Kamis, 20 Mar 2025
Kandaga

Degung Kawitan, Réinkarnasi Gending Monggang

Gamelan degung kawitan kungsi diwanohkeun deui ku R Lalam Wiranatakasumah sareng Setia Hidayat dina acara Napakeun Degung Kawitan di Padepokan Sumbersari-Ciparay,***

DINA panalungtikan karawitan Sunda, para ahli karawitan Sunda jigana ngarasa poékeun, da tara nyabit-nyabit sual gending monggang.

Istilah gending monggang mimiti diwanohkeun ku R. Lalam Wiranatakasumah, seniman supranatural ti Wangisagara, Kacamatan Majalaya, Kabupatén Bandung. Saméméhna mémang henteu dipikawanoh. Sabab, gending monggang mah ayana di kalangan karaton. Ari di kalangan rahayat mah nelahna téh goong renténg atawa gamelan renténg.

Kahirupan gending monggang mimiti pareum dina mangsa Mataram ngawasa Tatar Sunda, kira abad ka-17. Harita, kadatangan Mataram ka tatar Sunda, lintang ti ngawasa pamaréntahan ku cara ngangkat sababaraha urang ngabehi (warga pribumi anu satia-satuhu ka Mataram) jadi tumenggung di kabupatian, ogé ngayakeun parobahan anu kacida rohaka dina widang seni jeung budaya, kaasup dijerona widang atikan atikan anu disebut caturwulang, nyaeta wulang basa, wulang krama, wulang tani, jeung wulangreh.

Tina ayana parobahan dina struktur pamaréntahan, anu tadina karajaan atawa kadaleman, robah jadi kabupatian, mawa pangaruh ogé kana system kabudayaan.

Di Kabupatén Bandung, sanggeus ngangkat Tumenggung Wiraangun-angun jadi bupati Bandung dina tanggal 20 April 1641, teu lila pihak Mataram ngirimkeun saparangkat Gamelan Laras Saléndra.

Aya tilu gamelan Mataram anu dipasrahkeun ka tatar Sunda. Anu hiji dibikeun ka panguasa Galuh Ciamis. Nu hiji deui ditarima ku Wiraangun-angun. Ngaranna sarua Si Layem. Jeung hiji deui mah ditarima ku Rangga Gedé. Tah, éta mah dibéré ngaran Sari Onéng, bubuhan hasil tina taruhan ngadu muncang.

Pangna dibéré ngaran Sari Onéng, pédah harita Sultan Agung ngahaja ngajak taruhan ngadu muncang jeung Rangga Gedé. Muncang Rangga Gedé anu warnana sari onéng meunang taruhan. Jadi wé, gamelan hasil tina taruhan mucang téh dibéré ngaran Gamelan Sari Onéng.

Saméméh maké gamelan si Layem, di Kabupatén Bandung mah, acara ngalantik Tumenggung Wiraangun-angun masih kénéh leuheung bisa ngagunakeun gending monggang, nyaéta gamelan renténg ti Kabuyutan Lebakwangi, Arjasari. (Dalah, nepi ka kiwari gé, gamelan renténg Lebakwangi sok dipaké dina acara-acara husus di Soréang. Jadi, masih kénéh kasalametkeun).

Nya ti harita gamelan monggang atawa goong renténg (degung kawitan) mimiti kagésér. Teu meunang ditabeuh di jero pendopo. Atuh lalaguan dina goong rénténg atawa gamelan monggang atawa degung kawitan gé, kayaning lagu wabango, kinteul bueuk, kawitan, langensari, arang-arang, brangbrang sinanga, surung dayung, layar putri, minangka lalaguan sakral nu geus aya ti jaman Pajajaran teu beunang ditabeuh di jero pendopo. Diganti ku kasenian anu bisa dipirig ku gamelan samodél Nyi Layem atawa Sari Onéng, saperti upacara ngaruat, pagelaran wayang kulit, tari bedoyo, tari sirimpi, ngibing tayub, jeung ibing wayang wong.

Untungna éta lalaguan sakral anu teu meunang ditabeuh dina wanda gending monggang téh kaburu dipindahkeun wangun larasna kana laras degung pelog atawa degung kawitan. Malah ku Dalem Pancaniti atawa R.A.A. Kusumah Ningrat (1834-1863). Laras gending monggang téh ngahaja dipindahkeun kana kacapi, anu engkéna ngajadikeun genre anyar anu disebut tembang Sunda Cianjuran

Lagu-lagu monggang atawa degung kawitan bisa beunang ku kacapi mah, tapi upama ku gamelan Nyi Layem atawa Sari Onéng mah, tangtu wé jadina barang pamohalan. Dina bisama gé jadi rucah. Di dinya sigana kaistiméwaan gending monggang téh.

Nya tina gending monggang ieu ngalahirkeun genre anyar anu disebut degung kawitan jeung tembang Sunda Cinjuran. Ku kamekaran jaman, degung kawitan robah deui sebutanana jadi seni degung atawa gamelan degung.

Laras degung pelog dina perangkat waditra gamelan Degung jeung Cianjuran dina waditra kacapi-suling, dina enas-enasna mah, horéng mangrupa réinkarnasi tina gending monggang anu geus lawas ilang ratusan taun kalarung.***

Kolom: Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *