SALASAHIJI kasenian buhun di wilayah Kabupatén Bandung anu katingalina teu pati enya dipikawanoh nyaéta seni beluk. Padahal ieu kasenian téh kaasup salasahiji warna genius local anu perelu dimumulé. Lamun perelu diayakeun révitalisasi minangka salasahiji kasenian tradisional anu bisa dimekarkeun dina hirup kumbuh seni kaayeunakeun.
Kesenian beluk kagolong kana wanda seni vocal nu mibanda gaya khas tur mandiri, sabab béda jeung jenis-jenis seni olah vocal dina kasenian séjénna, boh dina tembang atau garapan lagu-lagu kawih. Kitu deui dina segi pintonanana, henteu sambarangan bisa dimana baé, sabab aya sari-sari ieu kasenian téh ruket jeung upacara sacral di kalangan masarakat.
Upama ditilik tina jihat kasang tukangna, seni beluk méh idéntik jeung kahirupan masarakat tani pahumaan. Bisa kapanggih tina warna vocal anu dibawakeunana, anu kareungeuna tarik. Cenah mah, alatan tina kabiasaan para patani, upamana di pahumaan dimana nyarita téh henteu lalaunan, malah semu ditanagaan da ngarah kareungeu. Maklum ari nyaritana téh henteu adu hareupeun, aya kalana siligeroan di tempat pagawéanana sewang-séwangan, antar huma.
Anu kaduana, bisa ogé ieu seni beluk téh gambaran kahirupan masarakat did aérah pagunungan dimana ari indit-inditan ka leuweung atawa ka reuma. Pikeun ngusir rasa kasimpé, nya sok rajeun hahariringan ku sora anu ngahaja ditarikkeun, dialeu-aleu.
Ku kamekaran seni wawacan atawa seni macapat, beluk anu tadina ngan saukur tradisi lisan di alam bébas, mimiti ngahiji jeung disusurup sakumaha tungtutan dina seni wawacan anu ngabogaan patokan-patokan anu geus ngabaku, dina pola wangun jeung pola lagu. Wawacan kaiket ku aturan pupuh anu geus ditangtukeun, saperti Kinanti, Dangdanggula, Asmaranda, Sinom. Maskumambang jste.
Beluk jeung wawacan remen dipidangkeun dina acara-acara ritual salametan panén, syukuran budak anu bisa diayakeun di imah, henteu ngagunakeun panggung-panggung pertunjukan. Tukang beluk, biasana dariuk dina samak ngurilingan katuangan (sasajén) anu ngahaja ngajajgrak, disiapkeun ku nu mangku hajat kalawan pola ngariung.
Dina prak-prakanana, kolompok kasenian beluk ngabagi tugas, aya nu disebut tukang ngilo, nyaéta anu macakeun rumpaka tina wawacan kalayan tanpa dilagukeun, cukup ku dibaca kawas maca carita sagorolongna, henteu gancang henteu tarik. Dibacana tiap padalisan atawa saban baris. Aya deuih anu disebut tukang ngajual, nyaéta anu ngalagukeun rumpaka anu dibaca ku tukang ngilo nurut kana watek pupuh. Ti dinya kakara ditémpas ku tukang meuli, nyaéta anggota rombongan beluk anu tugasna neruskeun lagu anu dibawakeun ku tukang ngajual, kalayan dinamika sora anu leuwih ngahudang émosi. Aya deuih anu disebut tukang naékkeun, anu pancénna neruskeun lalaguan ti tukang meuli kalayan sora nu luhur, dialeu-aleu. Sakapeung mah artikulasina henteu pati jelas.
Peran éta téh diantara para tukang beluk mah, bisa piligenti, bagilir baé anu dimaksud pikeun ngajaga fisik jeung kualitas sora sangkan, sabab mawakeun beluk mah merelukeun waktu anu lain sakeudeung. Aya kalana nepi ka sapeuting jeput sakumaha panjangna carita wawacan anu kudu ditepikeun.
Di wilayah Kabupatén Bandung, kasenian beluk masih kénéh hirup di sababaraha tempat. Contona waé, di Cikondang Pangaléngan, Ciapus Banjaran jeung Kampung Pisitan Paséh.
Kasenian beluk Cikondang jeung Ciapus mémang geus ti beula dipikawanoh, tapi ari di Kampung Pisitan mah tacan pati réa nu apal. Kakara dina taun 200o-an, kesenian Beluk ti Kampung Pisitan karoris sabada Disdikbud Kabupatén Bandung ngayakeun dokuméntasi jeung revitalisasi seni-seni buhun buhun minangka salasahiji artefak budaya anu kudu disalametkeun.
Kampung Pisitan pernahna di Désa Sindangsari Kacamatan Paséh. Ieu kasenian téh geus aya ti saméméh kamerdikaan jeung turun-tumurun nepi ka danget kiwari. Mimiti pisan dibaladah ku Ki Alhiam anu nelah Aki Gedé.
Sabada Aki Gedé pupus, ieu kasenian téh diteruskeun ku putrana, nyaéta Aki Kasim jeung putra Pa Omon (1950-1970). Dina mangsa harita, kasenian beluk Kampung Pisitan ngalaman puncak kajayaan, dina harti loba nu nabeuh. Lain di lingkungan masarakat Paséh waé, malah remen midang di sababaraha tempat. Kaasup remen diogan ka Bandung.
Kiwari, seni Beluk Pisitan dicepeng ku Bapa Aman Rukayat kalayan anggotana Ao Rahman, Nurkaya, Lili Suwarna, Hendi, Atép Rumansyah, Jajang jeung Héndan. Pa Aman sorangan mimiti ngagarap beluk Pisitan ti taun 1978 nuluykeun lacak kolotna.
Béda jeung kasenian beluk séjénna, Seni Beluk Pisitan henteu réa gulayaban ngagarap carita tina wawacan nu geus umum, kayaning Wawacan Ogin, Purnama Alam, Rengganis jste., tapi ngabogaan wawacan sorangan anu disebutna Wawacan Samaun. Ceuk sakaol mah, tokoh Samaun téh anu nyebarkeun agama Islam di wilayah Paséh jeung sabudeureunana. Lalaguanana, nyaéta Pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula, Magatru, Pucung, Pangkur, Maskumambang, Mijil, jeung Durma
Ieu wawacan téh ngalalakonkeun Samaun. Anjeunna téh putra sodagar ti kaum kafir Abu Jahal, anu katelahna Halid bin Walid. Najan kolotna kafir, ari Samaun mah ti barang gubrag gé geus muslim. Malah aya kajadian aheng, basa lahirna, orok téh bet tuluy sujud ka Allah ku ngucapkeun dua kalimah syahadat.
Samaun putra anu dipikahayang, sabab saméméhna, ti bojona, Siti Huna, Halid bin Walid gaduh putra 9 urang, kabéh istri. Alatan hayang gaduh putra lalaki, anjeunna teras-terasan ngadunga ka berhala. Ana gubrag, nalika Samaun lahir, dibarengan ku cahaya nu tingbelesat. Bareng jeung kitu, loba berhala anu jadi sesembahan kolotna, ngadadak ancur. Malah Samaun pisan nu ngancurkeun berhala-berhala anu jadi sesembahanana. Ti harita Samaun terus merangan kaum kafir dina mangsa perang badar pikeun nanjeurkeun tur nyeungitan nyebarna agama Islam.
Naskah Wawacan Samaun, henteu jelas saha nu ngarangna. Ieu naskah téh ditulis dina buku catetan biasa, beunang nyalin, da nu aslina mah geus leungit dina mangsa DI/TII sabab lembur Pisitan kungsi diduruk ku gorombolan. Untung naskah wawacan Samaun kaburu kasalin.
Ieu naskah téh ditulis tangan maké aksara Arab. Tulisanana rapi, tur bisa kabaca. Nepi ka danget ayeuna, ieu naskah téh dianggap barang pusaka, da puguh ngan aya hiji-hijina. Hanjakal ieu carita téh, can bisa disalin kana latén.***