Rabu, 18 Jun 2025
Ganda Mekar

Tina Literasi Baca Tulis Nepi ka Literasi Finansial jeung Fiksi Religi Inspiratif, Rohangan Ekspresi nu Geus Dalit

Sesi katilu Rihlah Ramadhan – Pesantren Literasi 1446 H/2025 M, yang digagas PC NU Kabupaten Bandung barat, digelar di palataran Mesjid Pesantren Terpadu Al-Bidayah, Cangkorah, Batujajar, Kabupaten Bandung Barat, Minggu 16 Maret 2025.***

LBNews.com. KAB. BANDUNG BARAT, – Sesi katilu Rihlah Ramadhan – Pesantren Literasi 1446 H/2025 M, yang digagas PC NU Kabupaten Bandung barat, digelar di palataran Mesjid Pesantren Terpadu Al-Bidayah, Cangkorah, Batujajar, Kabupaten Bandung Barat, Minggu 16 Maret 2025, alam di lingkungan sabudeureun pondok pasantren bangun ngorojong, langit paul cahaya bengras.

Bisa disebutkeun yen runtuyan ieu kagiatan teh ngabogaan tujuan pikeun numuwuhkeun nudaya baca, nulis turta maham kahirupan tina perspektif kaelmuan jeung kawijaksanaan.

Dina kamandangna, Ketua LAZISNU H. Aceng Mukmin nyebutkeun, ieu kagiatan dina enas-enasna mah leuwih nekenkeun pntingna literasi dina pangwangunan peradaban Islam. “Ramadhan, bulan ilmu jeung hikmah. Ngaliwatan literasi, henteu ngan saukur maham agama sangkan leuwih hade, tapi oge ngabangun masarakat nu leuwih cerdas tur ngabogaan akhlak mulia,” ceuk H. Aceng, sawaktu masrahkeun hibah buku jeung santunan pakean lebaran pikeun santri ka Pontren terpadu di Jalan Batujajar dibarengan direktur Muti Corp, Dian Nurdiana selaku donatur.

Sawatara, KH. Deni Syafe’i Hamdi, pingpinan Pontren terpadu Al Bidayah, nyebutkeun kagiatan Pasantren Literasi bisa jadi ajang silaturahmi jeung babagi anu mudu diapresiasi.

“Dunia pasantren mikabutuh panyegaran ku cara ngadalitkeun antara literasi kaagamaan jeung literasi budaya anu jadi teuteundeunan elmu pangaweruh jeung kaarifan local anu tangtuna bisa mere mangpaat,” pokna.

“Santri nu literatif perlu ditumuwuhkeun anu engkena bisa ngalahirkeun generasi santri nu wijak, maham kana perbedaan jeung mampuh ngayakeun sosialisasi jeung masarakat luas. Ari nu jadi pijakan atawa titincakan, jaba ti nu sipatna hablu minalloh, oge deuih aya hablu minannas di jerona,” jelasna di antara rebuan santri nu minuhan palataran masjid.

Pidangan Sesi 3 Pesantren Literasi, dimitian ku KH. Ma’mur Saadie nu ngungkabkan yen di pesantren literasi, baca tulis malah finansial geus  dilakukan ku para kyai.

“Para kyai oge boga kapinteran dina elmu itung-itungan. Geura we, para ajeng bisa ngawangun pondok pasantren oge masjid kalayan itungan nu asak. Apal lobana bahan nu diperlukeun jeung apal pisabarahaeun duit anu baris dikaluarkeun pikeun ngawangun hiji masjid atawa lungkungan pasantren. Literasi finansial geus dalit jeung para kyai mah.” jelasna.

Kitu deui tradisi nadoman nu heus ngakar dina kahirupan pasantren. Jeung ieu perlu terus diipuk, dimekarkeun ku cara ngahasilkeun nadoman wanda anyar anu nyabit-nyabit kana jaman kaayeunakeun. Nya perlu teuteuleman jeung rupaning kaelmuan ngeunaan rupa-rupa risalah Islam,” tambahna saacan macakeun nadoman anyar anu diciptakenana.

Mawakeun nadoman teh diwewegan ku sababaraha urang santri  panabuh rebana jeung genjring. Suasana syahdu mimiti baur jeung rasa kagumbiraan hadrin oge kaciri kahibur katingali tina paromanna nu jigrah. Oge deuih aya sababaraha pirigan lagu anu dibawakeun tina puisi karya tokoh sastra anu geus teu bireuk ani dibawakeun ku Nada, putrina nu maher maenkeun piano elektone jeung sorana nu halimpu mawa suasana jadi adem. Seug komo diimbangan deui ku dua penyenyi lainna, ngalantunkeun  syair-syair religi.

Pidangan saterusna ngahadirkeun Moh. Syarif Hidayat, penyair jeung panaliti BRIN, kalayan mawakeun puisi atawa syair laguna ‘Kepada Noor’ anu kiwari keur hits sawaktu dinyanyikeun Panji Sakti nepi ka ngahontal jutaan followerna.

Moh. Syarif Hidayat macakeun cerpen judulna Robohnya Surau Kami karya AA Navis, karya sastra anu kaitung legendaris. Ieu Cerpen teh nyaritakeun sepina salasahji surau sabada ditinggal panjagana nu palastra sacara tragis.

“Ieu cerpen kaasup carita pieunteungeun yen ibadah lain keur kasenangan atawa kapentingan sorangan, tapi oge mudu aweuhan pangaruh sosial. Niley-niley religiositas di surau, di masjid atawa di pesantren itu, kudu dibawa ka ranah sosial budaya, sangkan kahirupan tetep kajaga, “ pokna.

Moh. Syarif Hidayat tuluy macakeun puisi nu temana religi, ngarupakeun hasil tina sawanganana saputaran hikmah ramadhan jeung lebaran, jeung pangaruh tina niley-niler ka-Islmakeun anu geus tumuwuh ti umuran leutik keneh.

Ngeunaan fiksi religi ieu dikuatkeun ku Eriyandi Budiman, sastrawan jeung direktur Penerbit Magma Insan Prima, kalayan paparan saputaran cerpen lebaran nu pernah diterbitkeun.

“Ieu buku teh ngarupakeun tarekah jeung upadaya jadi panampungan carita-carita religi, hususna dina tema ramadhan jeung lebaran ti para sastrawa entragan kaom nonoman Indonesia. Engke, isuk jaganing geto, Insya Alloh, cerita-cerita saperti ieu bisa lahir ti para santri Al Bidayah atawa nu lainna,” ceuk Eryandi Budiman neundeun harepan.

Mungkin ka hareup, PC NU bisa ngayakeun samodel bengkel penulisan fiksi, ngabaladah lomba menulis puisi atawa cerita religi nu hasilna diterbitkeun jadi buku kawas kieu,” pokna deui neruskan hanca omonganana.

Rihlah Ramadhan 1446 H teh, satuluyna dipungkas ku macakeun babarengan shalawat “Syi’ir Tanpo Waton” atawa nu leuwih kawentar ku sebutan “Sholawat Gus Dur”, anu ngandung pesan, hikmah, sekaligus makna nu cukup nyosok jero.

Satutasna macakeun shalawat nindak kana do’a nu dipingpin Ketua PCNU Kabupaten Bandung Barat, KH. Yusuf Abdul Qodir. Jep, kaayaan ngadadak simpe, jempling barobah jadi khusuk tur khidmat, di luar rohangan karasa sakitu hegarna.

Langit tanpa megamendung, katembong cerah dina pameunteu Ketua LP Maarif NU Bandung Barat, H. Aang Suryana salaku koordinator acara, nu ngarasa longsor dipinuhan ku rasa syukur sabab sesi ketiga acara Pesantren Literasi geus lekasan kalayan lungsur langsar, “Insya Alloh acara nu bisa dijadikeun  inspirasi tur mere pencerahan seperti ieu, bisa jadi hanca garapan nu mayeng!” pungkasnya.***

Sumber PCNU Kab. Bandung Barat/Pindo Catur Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *