Senin, 17 Mar 2025
Kandaga

Rampak Kendang Ngirut Pamaen Perkusi Mancanagara

ISTILAH Rampak Kendang awal mulana mah, lahir tina mangrupa reportoar dina karawitan Sunda, anu kungsi booming antara taun 1980-1990-an. Éta répertoar téh ka-inspirasi ku salah saurang mahasiswa ASTI (robah jadi STSI, kiwari robah deui jadi ISBI) Bandung. Éta perintis Rampak Kendang teh, wastana Yoyo Risyaman Wiranata, nu ngayakeun récital (tugas ahir dina wangun pagelaran) nu digelar taun 1982. Récital nu diayakeun di Aula Sunan Ambu, ASTI harita, judulna, unik, “Bujang Rimbitan.” Yoyo nyipta lagu mangrupa kawih nu dipirig ku waditra gamelan Pélog jeung Saléndro anu diwengku ku saron indung, saron anak, péking, demung, salentem, bonang, rincik, kenong, gambang, rebab, goong jeung kendang. Ilaharna dina pidangan gamelan, waditra kendang ditabeuh cukup ngan ku saurang pamaén, atawa juru kendang. Tapi, maklum dina récital mah, kudu bisa nyiptakeun hal-hal nu anyar, ngarah bisa lulus kalawan nyugemakun, nya Yoyo nyiptakeun kréasi anyar, nyaéta waditra kendang ditambahan jadi tilu sét kalawan panabeuhna gé tiluan, nyaéta, Kosim Purwaganda, Tatang Atung, jeung Barlén Sutisna.

Yoyo satuluyna ékspérimén deui. Kréasi anyarna nu midangkeun gamelan maké tilu kendang, dimekarkeun di SMKI Bandung, kalawan dibantuan ku Nandang Barmaya. Pagelaran munggaran di SMKI jeung di luar kampus, nyatana suksés. Nu lalajo nu nu ngarasa kataraji. Atuh  kapala SMKI, Yaya Sukarya ngarojong kréasi éta dua seniman, anu satuluyna, Yoyo jeung Nandang, magelarkeun Rampak Kendang, disebut kitu sabab para pamaénna nepi ka antara 20 tepi ka 30 urang pamaén kendang. Sajatina mah, réa kénéh kréasi para mahasiswa atawa lulusan sakola karawitan téh, misalna aya seni Rampak Gambang, Rampak Dalang, anu mana pertunjukan wayang golék dipaénkeun ku opat dalang, aya deui Rampak Kacapi, jeung Rampak Suling. Tapi nepi ka danget ieu, kakara Rampak Kendang anu geus suksés remen makalangan jadi mangrupa pagelaran anu teu weléh matak ngirut dédéngéan jeung kataji ku aktraksi koréographi-na. Angot ayeuna mah, Rampak Kendang geus geus bisa dipaénkeun ku para pamaén wanita, sok sanajan lebah dangdananna rada kurang sopan, méh deuk nyérémpét kana éksotis atawa seronok.

Malah aya tatabeuhan perkusi nu dipaénkeun ku wanita dina dangdanan Barat, bari diadu-maniskeun jeung musik nu dipingpin ku DJ. Sok sanajan béda jeung tabeuhan kendang, tapi dina gaya rampakna, katut koréogoraphi-na, aya seni tari jeung gerak dina sela-sela nabeuh perkusina, kawas kailhaman ku Rampak Kendang.

Sabab perkusi mah kaasup pakakas musik pangkolotna, anu matak kungsi UNESCO sababaraha kali ngayakeun féstival perkusi dunia, anu diiluan ku réa nagara. Ngan danget-danget ieu mah tara deui kadangu kabarna féstival perkusi dunia téh. Mun mah diayakeun deui féstival perkusi dunia, kawasna Rampak Kendang perlu diilukeun, sabab unik jeung teu lazim jeung perkusi dunia lainna, anu ukur dipaénkeun ilaharna sorangan atawa paling loba opatan. Perkusi dunia nu geus dipikawanoh pisan di dunia mah, anu asup jenis tradisional, nyéta tabla, atawa kendang India, anu kiwari jadi pola dasar tepakan dina musik dangdut. Perkusi lainna nu geus remen mentas di acara-acara perkusi nyéta jembe atawa perkusi Afrika. Anu unik mah Jepang, boga tradisi nabeuh perkusi, anu wangunna, persi bedug di urang. Ngan tara dipaénkeun dina vérsi rampak. Modél di urang geuning aya ogé nu katelah Rampak Bedug sagala, cara nabeuh bedug Jepang mah, ku sorangan. Unikna téh nu nabeuhna hiji lalaki nu buligir atawa témbong dada, ka handapna maké samodél calana pondok ari sirah maké iket bodas. Kasenian nabeuh bedug ala Jepang kaasup kana salah sahiji ritual khas Jepang, tapi sok remen dipentaskeun, kaasaup dina éven internasional. Ku kituna urang gé perlu nga-promosi keun Rampak Kendang ngarah, dipikawanoh ku masarakat dunia. Dadakuna para pecinta perkusi.

Sabab kasenian Rampak Kendang téh unik, aktraktip ajang seni pertunjukan jeung réa pisan variasi tepakanna, antukna ieu kasenian Sunda nu dinamis téh kungsi ngirut para musisi perkusi dunia. Geus réa para musisi mancanagara anu daratang ka Bandung harayang diajar nepak kendang. Malah di Amérika Serikat mah, di salasahiji univérsitas, geus dibuka jurusan kasenian Sunda, nu diantarana ngajarkeun kasenian Rampak Kendang anu dosénna ngahaja didatangkeun ti Bandung. Kasenian Rampak Kendang kawasna mah masih terus dimekarkeun deui, diantarana aya musik ékspérimén, nu ngadu-maniskeun Rampak Kendang jeung warna musik sejenna.***.

Dadan Sungkawa/Diropea tina sawatara sumber



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *