Selasa, 17 Jun 2025
Kandaga

Nyungsi Seni ti Bihari Nyawang Sunda ka Hareupna (Bagean: 1)

Seni di kiwari henteu leupas tina dukungan akademisi anu jadi ulikan ngahontal kasaimbangan antara kakiwarian jeung kabiharian. Ngajadikeun pintonan anu hegar tur ngahudang apresiatif.***

Kolom DADAN SUNGKAWA

SENI henteu ngan saukur ditilik tina jihad anu heureut. Tapi, bisa disawang kalawan leuwih jembar tur lega ambahanana, ngawengku sagala rupa hasil kréasi dina widang naon waé. Hiji jawaban tina hakékat seni, geus bisa katémbongkeun. Pangpangna mah lebah ngajawab kahirupan jeung kondisi seni dina jaman kaayeunakeun. Abad téknologi informasi, pikeun sakumna seniman henteu kudu ngajadikeun dipaké apriori, komo mun dipaké nampik kana kamekaran seni di sabudeureunana. Da, bongan seni sorangan ngalaman barobah, mekar ngindung ka waktu ngabapa ka jaman. Dina harti, bakal terus hirup nuturkeun kahayang pajamanan.

Bisi henteu percaya, kumaha seni ngalaman barobahna di saban mangsa, bisa kapanggih tina sajarahna. Lamun téa mah rék dipasing-pasing dumasar kana periodisasi, tétéla geuning kahirupan seni tradisi di Tatar Sunda salawasna teu weléh marengan luyu jeung majuna jaman. Jadi, teu kudu héran saenyana lamun kahirupan seni dina pakumbuhan kiwari méh deuk nyindekel kana kahirupan téknologi. Sabab, budaya kiwari mémang keur ngahaeub ka dinya. Béda pisan jeung baheula-baheula.

Kahirupan seni tradisional di tatar Sunda nurut kana babagian jamanna bisa dibagi kieu:

  1. Kahirupan Seni Tradisi Mangsa Bihari (saméméh abad XVII)
  2. Kahirupan Seni Tradisi Mangsa Kamari (abad XVII – abad XX)
  3. Kahirupan Seni Tradisi Mangsa Kiwari (abad XX-ayeuna)

Kahirupan seni tradisi dina mangsa bihari (saméméh abad XVII), yén seni lahir dumasar kana kasadaran spiritualitas anu sifatna dianggap sakral. Seni dipaké sarana keur nedunan bubutuh rohani enggoning ngahijikeun rasa katut diri jeung Gusti katut alam-Na. Ajén seni henteu ngan saukur ngudag niléy-niléy éstétik, tapi deuih leubeut ku niléy-niléy étika luhung tur niléy-niléy filosofi réligi.

Nuansa sakral, agung tur luhung jadi warna khas kahirupan seni tradisi mangsa harita. Seni-seni sakral atawa seni religius mangsa harita enya-enya dipaké jang nyumponan hasrat rasa ka-galuh-an (kagustian atawa kailahian) dina wangun upacara-upacara ritual.

Contona waé, dina seni karawitan. Kasenian monggang dina awal-awal kamekaranana, éstuning dipaké jang kapereluan upacara-upacara kaagamaan, anu dipalar baris ngahudang jeung ngutekkeun daya rasana sangkan deukeut ka gustina. Métalurgi parungu (pangreungeu) jeung musikologi murdaswara laras maya atawa laras pélog (tina palag atawa palahuan galuh), seni monggang, mangrupa gambaran hirup (lima nada), nyaéta (da=silib), (mi=sindir), (na=simbul), (ti=siloka) jeung (la=sasmita) nu ngawujud dina sora-sora nada téa.

Méh sakabéh jenis jeung wanda seni nu hirup dina mangsa harita, éstu ditujulkeun jang kapereluan upacara-upacara sakral. Boh upacara karaton, saperti dina upacara ngalokat, upacara ngawastu, upacara miteket, boh upacara di kalangan masarakat umum, upacara kuwéra bakti, upacara ngretakleun bumi lamba, upacara hajat bumi. Seni sakral karaton jeung seni sakral di kalangan umum mibanda fungsi keur ngajaga kasaimbangan hubungan manusa jeung Nu Maha Ngersakeun katut hubungan manusa jeung alamna, tanpa ébél-émbél matéri, sabab seni ngahiji jeung baktina, seni nu lahir tina rasa kaikhlasan.

Séjén deui jeung mangsa bihari, kahirupan seni tradisi dina mangsa kamari (abad XV – abad XX), sok disebut ogé jaman digénggong, hartina yén seni-seni nu geus lila hirup nyampak di masarakat Tatar Sunda (ti mimiti mangsa karajaan Kéndan nepi ka Pajajaran), mimiti kaasupan warna ti paluaran. Malah aya sari-sari hayang ngadéséh. Sabab, apan seni jeung budaya téh simbul nagara. Lamun hayang ngaleungitkeun nagarana, leungitkeun heula seni budayana. Dina mangsa harita, aya upaya pikeun ngaleungitkeun sakur pangaruh karajaan Pajajaran. Lamun hayang ngaleungitkeun Pajajaran, nya leungitkeun heula seni budaya Pajajaran. Ieu stratégi dipaké ku Cirebon, Banten, jeung Mataram enggoning ngaleungitkeun pangaruh Pajajaran di tatar Sunda.

Puluh-puluh taun tilu kakuatan budaya terus-terusan ‘ngagempur’ sakur seni titinggal Pajajaran ku cara ngarobah ajén seni. Anu tadina sakral, mimiti dileungitkeun kasakralanana. Gending monggang mimiti dijadikeun seni panglipur (seni hiburan) maké laras saléndro anu bisa diigelan. Seni penca silat anu fungsina jang béla diri jeung béla nagara, diganti ku seni ibing terbang. Seni pantun anu nyaritakeun kajayaan jeung babad sajarah raja-raja Sunda diganti ku wawacan.

Kahirupan seni tradisi Sunda dina mangsa digénggong bisa disebutkeun “sada Sunda lain Sunda”. Tapi, sok sanajan kitu, masih kénéh aya anu ngahaja nyalametkeun dina wanda anu séjén. Contona baé Dalem Wiratanudatar (Dalem Cikundul) anu nyalametkeun monggang jadi degung kawitan.

Ari kahirupan Seni Tradisi Sunda Mangsa Kiwari (abad XX – ayeuna), réréana nuluykeun kahirupan seni tradisi Sunda nu hirup dina mangsa kamari, seni-seni mangsa digénggong, nyaéta seni-seni tradisi anu kapangaruhan ku budaya ti paluaran. Sedengkeun seni-seni nu hirup dina mangsa bihari, seni-seni titinggal saméméhna (kasenian asli nu tacan kacampuran) geus teu pati réa anu katémbong. Malah, dina mangsa ieu mah, seni-seni tradisional gé geus mimiti ngalaman modifikasi ku alatan munculna seniman-seniman kréator nu rajin ngayakeun kolaborasi.

Aya upaya hayang ngadu-maniskeun seni tradisi nu hirup dina jaman saméméhna jeung kaayaan kalumangsungan jaman, ngudag kana jaman industrialisasi jeung téknologi. Seni Tradisi ukur dijadikeun tatapakan pamiangan. Henteu dihirupkeun sagemblengna deui. Anu wujudna sok disebut seni kontémporér.

Pésta Seni ITB 2010, misilna bae, anu dipidangkeun ku para mahasiswa, alumnus Fakultas Seni Rupa Dan Désain (FSRD) gawé babarengan jeung fakultas lianna di ITB, katut para seniman Bandung geus hasil nyumiratkeun fungsi kamahasiswaanna, fungsi kasenimanana, nyaéta méré  pituduh, pangaweruh, ngélingan ka masarakat awam, yén seni jeung budaya téh lain baé ngan saukur tontonan atawa hiburan (saperti ngawanohkeun deui seni tradisi seperti anu dipintonkeun dina Wahana Zona Tradisi anu midangkeun rupa-rupa kesenian jeung kabudayaan Sunda buhun/kontémporér), tapi ogé nyadarkeun, ngélingan. Sabab apan dina hakékatna mah nya, tina pamiangan budaya, manusa bisa jadi leuwih adab, jadi leuwih wijaksana, Ngaliwatan kabudayaan, manusia jadi leuwih mibanda étika, adat katut istiadatna nu positif. Mangka kitu, sawadina kudu wanoh jeung mulasara budaya-budaya Nusantara katut kaarifan lokalna (kawijaksanaan/palasipah tradisional) anu geus kabuktian bisa ningtrimkeun haté. Tangtu baé bari jeung henteu kurung batok, henteu anti téknologi informasi canggih anu keur terus mekar, tapi kudu bisa nyaringna, malar éta téknologi bisa mantuan kréasi para seniman, sangkan mibanda ajén anu nyongcolang tur linuhung.***



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *