LBNews.com, – Pendidikan karakter, katingalna mah geus mimiti diajarkeun deui. Sok sanajan bari can rata, da meureun aya kénéh rereged sual téknis. Tapi ku tina ningal draf-na mah, sok sanajan teu jero teuing neuleumanna, éta kurikulum kaasup hadé, da ngajarkeun deui nu notog kana tujuan perluna moral nu hadé jeung wawanohan kana jati diri bangsa, kitu kira-kirana nu katangkep mah
Ieu mah moal deuk ngabanding-banding, sistim pendidikan jaman baréto jaman kuring sakola jeung atikan jaman kiwari. Urang ngadongéng baé ieu mah, tamba gado ngagayot. Kieu geura.
Baréto, nalika murid keur kelas tilu atawa kelas opat, bapa guru jeung ibu guru, rérés diajar ngitung, matematika, ayeuna mah, atawa palajaran lianna, guru téh sok ngajak para murid kakawihan, ilaharna mah dina wanda lagu-lagu pupuh.
Salasahijina pupuh maskumambang atawa mijil. Contona pupuh anu jejerna, Kaaralan Kuda Kahar. Rumpaka éta lagu, da atuh matak pikasediheun, nyaritakeun kuda anu diarah tanagana, dug tinetek, tapi bari haben dipecutan baé ku kusir kahar (délman, kéréték). Salasahiji rumpaka nu nyaritakeun kuda nu narik kahar hantem dipecutan téh, kieu. Ceuk sakadang kuda: “Abong-abong nasib héwan, digawékeun beurang peuting, dirangkét teu boga rasrasan,” Rumpaka lianna, masih dina éta tembang, mun teu salah jéngjréngan rumapaka nu kadua, nyaritakeun manuk anu disumpit. ceuk sakadang manuk: ”Hé manusa mana kaniaya teuing, naha kaola maké disumpit, naha naon dosa kaoula”. Kitu lumengisna sakadang manuk anu awakna katiir paser sumpit, méméh ngaleupaskeun nyawana.
Tah, ukur kitu, conto kabasajanan pangajaran budi pekerti jaman ordeu heubeul téh. Tapi tina éta pupuh, da mani karasa nyerepna téh, barudak boga rasa karunya ka sakadang kuda jeung sakadang manuk, malah nepi ka ngembeng cipanon. Lebah dieu onjoyna para guru jaman ordeu heubeul téh. Arinyana paham pisan, pangajaran budi pekerti téh baris éféktif atawa nyerep kana sanubari, mun diajarkeun ka murid ti mangsa umurna masih ngora pisan, nyaéta ngaliwatan tembang. Ceuk tiori psikologi, apan mangsa keur burey téh, mangsana uteuk keur sénsitif, narima picontoeun alus jeung goréng téh, anu mana éta conto baris terus inget sanggeus murid undak jadi manusa déwasa. Tong hélok lamun téa mah aya kénéh jalma anu ngarasa nalangsana mun ngahaleuangkeun éta pupuh, nu ngagambarkeun lumengisna sakadang manuk anu keuna sumpit, jeung kuda nu hantem dipecutan, masih kénéh ngagurat dina sanubari. Terus terang pangaruhna téh, sok teu tégaan mun nu ningali batur nu keur nyiksa héwan. Apan kungsi kajadian, hiji lalaki nu keur nyiksa hiji ucing. Sukuna ditalian, terus dibeungbeuratan batu, tuluy dialungkeun kana susukan nu caina keur ngagulidag, cenah pédah éta ucing maling lauk. Beu, éta bapa-bapa aya ku tégaan. Mun aya jelema samodél kitu, baheula mah sok disebut teu nyakola.
