NGARUMAT Basa Sunda geus sakuduna jadi komitmen sakumna urang Sunda, boh pamaréntah kitu deui masarakatna kalayan babarengan. Demi cara ngarumatna bisa ku rupa-rupa tarékah, lintang ti dijadikeun kahirupan basa sapopoé, ogé deuih masing bisa diandelkeun pikeun rupa-rupa transpormasi élmu pangaweruh jeung kamekaran mangsa kaayeunakeun. Kahirupan basa Sunda, leuwih alus deui lamun geus jadi kabutuh urang sakabéh, hirup dina rupa-rupa pakumbuhan sosial, campur gaul, budaya, sastra, politik, pendidikan, media massa, boh éléktroika atawa cetak. jeung réa-réa deui. Henteu ngan saukur jadi banda warisan luluhur anu ngan saukur dijadikeun kaagulan wungkul. Mémang henteu gampang, seug komo dipatalikeun jeung kamekaran masarakat kaayeunakeun anu geus ngalaman parobahan dina hirup campur gaulna, anu henteu ngan sakuliwek sabangsa jeung sanagara, tapi deuih geus boga udagan hirup campur gaul sajagat buana. Atuh, kahirupan basa Sunda atawa basa daérah téh masing kalah kumaha baé ogé moal kawas samodél mangsa anu enggeus-enggeus kaliwat. Moal kawas baheula.
Dina ngayonan kitu mah, wajar lamun sakur nu mibanda warisan basa daérah ngarasa boga karisi jeung kahariwang, malaur teu bisa ngarumatna, antukna loba henteu dipaké nepi ka leungitna. Geus kacontoan, yén teu saeutik basa-basa daérah atawa basa étnis di nu aya di sakuliah dunya, teu pupuguh loba nu ilang. Atuh ningali galagat kitu mah, badan dunia UNESCO gé ngarasa perelu pikeun nyalametkeun jeung mere panangtayungan sakur basa daérah atawa basa indung sangkan ulah nepi ka leungit alias tumpur ku cara ngayakeun pangéling-éling poé basa indung sa-dunya anu dilaksanakeun saban bulan Pébruari.
Lamun lembaga dunia samodél UNESCO boga rasa katineung anu sakitu gedéna kana kahirupan basa daérah, kaasup kana basa Sunda minangka salasahiji banda budaya warisan dunia, atuh komo urang salaku anu pituin kawaris banda budaya basa Sunda, asa kamalinaan teuing lamun teu hayang ngarumat jeung mulasara, komo nepi ka bisa nanjeur mah.
Dalah, Buoati Bandung, HM. Dadang Supriatna, satékah polah méré sinyal anu hadé,pikeun kamekaran Basa Sunda ngaliwatan kawijakan kawajiban make basa Sunda di lingkungan isnstansi pamaréntahan.
Naha enya pasualan basa Sunda ngan saukur dina pangajaran basa Sunda wungkul? Pan lain sakitu-kituna. Réa. Kumaha nasib basa Sunda di kalangan generasi ngora, kumaha kahirupan basa Sunda dina hirup kumbuh sapopoé, kitu deui kahirupan basa Sunda di kalangan pasantrén anu sakitu éksisna, jeung kumaha kamekaran basa Sunda dina média basa Sunda jaman kaayeunakeun, anu di saban daérah kabupatén, henteu di Kota Bandung waé, sabenerna mah loba kénéh anu dipaju.
Geura wé, apan di Tatar Sunda téh loba média basa Sunda, lain ngan saukur majalah atawa tabloid wedalan nu aya di dayeuh Bandung, apan aya Majalah Ujung Galuh, Tabloid Salakanagara. Atuh di Kabupatén Bandung waé, aya deuih Koran Mandiri, Majalah Warta Pajajaran Majalah Seni Budaya. Bisa jadi di sababaraha kabupatén/Kota séjénna. Boa loba majalah anu éksis di daérahna séwang-séwang.
Momentum Ngarumat Basa Sunda
Budaya Sunda mekar, cicirén urang Sunda motékar. Kitu jejer anu diangkat tur jadi pamadegan Dinas Pendidikan Kabupatén Bandung lebah mulasara basa jeung budaya Sunda. Henteu ngan saukur jadi pamadegan, tapi bari jeung prakna. Salasahiji kagiatan pikeun ngamotékarkeun urang Sunda sangkan basa leuwih mekar, méh saban taun Dinas Pendidikan Kabupatén Bandung ngayakeun rupa-rupa kagiatan budaya winangun pasanggiri. Basa Sunda, ngawengku lomba maca sajak, loma ngadongeng, lomba pidato basa Sunda, jeungpasanggiri pupuh..
Loba anu sapamadegan budaya Sunda kaasup di jerona basa Sunda ngarupakeun poténsi budaya nasional. Tapi, hanjakalna, dina kanyataan kaayeunakeun geus loba masarakat anu ngabaékeun kana basa Sunda jeung kurang wanoh kana sastra Sunda. Ieu kaayaan téh sakuduna jadi tanggung jawab saréréa kumaha sangkan basa jeung sastra Sunda mulang deui kana mangsa kajayaanana, hirup kalayan hurip di kalangan masarakatna.
Jeung aya deuih pasualan séjén anu masih kénéh kana kamekaran basa Sunda kaayeunakeun, teu saeutik kalangan nonoman Sunda atawa kaayaan kulawarga ngora geus teu eungeuh deui ngahirupkeun basa Sunda di jero imahna. Pangpangna di kota-kota badag jeung mimiti nagrémbét ka pakotaan-pakotaan pasian. Masih kénéh boga anggapan sieun jeung éra. Hiji fénoména anu kaalaman ku sakur rupa-rupa basa daérah di saban tempat. Kaasup basa Sunda, jiga geus loba anu katépaan, urang Sunda mimiti ninggalkeun basa indungna sorangan.
Loba anu bisa dijadikeun sabab-musababna mah. Lintang ti pangjaran basa Sunda anu ngan saukur pangjaran mulok anu dianggapna kurang diperhitungkeun di kalangan guru jeung murid, malah aya sakola anu ngahaja henteu ngajarkeun basa Sunda sagala apan. Kamalinaan teuing, lamun enya mah nepi aya sakola model kitu di tatar Sunda. Padahal lamun nilik kana ajén-inajéna, dina pangajaran basa Sunda atawa basa daérah téh ngandung ajaran religious jeung nilléy-niléy kabangsaan anu bisa ngabentuk watek jeung karakter generasi ngorana.
Pemprov Jabar, sabenerna mah geus aya tarékah ku cara ngaluarkeun Perda Nomor 14 Tahun 2014 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah. Ngan rék diaku atawa henteu tacan maksimal, komo kana idéal mah, jajauheun kénéh. Teu kudu dibabantah, da éta mah tinggal ngarasakeun enya henteuna. Dina harti, dina enyana, atuh hade. Dina henteuna, nya urang paju waé sakabedagna. Da kahirupan basa Sunda mah, moal tumpur sapanjang aya kénéh anu daék nyarita jeung nulis ku basa Sunda.
9 Aspék Kurikulum Basa Sunda
Palebah ngabahas pangajaran Basa Sunda, minangka pangajaran muatan lokal mandiri, tangtu waé bakal merelukeun parobahan sakumaha parobahan jeung kamekaran kurikulum nasional. Anu jelas, Pamaréntah Provinsi Jawa Barat, konsistén nerapkeun pangajaran basa Sunda di sakola-sakola di sakuliah Jawa Barat.
Revisi kurikulum basa Sunda, sakumaha nyoko kana Permendikbud Nomor 79 Tahun 2014, leuwih mentingkeun bisa ngahudang kasadaran potensi jeung kaunggulan daerah.
Ari anu dipaké dadasar bahan revisi téh sakumaha anu geus direkomendasikeun ku pihak Disdik Jabar, ngawengku; saperkara, sacara administratif, Kurikulum Basa Sunda dikembangkeun sakumaha padoman rambu-rambu jeung aturan anu dipedalkeun Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan.
Kadua perkarana, kamekaran Kurikulum Bahasa Sunda kudu merenahkeun jeung kondisi kamekaran jaman turta nurutkeun sakumaha kabutuhan masarakat. Ketilu perkarana, Dina nerapkeun Kurikulum Basa Sunda di sakola wajib ngabogaan target pikeun sakabéh jenjang pendidikan kalayan matok kana standarisasi kompetensi lulusan anu ditetepkeun Kemendikbud.
Kaopat perkarana, pikeun target udagan jenjang pendidikan, dina ngalaksanakeun pangajaran Bahasa Sunda siswa dipiharep kudu nepi ka mahér jeung paham kana kosa kata turta mampuh ngucapkeun jeung ngalarapkeun basa Sunda, boh lisan atawa wangun tinulis. Dina pengajaran Basa Sunda, ogé kudu bisa ngukur kana loba jumlah buku anu dibaca ku para siswa.
Klima perkarana, pengajaran Basa Sunda kudu dirojong ku referensi buku séjénna, ieu hal diperelukeun pikeun numuwuhkeun minat maca di kalangan siswa. Kagenep perkarana, buku anu dipaké dina pangajaran Basa Sunda, boh buku wajib atawa buku pangrojong pangajaran ngarupakeun buku anu geus lolos seleksi tur mibanda ajén nurutkeun hasil paniléyan lembaga anu syah turta prosés seléksina leuwih ngutamakeun aspek kejujuran jeung kualitas buku.
Kadalapan perkarana, évaluasi pengajaran Basa Sunda, boh internal atawa eksternal sakola. Kasalapan perkarana, LPTK kudu mampuh ngayakeun pelatihan kompetensi pikeun guru Basa Sunda sangkan ngahasilkeun guru basa Sunda anu bener-bener bisa dipiharep bisa ngajurung minat baca Basa Sunda di kalangan parasiswa.***
Naskah: Dadan Sungkawa