Naskah: Agah Nugraha
MASARAKAT Cianjur, ti jaman iraha mula, sabagéan gedé kasabna téh kana tatanén, dadakuna melak paré, anu antukna, paré nu jadi béas téh, geus lila ngamashurkeun ngaran Cianjur, nelah geuning, béas Cianjur mah pulen jeung seungit. Tina kasab utama melak paré téa, antukna lahir kasenian nu aya pakuat-kaitna jeung tatanén paré. Nu dimaksud téh kasenian réngkong. Ieu seni nu kaasup golongan kasenian Sunda buhun, bisa ditingal di Kampung Kandangsapi, Désa Cisarandi, Kacamatan Warungkondang. Asal-usul kasenian réngkong, kocap tina proses pamindahan paré huma kana leuit. Hal ieu raket kakaitanna jeung sajarah melak paré di tatar Sunda. Dina jaman karajaan Sunda bihari mah, urang Sunda téh, mun melak paré, lain disawah, cara modél ayeuna, nu mana sawah mah maké sistim irigasi atawa saluran cai, ngarah ngeueum pelak paré nu masih ngora. Tah, baheula béh ditueun baheula mah, urang Sunda, melak paré téh di huma di suku pasir, caina ku cara tadah hujan. Kakara tutas tatar Sunda diéréh ku karajaan Mataram, nya, budaya tani urang Mataram diajarkeun ka urang Sunda, tani nu asalna melak paré ku cara ngahuma, dirobah jadi cara mélak paré maké sistim pengairan, atawa irigasi, tug nepi ka kiwari teu robah deui, melak paré mah di sakuliah tatar Sunda, di sawah. Jadi bisa disawang kasenian réngkong teh, umurna geus lila pisan, mungkin masih dina jaman karajaan-karajaan Sunda bihari, nu masih melak paré ku cara dihuma.
Ari nu kasebutna ngahuma, jaman bihari, geus biasa sok pundah-pindah tempat, béda jeung cara nyawah nu caian, nu lahanna atawa sawah, serang, angger dina lahan nu éta, tuluy jadi warisan turun tumurun. Tah, dina mangsa ngahuma mah jaman baheula pisan, éta paré meunang manén, kudu dibawa balik ka imah pa tani. Ari jaman harita jarak antara huma jeung lembur pa tani téh kaitung jauh. Ku kituna diperlukeun pakakas kuat, paragi ngangkut paré. Alat angkut téh mangrupa awi gombong nu dijadikeun rancatan, paragi ngaitkeun renggeuyan paré huma. Momot paré nu dikaitkeun kana rancatan awi gombong téh kira 25 kg, nu mana paré téh dibeungkeut ku tali tina injuk tangkal kawung. Tah, sajajalan nalika dipanggul, tali injuk nu meungket sabubuhan paré, ngagésék kana rancatan. Ana direungeukeun ku nu nanggung paré, ngawirahma, siga sora manu rangkong, atawa sijulang. Nya tuluy aya ideu, cara ngangkut paré nu ngaluarkeun sora siga manuk rangkong t¥h, dijadikeun kasenian nu disebut réngkong, béda ngucapkeun hurup a, jeung e wungkul.
Susunan Pamaén Réngkong
Kocap lahirna kasenian rengkong nu geus dimodipikasi téh kakara diwanohkeun ka masarakat kira di abad ka 19. Kocap kasenian réngkong meunang kreasina urang Warungkondang. ngaranna Said. Dina prakna pagelaran kasenian réngkong, dasarna mah, kana sora tina gésékan injuk kana rancatan tina awi gombong téa. Tah, supaya sorana leuwih harus nya diakalan maké minyak tanah. Carana. Rancatan tina awi gombong nu panjangna antara 2-2,5 metér, di dua tungtung awi, dikohokan, terus diasupkeun tambang injuk nu digantungan paré nu momotna antara 20-26 kg. Beurat paré teu meunang leuwih ti sakitu, mun leuwih momotna, matak ngabalukarkeun rancatan potong. Tah tiap nu manggul paré teh bari laleumpang bari aya gerak mirip gerakan nu ngawirahma, mirip nu ngigel. Ari tamban injuk nu ka ayun –ayun antara di dua tungtung rancatan, nu dibaluran ku minyak tanah, ngahasilkeun sora siga manuk rangkong téh jadi leuwih harus. Atuh ngarah leuwih nyari ditukangeun para pamaén nu maranggul paré bari semu ngingel, diramékeun ku para pamain lainna nu tugasna ukur nabeuh waditra, nyéta, dogdog jeung angklung buncis Ari jumlah para pamaén ieu kasenina téh, aya 14 urangna. Nu diwengku ku, 2 urang sabagé pamaén réngkong gedé, 3 urang sabagé pamawa réngkong leutik, 4 urang panabeuh dogdog, nu diwengku deui ku dogdog tingrit, dogdog tongsong, dogdog brungbrung, jeung dogdog gedeblag. Para pamaén angklung buncis wé nu jumlahna aya 5 urang. Kabéh para pamén nu lalaki wungkul téh maraké baju kamprét jeung calana pangsi nu kelirna sing sarwa hideung, mastakan wé diariket batik jeung nyoléndangkeun sarung.
Kasenian réngkong nu aya di Warungkondang, ilaharna digelar mun aya poé-poé kaagamaan, atawa pengeling-ngeling hari proklamansi kamerdikaan RI. Pintonan réngkong mah moal bisa dipidangkeun di panggung, da apan ngagambarkeun badaratna para patani bihari nalika ngangkut paré ti huma nu deuk dipindahkeun kana leuit. Jadi pagelaran téh mangrupa hélaran, atawa arak-arakan. Béda jeung wanda kasenian Sunda buhun lianna, nu aya kakaitanna jeung ritual. Tah, réngkong mah di-kreasikeun ku Said nu timu kana ieu kasenian, tujuanna malulu ngan ukur ajang hiburan wungkul, luyu jeung asal-usulna dina jaman baheula, ayana sora nu tina gésékan tali injuk kana rancatan téh, mangrupa dédéngéan nu ngahibur, tamba kesel jeung pegel, nalika ngangkut paré.***