Pira gé kapalingan dahareun ku ucing nepi ka téga maéhan ucingna, dipalidkeun hirup-hirup. Da ngaranna gé sato, akalna kawates, teu ngambeu bangku sakola. Jeung deuih, urang wé manusa nu boga akal panjang, kudu tarapti, parimpen, ulah sok ngabibita ucing, nya ditutupan ku tudung saji atawa naon baé nu sakirana, ucing beurateun muka tudung, atawa diasupkeun kana lomari. Éta hiji conto sihoréng tina lagu katut rumpakana, mangaruhan jiwa budak tug tepi ka ka déwasa aya pangaruhna nu positip, nyaéta teu téga nyiksa sasatoan. Tah, pangajaran samodel kitu teh, dina jaman kiwari mah asa jarang kabandungan deui, padahal pangaruhna kawilang positif keur ngantebkeun sikep méntal anu hadé.
Sabalikna di Barat, para ahli pendidikan di mancanagara, kiwari malah keur kagémbang ku budaya ti nagara-nagara Timur anu leubeut ku ajaran kearifan lokal (local genius) katut ragam kasenianana. Misilna baé, musik gamelan geus dijadikeun salah sahiji sarana pendidikan kapribadian. Contona di univérsitas-univérsita unggulan di Amérika Serikat, musik gamelan Jawa, dijadikeun program wajib. Pon pilalagi di univérsitas Jepang, samalah di Perancis, musik gamelan dijadikeun salasahiji metode terapi kejiwaan pikeun para nara pidana. Hiji Profésor musik di Italia, nga-prédiksi musik Sunda, kacapi-suling baris jadi musik masa depan, lantaran asup kana golongan musik kontémplatif (ngahégarkeun jiwa). Puguh gé anéh, kearifan lokal jeung seni lokal di urang mah dirauhan, dianggap kuna, ari ku bangsa deungeun malah diparulungan, demi kaperluan pendidikan kepribadian.
Muga-muga baé kurikulum anyar anu baris jadi harepan anyar, pikeun nga-revisi moral/ahlak, jeung mental, para pendidik kudu nyoba nerapkeun deui mata pelajaran budi pekerti modél kurikulum heubeul. Nyaéta ngawanohkeun ajaran moral ti mimiti siswa umurna masih ngora pisan. Anu dimaksud ajaran budi pekerti baris gancang nyerep ka para siswa nu umurna ngora pisan téh, mun ngaliwatan basa jeung dialékna seler di unggal propinsi.
Ku kituna, kurikulum anyar anu baris diterapkeun téh, sistem pendidikan anu mibanda basis budaya lokal. Hartina kurikulum pendidikan muatan lokal. Sabab geuning geus kabuktian mata pangajaran budi pekerti dina jaman kuring, leubeut ku niléy-niléy kaarifan lokal, anu karasa nyerep kana sanubari mun kalimahna maké bahasa indungna. Anapon nu katelah kaarifan lokal pikeun konsumsi barudak téh, contona saperti dina tembang barudak di sakola-sakola SR nu kaalaman ku sim kuring, eusina dikuat-kaitkeun jeung lingkungan alam, (carita kuda jeung manuk téa). Atuh masalah lingkungan sosial (carita “Bapa Doblang,” “Nu Lumpuh jeung Nu Lolong”) jeung bacaan, “Nyi Omoh Korét,” jeung “Si Ibro Budug.” Cohagna ngaliwatan muatan lokal, para siswa diwanohkeun kana lingkungan budaya turta pangwangunan (méntal) daérahna séwang-séwangan.
Sabagéan masarakat urang ayeuna téh keur katarajang panyakit karakter nu geus akut. Budaya korupsi, anarkisme, pulitik akal-akalan, lir ibaratna, keun siah! keun siah! Atuh konflik antar golongan, bari dibarengan jeung kekerasan, éta kabéh nuduhkeun héngkérna karakter sabagéan masarakat urang mangsa kiwari. Mun dikobét leuwih jero, éta rupa-rupa peta laku négatip aya patula-patalina jeung prosés pendidikan. Sabab kumaha baé ogé, masarakat téh output-na pendidikan.***
Dadan Sungkawa/Diropea tina sawatara sumber