Senin, 31 Mar 2025
Kandaga

Festival Tradisi Ngahudangkeun Sahur, Cara Garut Mulasara Budaya Ramadhan

Wakil Bupati (Wabup) Garut Putri Karlina bubuka acara pagelaran Festival Nabeuh Bedug jeung Musik Bangun Sahur, di Kantor Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Kabupaten Garut, Salasa (25/3/2025).***

LBNews.com., KAB. GARUT – Wakil Bupati (Wabup) Garut Putri Karlina nandeskeun pentingna ngajaga tradisi ngahudangkeun sahur kalayan tartib jeung teu kudu make petasan.

Nu ngahudangkeun sahur kudu tetep tartib, jeung ulah poho ngalaksanakeun puasa. Sakapeung sok aya, anu ngahudangkeun sahur, tapi malah teu puasa, “Nah, itu…,” ceuk Putri nu harita muka acara pagelaran Festival Nabeuh Bedug jeung Musik Bangun Sahur, di Kantor Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Kabupaten Garut, Salasa (25/3/2025).

Ieu festival teh dilaksanakan dina raraga mieling Hari Jadi ke-212 Kabupaten Garut tur ngareuah-reuah bulan Ramadan 1446 Hijriah.

Dina pamapagna, Putri nepikeun apresiasina ka para pamilon nu geus  partisipasi dina ieu kagiatan. Inyana negeskeun, pinunjulna baris ngawakilan Kabupaten Garut ka tingkat provinsi.

Para pinunjul baris narima uang saku jeung biaya perjalanan dibiayaan ku Bupati jeung WakilBupti, pokna deui.

Kepala Disparbud Kabupaten Garut Luna Avriantini nyebutkeun, ieu festival boga tujuan pikeun mulasara kagiatan budaya ngahudangkeun sahur jeung nabeuh bedug. Utamana di tengah-tengah masarakat  pakotaan nu beuki jarang ngadenge sora bedug.

“Janten ieu kagiatan budaya teh kedah digiatkeun deui supados masarakat hususna murangkalih, kaom nonoman tiasa ngupingkeun wirahma sora bedug di bulan Ramdhan,” ucapna

Ieu festival teh ngahadirkeun dua kategori, nyaeta Lomba Musik Bangun Sahur winangun Group jeung Lomba Nabeuh Bedug  anu sipatna sosoranganan.

Luna ngungkabkan, aya 11 grup anu kabiruyungan asup kana babak final Lomba Musik Sahur, sawatara Lomba Nabeuh Bedug diiluan ku 12 pamilon ti sababaraha kacamatan.

Sakur pamilon samemehna ngirimkeun video kagiatan ngahdangkeun waktu sahur pikeun diseleksi asup babak final.

Nurutkeun Luna, ieu festival teh oge jadi wadah pikeun kalangan nonoman enggoning ngamalirkeun kreativitasna jeung mangrupakeun dakwah ngaliwatan musik sahur.

Ngaliwatan ieu lomba, pihakna mere lolongkrang ka generasi muda pikeun ngayakeun kreasi, sakaligus ngingetan umat Islam ngeunaan pentingna sahur di bulan Ramdhan

“Margi ieu musik sahur teh ngagentraan musliman sareng muslimat kanggo ngalaksanakeun sahur,” pungkas Luna.***

Dadan Sungkawa/Sumber Diskominfo Kab. Garut



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *