Selasa, 17 Jun 2025
Kandaga

Jadi Tuan Rumah ASEAN-India Artists Camp Exhibition, 20 Karya Seniman Mancanegara Midang di BCH Bandung

Kota Bandung jadi tuan rumah kagiatan ASEAN-India Artists Camp Exhibition nu digelar di Bandung Creative Hub (BCH). Kagiatan baris digelar dina tanggal 10-17 April 2025..***

LBNews.com. KOTA BANDUNG, – Kota Bandung jadi tuan rumah kagiatan ASEAN-India Artists Camp Exhibition nu digelar di Bandung Creative Hub (BCH). Kagiatan baris digelar dina  tanggal 10-17 April 2025.

Ieu kagiatan pameran seni teh ngarupakeun bagian tina mieling “satu dekade kebijakan Act East Policy India” kalayan midangkeun karya ti 20 seniman kelas dunia nu asalna ti nagara-nagara ASEAN jeung India.

Wali Kota Bandung, Muhammad Farhan ngungkabkeun kareueusna rehna Kota Bandung jadi lokasi kagiatan pameran seni skala internasional

“Ieu pameran seni anu nembongkeun yen Bandung kaasup kana salasahiji kota plingkreatid di Indonesia, nu sanggup ngawadahan karya seni kelas dunia,” ceuk Farhan, Kemis (10/4/2025).

Pidangan pameran ieu teh hasil tina program  ASEAN-India Artists’ Camp kalayan inisiasi misi diplomatik India di ASEAN. Hadir dina ieu acara bubuka teh nyaeta Duta Besar India keur ASEAN Jayant N. Khobragade, turta Duta Besar India di Indonesia, Sandeep Chakravorty.

Duta Besar India di ASEAN Jayant N. Khobragade nepikeun kamandangna, ieu pameran teh jadi simbol ruket dalitna hubungan budaya antara India jeung negara-negara ASEAN, hususnya Indonesia.

Inyana oge nyebutkeun, hadirna dua urang duta besar India dina hiji acara, bisa disebutkeun hal anu jarang kajadian. Jeung bisa dipake pikeun nunjukkeun pentingna posisi Kota Bandung dina kamitraan regional.

Disebutkeun ku inyana, Bandung, kota anu kalintang penting, jeung ngaliwatan ieu pameran, bisa leuwih ngadeukeutkeun antara India jeung Indonesia, ceuk Khobragade.

Ieu acara teh henteu ngan saukur jadi sarana apresiasi seni, tapi oge muka lolongkrang kolaborasi budaya kalayan awahan nu beuku lega antara India jeung Kita Bandung, boh ngaliwatana seni kitu deui ngaliwatan industri kraetif lainna,seperti film.

Pamarentah Kota Bandung oge ngararancang ngalibetkleun Forum Film Bandung (FFB) jadi mitra lokal dina ngembangkeun agenda kabudayaan ka hareupna.

Sawatara, Duta Besar India di Indonesia, Sandeep Chakravorty, muji kana inisiatif jeung sumanget kolaboratif Walikota Bandung, kaasup rencana ngayakeun kagiatan Bandung Bollywood Film Festival nu baris dilaksanakeun dina waktu nu hamo lila deui.

Chakravorty nyebutkeun sapagodos jeung kacida antusiasna saupama ide Festival Film Bollywood di Bandung. “Margi, ieu teh bakal janten wangun kemitraan budaya nu luar biasa,” ujar Chakravorty.

Kalayan sumanget kolaboratif jeung gumebyarna seni, ieu pameran teh jadi penting dina nguatkeun diplomasi budaya antara India jeung Indonesia ngaliwatan panggung kota Bandung. (Humas Pemda Kota Bandung)***

Editor: Dadan Sungkawa

Tags:Muhammad FarhanWali Kota Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *