Kamis, 13 Mar 2025
Kandaga

Tina Réog kana Réak, Nasib Seni Tradisi Beuki Ngarakacak

LBNews.com. – Urang sebut we, Bah Sain téh umurna geus teu ngora deui. Méh nincak 70 taun yuswana téh. Tapi, sumangetna ngahirupkeun seni Sunda mah, kawasna teu pareum-pareum. Euweuh bosenna, taya sudana. Terus ngeureuyeuh, terus ngalir kawas cai dina susukan nu pinuh ku rerembetan. Lain cai anu ngagulidag, mémang. Ieu mah éstuning cai susukan nu dangdangrat atawa macak-macak. Di sakulibek dinya pisan, Bah Sain ngahirupkeun kasenian anu dikokojoanana kalayan maké ngaran group Pancawarna. Ari kasenian anu dikeukeuweukna téh seni réog, titinggal nu geus buhun.

Dina mangsa taun 1960 nepi ka 1980-an, pakumpulan seni réog Group Pancawarna pingpinan Bah Sain, kaitung haneuteun ku nu nabeuh. Saban minggu manggih bulan tepung taun, tara kungsi ngalaman reureuh lila, komo nepi kana losna mah, teu weléh aya waé nu ngangkir manggung. Ti nu deukeut nepi ka nu anggangna, ti lembur nyingkur nepi ka brasna jero kota, kungsi kaidek ku réog nu dikokojoanana.

Réog Pancawarna Bah Sain ngalaman ngagalanggang makalangan, komo ieu kasenian réog téh disempalan ogé ku réog wanoja anu pamaénna nyaéta Mamah (55), Ijah (70), Esih (50), Sugiarti (60), Erom (60) jeung Sarni (66), anu baheula mah kaasup para pamén béntang panggung Grup Pancawarna. Ari ayeuna mah, jigana geus narungtutan suda, ku ka kolotan. Apan umurna ogé rata-rata mah geus leuwih ti 50 taunan. Ceuk saliwatan mah, naon daya tarikna nabeuh réog nini-nini jeung aki-aki. Tapi, ké heula, ari tempo manggung mah, najan geus karolot gé, moal ieuh matak teu pogot. Malah bisa jadi kaunikan. Pan ari dunya seni mah, teu kaukur jeung teu kauger ku umur. Cara Bah Sain jeung Ma Ijah, najan geus karolot gé, tetep matuh neundeun kasatiaan ngahirupan seni anu dipikameumeutna. Sanajan meureun henteu cara baheula-baheula. Ayeuna mah malah leuwih kana jadi pangaping jeung panuyun ka nu ngarora.

Carita baheula, geus jadi panineungan kiwari. Réog Pancawarna, kiwari mah geus robah carita, ganti warna. Diturunkeun ka anak buahna, geus lain réog deui. Ganti kana réak. Boh réog, boh réak, ari pamaénna tetep nu baheula, bari ditambahan ku nu ngarora, dulur-dulurna jeung batur-batur tatanggana salembur, kalayan maké ngaran grup anyar, katelahna Grup Abimanyu Muda atawa Putra Bimanyu Muda.

Para paméan Réak Putra Bimanyu Muda kaitung euyeub, aya kana puluhna. Geura nya urang sebutan: Tata (juru kunci), Engkos, Uman, Arif, Uun, Cucu, Komara, Karyo, Ina, Nia, Ago (Kendang), Dodo (bedug), Enjang (tarompét), Sarni, Marni, Idas (juru sinden), Aldi, Eman, Anang, Rukman (bangbarongan) kalayan dipingpin ku Rohimin. Bah Sain jeung Ma Ijah gé, teu leupas kitu waé, milu ngaping jeung ngajeujeuhkeunana.

Nurutkeun Bah Sain, sakur para pamaén téh henteu matuh nyepeng hiji waditra.  Piligenti, saha nu capé, langsung digalang ku nu séjénna. Malum, kapanan seni réak mah merelukeun kagiatan fisik sagala, kudu leumpang jauh abring-abringan, matak bologot késang nurutkeun ruteu anu dipikahayang ku nu nanggapna, da sipatna seni helaran di luar panggung. Leumpangna téh mangkaning lain ngan ukur puluh atawa ratus méter, bisa jadi leuwih ti sakilo méter. Jadi henteu cicing anjeucleu dina luhur panggung. Wajar lamun pamaénna kudu euyeub téh.

Grup Pancawarna atawa anu ayeuna geus ganti ngaran jadi Grup Putra Bimanyu Muda pernahna di Kampung Lémbangbadak, Désa Jelegong, Kacamatan Rancaékék. Ieu lemburna téh kaitung nyumput. Mun ti Jalan raya Rancaékék mah, kahalangan ku sababaraha luwuk lembur, terus mubus ka jero, ngaliwatan kompléks parumahan jeung pasawahan, kaasup pangjolokna, mapay gang anu tadina urut galengan sawah. Matak wajar lamun gangna gancang ruksak bari jeung rada heureut. Mun pareng motor papaliwat téh, nu saurang mah wayahna kudu ngéléhan eureun heula atawa mundur deui ka nu rada lega.

Tah, anu biasa dijadikeun markasna téh, taya lian nyaéta imah Bah Sain, ukur imah leutik tina bilik kira ukuran opat ka genep. Geus nahun pisan jeung jigana can pernah diuma-omé, da kacirina pikaketireun. Hanjakal tacan kapaliré ku program bantuan rutilahu atawa bedah rumah, boh ti pihak désa atawa pihak pamaréntah saluhureunana. Siga nu diharé-harékeun atawa mémang euweuh nu haat mangusulkeun. Asa harianeun.

Bah Sain, mémang lain seniman gedé, ukur seniman ti kalangan rahayat leutik anu geus puluhan taun tetep satia mertahankeun seni tradisional. Hiji kasatiaan anu kalintang gedé ajénna pikeun ngajaga jeung mulasara éksisténsi kahirupan seni tradisional dina jaman sarwa modern.

Perjuangan Bah Sain saparakanca mertahankeun kasatiaan ngipuk kasenian tradisi dina jaman kiwari, mémang lain perjuangan anu hampang. Ku masih kénéh aya napas kahirupan seni tradisi di hiji wewengkon, sabenerna jasa para seniman téh kacida tohagana.

Arinyana ku kakuatan cinta kana seni tradisi, seni buhun anu umur puluhan atawa ratusan taun téh masih kénéh bisa lana nepi ka kiwari. Masih kénéh bisa ditémbongkeun ka generasi ayeuna anu alam pamikiran seni jeung budayana henetu sajaman.***

Naskah: Dadan Sungkawa

Tina carita seniman sababaraha taun ka tukang



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *