LBNews.com. – Kahirupan seni calung jaman kiwari, henteu gumebyar samodél taun-taun 1980-an atawa taun 1990-an. Masarakat kiwari, utamana anu ngayakeun tatabeuhan jang hajat, mémang kacirina leuwih milih kasenian éléktunan anu bisa kabula-kabalé. Dangdut hayu, pop Sunda mangga. Barat komo.
Ngan keur Ujang Ago mah, tetep henteu keueung. Seni calung sabenerna masih kénéh boga lolongkrang keur hirup manjang makalangan dina dunia seni hiburan. “Saleresna mah, kantun kasanggupan kumaha masarkeunana. Da henteu sakedik masarakat anu gaduh minat kana pintonan seni calung. Mung kedah rajin nawarkeunana.,” ceuk Ujang Ago optimis.
Ujang Ago geus lila naker icikibung dina ngahirupkeun jeung nanjeurkeun seni calung. Dina taun 1985, mimiti gabung jeung Grup Medal Sari. Nindak deui dina taun 1995, ngadegkeun grup Ginanjar. Dina mangsa hari mimiti ngalahirkeun album munggaran kalayan label “Campaka Bodas” anu diproduksi Soka Récord. Lintang ti ngalahirkeun album rékaman, Ujang Ago jeung grupna mindeng kabawa dina pasanggiri, boh tingkat lokal atawa tingkat régional Jawa Barat. Geus puguh ari dunia panggung henteu lésot.
Kasatiaan Ujang Ago kana seni calung, henteu udar alatan kadéséh ku seni pop Sunda. Apan teu saeutik seniman anu pindah kana pop Sunda, anu wandana kitu-kitu kénéh. Kurang variatif ngandelkeun gaya rugag-rigig.
Dina keur meujeuhna seni pop Sunda maceuh, Ujang Ago teu kabawakeun. Terus wé noyod ti panggung ka panggung mawakeun seni calung. Nepi ka danget ayeuna pisan. Alhamdulillah, ari manggung tara reureuh, kitu pokna.
Ningal kasatiaan Ujang Ago kana seni calung, ngalantarankeun Bah Obék ti D’ Jaloe Enterprise ngarasa kataji pikeun ngayakeun gawé bareng ngagarap album anyar. Nya medalna wé album seni calung anu labelna “Kamojang”.
Abah Obek ngaku, perelu kawani anu gedé enggoning ngagarap album seni calung. Komo deui seni calung anu dibawakeun ku Ujang Ago saparakanca estu seni calung sahinasna. Dina harti tanpa émbél-émbél ditambahan waditra kaayeunakeun. Bisa disebutkeun wanda seni calung klasik-tradisional.
Nurutkeun Abah Obek, nilik kana kahirupan seni calung di wilayah kabupatén Bandung, sabenerna masih kénéh boga dangiang. Jeung moal pareum-pareum sabab réa kénéh anu nabeuhna. Jeung para seniman calung ogé kaitung euyeub. Méh di saban tempat, samodél Paséh, Ibun, Majalaya, Rancaékék, Cicaléngka, Ciparay, Banjaran jeung daérah séjénna kahirupan seni calung tacan enya sirna. Ngan teu enya témbong. Tapi, lamun geus ditémbongkeun deui mah, jigana bisa nguniang deui.
Abah Obék miharep mah sangkan para seniman calung leuwih daria deui ngamekarkan jeung ngamotékarkeun seni calung dina ngayonan ancaman serangan budaya deungeun anu beuki meuweuh maceuh.
Seni calung sabenerna mah ngabogaan lolongkrang pikeun mekar dina sagala jaman. Asal para seniman terus-terusan ningkatkeun jeung némbongkeun kualitas rancagé anu hadé. Pangalaman abah Obék salila di Australia, seni calung kaasup salahsahiji seni Sunda anu pada mikalandep ku urang mancanagara, kaasup ku warga Australia.
Ieu kaalaman, Basa keur mindeng mintonkeun seni Sunda di Australi, Abah Obék kaasup anu remen ngawanohkeun seni calung ka urang mancanagara. Aya sababaraha kasenian Sunda anu jadi kalandep jeung kameumeut urang mancanagara, diantarana tembang Sunda, Jaipongan, Angklung, calung, degung, Wayang Golek, jeung ibing kontemporér, samodél ibing keurseus atawa ibing badaya mun jaman baheula mah
Ayeuna ku mekarna industri pariwisata, jeung réana turis asing nu datang ka wilayah Bandung, tangtu wé sakur warna budaya tradisi téh sakuduna dipiara kalayan enya-enya jeung dihirupkeun kalayan daria. Sabab, dina jagat pariwasata mah, seni budaya tradisi atawa seni étnik téh kaasup salahsahiji asét anu ngabédakeun jeung daérah atawa nagara séjénna.
Jeung kabeneran deuih, ari kahirupan seni tradisi di wilayah Kabupatén Bandung kaitung gudangna. Para seniman terus renung saban mangsa, réa bibit-bibit anyar anu datang heula jeung pandeurina, jadi henteu pegat generasi. Tugas urang saréréa, kumaha ngahirupkeun jeung ngahuripkeunana. Pamaréntah ngaliwatan Kementrian Pendidikan dan Kebudayaan di tingkat pusat atawa Dinas Pariwisata dan Kebudayaan di tingkat daerah sakuduna leuwih enya-enya ngalaksanakan amanat Undang-Undang ngeunaan Pemajuan Budaya. Kaasup ngamajukeun seni tradisi. Ulah nungguan carem atawa direbut ku batur. Da geuning témpo seni tradisi urang diaku ku nagara deungeun mah, geuning mani sakitu pahibutna. Dirumat ku nagara batur ulah, ku sorangan henteu.
Kahirupan seni calung rék diaku atawa henteu, kiwari nasibna mémang pikaketireun. Geus arang langka anu nabeuh. Geus taun-taun, dunia panggung leungiteun calung. Seni calung perelu direvitalisasi, nya salasahijina ku ngayakeun kagiatan atawa event-event anu bisa dipaké rawayan keur ngahirupkeun deui.***
Naskah: Dadan Sungkawa