LBNews.com. CIWIDEY, – Dina hadirna di kelas guru kudu proféssional. Guru kudu mibanda ‘Kemantapan Penampilan Profésional (KPP)’ sabada mibanda ‘Kemantapan Kemampuan Mengajar (KKM)’.
Kitu anu ditepikeun ku H. Elin Syamsuri, dina salasahiji acara seminar anu jejerna Pendidikan Karakter melalui seni budaya. Ieu ‘Djoeragan Goeroe Pangsioen’ ti UPI Bandung téh nepikeun jeung népakeun pangalamanana ka sakur para guru anu rata-rata mah kungsi kaajar dina mangsa kuliah waktu di UPI Bandung. .
Guru nu nyorangan hadir di kelas bari nyanghareupan 40 murid kudu jadi muara sagala téori diajar jeung téori ngajar, pokna deui. Muara tina sagala téori téh nyaéta kamampuh kaaktoran.
Demi kamampuh kaaktoran téh, diantarana:
Teacher Voice anu ngawengku téknik vocal. Dina téknik vocal, guru diperedih sangkan ucapanana/artikulasina béntés. Guru masing béntés dina ngucapkeun sagala rupa sora basa boh vocal boh konsonan. Guru teu kaci cadél atawa réro atawa ngosom da sorana saperti diheungheum. Guru kudu nyora kalawan bedas (power), béntés ucapanana (artikulasi).
Stamina jeung endurance, kakuatan jeung daya tahan, salawasna ”hégar jeung cénghar”sajeroning ngajar salila genep jam ti pukul dalapan nepi ka pukul satu beurang.
Intonasi jeung éksprési. Guru kudu bisa ngolah intonasi jeung éksprési waktu nerangkeun bahan ajar. Teu kaci guru sasauranana monoton (intonasi/lentong), lempeng teu luhur handapan, teu panjang pondokan.
Teacher Gesturer anu ngawengku kamampuh ékting jeung pantomim. Gerak sakujur awak téh penting keur marengan katerangan lisan. Pasti bakal leuwih komunikatif upama guru bisa ngamangpaatkeun gerak atawa peta.
Teacher Movement jeung Bloking. Dina jeroning ngajar guru kudu nganggap kelas téh saperti panggung anu jadi lahan pertunjukan. Salila ngajar, guru teu kaci camekblek di hiji tempat, guru ukur nungguan korsi jeung méja di juru kelas atawa salila-lila ngajanteng deukeut bor
Busana, asésoris, jeung propertis. Dina pagelaran drama gé busana, asésoris, jeung propertis téh diperlukeun keur ngayakinkeun peran hiji tokoh (kumaha anggoan dines jaman kiwari?)
Kamampuh Pangirut. Guru kudu mibanda kamampuh pangirut sangkan bisa jadi muara perhatian muridna. Guru kudu bisa ngajaga perhatian siswa sangkan tetep museur ka guru.***