LBNews,com. MAJALAYA, – Alatan pada ngantep, boh pihak pamaréntahna kitu deui masarakatna, ieu kasenian khas warga Balékambang Désa Sukamaju, Kecamatan Majalaya téh geus lila carem. Padahal seni kohkol atom mibanda ajén sajarah nu kalintang panjangna. Nurutkeun Obéck Junaédi, seniman Sunda nu matuh di Australia, kasenian kohkol atum mibanda asal-usul minangka gambaran réaktif masarakat Majalaya, Kabupatén Bandung dina mangsa transisi kakuasaan di Indonésia nalika dijajah ku Bangsa Jepang.
Harita, waktu peristiwa bom Hiroshima di nagri Jepang, teu kungsi lila urang Jepang nyerahkeun kakuasaan Indonésia. Béja Jepang serah bongkokan ka pihak Sekutu, disusul ku ayana béja Indonésia merdika, masyarakat Majalaya pingpinan Awa Wijaya, H. Éwét, Patma, Radén Omo, Arma jeung Darma méh saban peuting ruang-riung di sabudeureun Kampung Balékambang (baheula mah ngaranna Désa Padasuka) teu eureun-eureun jaga lembur ngajaga kaamanan wilayah. Kituna bari jeung marawa kohkol. Tangtu wé cara nabeuhna gé, henteu sagawayah, tapi maké rasa seni, dina harti maké wirahma sangkah masarakat henteu gareuwah ku kaayaan nagara anu sakitu gentingna.
Bubuhan dina mangsa harita mah tacan réa alat komunikasi, nya kolompok Awa Wijaya saparakanca anu terus-terusan ngabéwarakeun kaayaan di puseur pamaréntahan nepi ka ayana béja peristiwa proklamasi kemerdékaan anu dibacakeun ku dwi tunggal Soekarna-Hata. Sabada proklamasi dibacakeun, nya teu lila kolompok jaga baya nu resep nabeuh kohkol pingpinan Awa Wijaya saparakanca milu aktif ngabéwarakeun béja kamerdikaan Indonésia ka warga Majalaya sabudeureunana anu disambut ku rasa sujud syukur sakabéh warga.
Alatan gedé rasa katineung kana sora kohkol nu remen dipaké dina mangsa-mangsa awal kamerdékaan ti keur waktu peristiwa ngabeledugna bom di kota Hiroshima Jepang, nepi ka kiwari éta pakakas kohkol téh katelah kohkol atom minangka aprésiasi masarakat Majalaya, khususnya warga Kampung Balékambang kana peristiwa awal-awal mapag kamerdikaan Indonésia, jadi seni kohkol atom.
Pakakas kohkol nu dipaké ku kolompok Awa Wijaya saparakanca kabéhna aya lima kohkol anu masing-masing ngabogaan wirahma husus, nyaéta (1) ketuk, (2) tong, (3) turulung, (4) badubangpak jeung (5) celempung.
Alatan kataji ku niléy-niléy sajarahna, kesenian kohkol atom pingpinan Awa Widjaya kungsi diondang ka istana negara ku Presidén Soekarna dina taun 1948. Tuluy téh dina taun 1955, malah kungsi deuih diondang pikeun jadi musik bubuka dina acara Konférénsi Asia Afrika di Gedong Merdéka..
Dina taun 1960-an, Kasenian Kohkol Atom saterusna dimekarkeun ku Daya Seni Lingkung Lembur kalayan pingpinan Bp. R.S. Sutia (Kepala SD V Majalaya manten). Mangsa harita, kesenian kohkol atom kungsi manggung di Gedung Miramar, anu dikokojoan ku Aténg Mustopa, sesepuh De Kabayan. Malah ku RRI Bandung, musik kohkol atom kungsi dijadikeun musik bubuka dina acara Padésaan.
Seni anu ngabogaan ajén sajarah tur sakuduna bisa diusulkeun jadi Warisan Budaya Tak Benda (WBTB), ngabogaan poténsi bisa ditarékahan ngaliwatan program révitalisasi seni tradisi. (Dadan Sungkawa)***