Kamis, 13 Mar 2025
Kandaga

Gending Monggang: Asal-usul Karawitan Sunda Mimiti diwanohkeun ku Prabu Rsi Guru Manikmaya Mangsa Abad ka-7 Masehi

Gending monggang niniti diwanohkeun ku Prabu Resi Guru Manikmaya dina abad ka-7 Masehi.***

LBNews.com. – Napakeun geding monggang atawa degung kawitan nyaéta salah sahiji kagiatan pikeun ngawanohkeun deui lagu-lagu kawitan nu kungsi hirup dina mangsa kajayaan karajaan-karajaan di tatar Sunda.

Seni monggang kaasup seni gending anu biasa ditabeuh pikeun kapentingan upacara sakral. Boh upacara kaagamaan boh upacara karajaan. Bakal béda geura lamun sakali mangsa ngareungeukeun nabeuh goong rénténg anu nota béné kaasup salah sahiji parabot dina gending mongang. Apan sorana téh lain ngan saukur kareungeu ku ceuli, tapi haté ogé sok kabawakeun hayang ngabandungan. Palebah dieu bédana antara musik (karawitan) tradisional jeung musik anu holna nyao ti mendi. Cenah, ceuk ahli spiritual, pangna bet béda karasana ku pangreungeu, aya patula-patalina jeung sejarah hiji sélér bangsa dina ngalahirkeun wanda jeung alat kasenian.

Sacara umum, nurutkeun para ahli sejarah tradisional, alat-alat kasenian Sunda lahir dumasar kana kapentingan anu sipatna sakral, henteu leupas tina kapentingan religius ti mangsa ka mangsa. Matak di jerona bakal kapanggih niléy-niléy éstétik-filosofi, boh dina rancang wangun tata rupana (raganing waditra), boh dina sora anu dikaluarkeunana (raganing laras).

Nurutkeun kana niléy-niléy filosofi musikalitas, sora musik téh dibagi jadi dua golongan. Nu hiji golongan musikalitas kanda, nyaéta hiji anggapan yén sora musik bisa dipaké pikeun kapentingan kajembaran haté. leuwih nyoko kana kontémplasi anu kawilang sakral. Ari nu hiji deui golongan musikalitas kara, nyaéta sora musik anu kaluar pikeun kabangbrangan haté, atawa leuwih nyoko kana hiburan mun jaman ayeuna mah.

Kacapi, ceuk ahli spiritual téa, mibanda unsur musikalitas kanda, nyaéta alat seni nu mampu ngawujudkeun sora kaluar tina jero galuh (nurani) anu langsung sumerep kana jero galih (naluri) turta ditarima ku galeuh (nalar). Tilu unsur sora antara galuh, galih jeung galeuh ruket dalit dina musikalitas, nu ahir-ahirna ngadatangkeun rasa kajembaran. Munasabah atuh, mun seug ngareungeukeun sora kacapi, sarua jeung ngareungeukeun sora galuh, galih jeung galeuh anu ruket dalit dikaluarkeun ku sora musikalitas kacapi. Matakna, mun ngareungeukeun sora kacapi aya kontémplasi sora anu mémang sadar teu sadar bakal ngahudang sakabéh émosi jiwa raga milu kabawakeun ngabandungan. Kaunggulan musikalitas kanda ieu saenyana anu teu dipibanda ku jenis alat-alat musik modérn.

Béda jeung sora musikalitas kara, anu enas-enasna mah wujud tina sora galih (haté) jeung galeuh (otak). Dina musikalitas kara, sora galuh (sanubari) teu pati enya ilubiung. Ku sabab kitu, musikalitas kara mah ukur jadi pangbeberah ceuli jeung pangbeberah haté. Henteu tembus kana galuhna mah. Ukur jadi panglipur.

Boa-boa istilah karawitan ogé nyokot tina istilah musikalitas kara. Ngan kara anu wiwitan, jadi wé nelah karawitan. Kara anu wiwitan, nya taya lian sora musikalitas kanda téa sabenerna mah. Istilah kanda ngahaja dileungitkeun dina mangsa kolonisasi Mataram dina abad 17.

Ari musikalitas kanda masih kénéh pageuh wingun lagu-lagu kawitan dina gamelan degung, anu disebut degung kawitan, anu sipata gendingan atawa teu make rumpaka.

Sangkan henteu leungit, musikalitas kanda ogé ‘dipindahkeun’ kana sora kacapi ku Dalem Pancaniti, nyaéta kacapi 18 nada anu disebut kacapi pélog atawa kacapi indung. 

Pélog téh apanan saenyana robahan sora tina palag atawa palahuan galuh, hartina sora anu kedal tina galuh, tina jero sanubari. Da asal-muasalna mah sora musikalitas kanda téh ukur aya dina sora gamelan monggang. Matak dina jaman kuno mah, saméméh muncul karajaan-karajan badag, gending monggang téh ngan ukur dipaké dina upacara-upavara sakral kaagamaan.

Ngan sanggeusna munculna system pamaréntah karajaan-karajan di tatar Sunda, gending monggang, jaba ti dipaké dina upacara sacral kaagamaan, ogé deuih dipaké jadi gending pamirig acara-acara resmi karajaan, contona dina upacara ngawastu, upacara kuwera bhakti, upacara ngalokat, jste***

 

Naskah: Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *