Aceng.

Sawatara, H. Aang Suryana, ketua LP Maarif salaku koordinator acara ngarasa reueus tur ngangres ku lungsur-langsarna bisa ngayakeun acara anu memang kaasup hji gebrakan tradisi nu kawilang anyar, ”Simkuring ngaraos syukur alhamdulilah, ieu kagiatan disambut kalayan antusias sareng seueur dukungan atanapi pangrojong ti sadayana, ngajantenkeun sim kuring ngagaduhan tekad anu kiat kanggo neteskeun santri nu literatif sareng ngamotekarkeun pesantren, tiasa ngawujud kalayan lungsur langsar. Neda pid’ona bae, supados tiasa dilaksanakeun sacara terus-temurus,” pungkas H. Aang Suryana dibarengan ku sumanget.***

Dadan Sungkawa/Sumber: PCNU Kab. Bandung Barat



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *