Kolom DADAN SUNGKAWA
KUMAHA kondisi seni budaya mangsa ayeuna? Ngajaga-ngariksa Kapribadian Nasional jaman Sukarno anu geus hasil ngabendung seni budaya deungeun, kari waasna, kari cutatan sejarah masa kaemasan ngarajana seni budaya lokal. Tojaiah jeung jaman orde lama, orde reformasi kiwari, seni budaya Nusantara, kaasup seni budaya Sunda, keur nyanghareupan tantangan intervénsi budaya luar anu karasa luar biasa. Ku kituna teu saeutik para inohong dina widang seni budaya anu ngarasa miris jeung honcéwang, malaur seni budaya lokal sirna ing bhumi.
Kabenerana téh dina tutup taun 2011, diayakeun “Konferensi Internasional Budaya Sunda II, “ (KIBS) di Gedong Merdéka Bandung, 19-22 Desember 2011. Nalika bubuka konférénsi, wakil ti pamaréntahan puseur, Waméndikbud, Windu Rianti, nétélakeun, yén urang teu bisa ngelés tina intervénsi budaya luar, cenah. Kilang kitu, ceuk Windu Rianti deui, mun urang mampu ngajaga jeung ngariksa kabudayaan urang tina pangaruh négatif, mangka urang, baris ngawangun citra positip turta ngungkulan pasualan-pasualan négatif mangsa kiwari. Ngaliwatan budaya lokal, urang bisa nyieun acuan pikeun budaya séjénna ngarah jadi arif, cenah. Ku lantaran kurangna peran budaya lokal, nya patingpucunghul sagala macam problématika kiwari. Padahal, cenah nurutkeun inyana, sawadina budaya lokal bisa dijadikeun instrumén strategis pikeun nyiptakeun manusa Indonésia nu cerdas, terampil jeung bertakwa.
Dina éta kasempetan, Ganjar Kurnia, Ketua Panitia Konférénsi ogé nétélakeun, upaya pikeun nyanghareupan gempuran budaya luar téh salah sahiji tarékahna, nyaéta miara jeung mulasara budaya karuhun urang (révitalisasi). Nurutkeun Ganjar deui anu harita nyangking jabatan Rektor Universitas Padjadjaran téh, ngeceskeun, révitalisasi budaya Sunda diwengku ku dua jenis, nyaéta nu kondusif jeung nu teu kondusif dina kamekaran masarakat. Anapon budaya aya nu hirup kenéh jeung aya nu keur masih saré kénéh. Atuh anu hirup kudu terus dimekarkeun, anapon nu keur saré, hayu urang hudangkeun. Nurutkeun inyana deui, nu teu kondusif, hartina sisi nu teu hadé tina budaya Sunda anu kudu dijadikeun bahan pieunteungan turta keun cuang teundeun baé, sina jadi cutatan sejarah mangsa katukang. Kukituna cenah, urang kudu bisa nga-invéntarisir, kadua jenis di luhur, ngarah budaya Sunda bisa nyanghareupan tantangan di éra globalisasi kiwari, kitu jelas Ganjar.
Mucunghul pertanyaan, kumaha nasib seni jeung budaya Sunda dina taun 2012 jeung kahareupna? Kumaha ngimpleméntasikeun (prak-prakanana) kamandang para inohong budaya Sunda tina hasil KIBS II? Geuning saur Wamendikbud, Windu Rianti, kiwari urang teu bisa ngelés tina gempuran budaya deungeun? Bari mupujuhkeun, urang kudu balik deui kana budaya lokal.
Jawabna kawasna henteu gampang. Lantaran réa rambat kamaléna, anu enas-enasna meubeut meulit kana pasualan politik will pamaréntah, atawa ketak jeung kahayang patékadan pamaréntah. Maksud téh, naha pamaréntah, boh pusat, boh daérah, bener-bener boga tékad buleud hayang ngabendung asupna seni budaya luar? Ngan baé kanyataan anu kaalaman ku urang ayeuna, apan unsur budaya luar puguh keur bébas, sabébas-bébasna nyulusup ka lemah cai urang, ngaliwatan kamajuan abad informasi anu ditanggeuy ku mingkin canggihna téknologi éléktronik. Atuh ana kitu aweuhan para inohong pengamat budaya téh dina unggal konférénsi, sangkan urang bisa ngabendung seni budaya asing, meureun ngan ukur rétorika wungkul, alias prak-prakanana mah hésé béléké.
Saperti ceuk Chaédar Wasilah nu jadi steering committee KIBS II. Nurutkeun inyana, pendidikan di Jawa Barat salila ieu acan hasil ngajadikeun generasi ngora Sunda terdidik turta sadar kana poténsi alam jeung kabudayaanna. Kunaon sababna? Lantaran cenah oriéntasi pendidikan intelektual henteu nolih kana orientasi kultural. Éta kondisi ngabalukarkeun sistem pendidikan kiwari, ngan ukur ngahasilkeun birokrat-birokrat anu tuna budaya. Ku kituna, cenah, teu matak héran, mun réa kawijaksanaan pangwangunan di tatar Sunda, henteu sajalan jeung roh kabudayaan Jawa Barat.
Ngeunteung deui kana jaman pamarentahan Sukarno, mangsa harita urang bisa miara kabudayaan sorangan bari bener-bener nolak seni budaya deungeun anu teu loyog jeung kapribadian timur? Naha harita bisa, ari ayeuna henteu? Jawabna, lantaran kuatna kapamingpinan presiden Sukarno. Politik will-na atawa ketak jeung kiprah pamaréntah anu bener-bener hayang ngabendung kabudayaan asing, mun perlu maké cara “tangan besi,” saperti diilustrasikeun di luhur. Kumaha babandinganana jeung mangsa kiwari? Naha kudu nyonto politik will pamaréntahan Sukarno. Tangtu moal bisa. Lantaran geus lain jamanna, sabab ayeuna mah urang hirup dina jaman HAM atawa Hak Azazi manusia. Urang bébas nangtukeun karesep. Jadi kudu kumaha atuh sikep urang ayeuna? Paling copélna meureun, ari program ngawanohkeun seni budaya lokal mah kudu tetep jalan, disagigireun seni budaya luar angger mayeng asup, da geus dianggap munasabah dina éra globalisasi mah. Da geuning, ieu pasualan téh lain ngan ukur di nagri urang wungkul, dalah di nagara berkembang gé, idem dito, alias sarua baé. Sarua keur ngalaman jaman digénggong taraté. Ieu teh palasipah Sunda buhun, hartina keur dijajah budaya deungeun, tapi teu karasa asa dijajah.***