Selasa, 13 Mei 2025
Kandaga

Yoyon Darsono, S.Kar. M.Sn. Wanda Kréasi Anyar Seni Rampak Sééng, Kasenian Khas Kabupatén Bandung ti Cileunyi

Yoyon Darsono, S.Kar. M.Sn.***

LBNews.com. CILEUNYI – Can Pati loba nu apal yén di Kabupatén Bandung aya wanda kasenian Rampak Sééng. Mun kana Rampak Kendang mah, jigana geus loba nu apal. Copelna, apal kana ngaran, najan teu apal kana pintonanana gé.

Kesenian Rampak Kendang, mémang kungsi ngageunjleungkeun jagat seni tradisi Sunda sababaraha taun ka tukang. Ieu wanda kasenian atraktif jeung ngalibetkeun para seniman nu kaitung loba téh mangrup karya inovasi para seniman Sunda anu teu reureuh meuseuh kréativitas sangkan seni Sunda henteu pareum jeung tetep nanjeur tina gempuran budaya global nu terus-terusan mahabu jeung ngalindih sakur warna budaya lokal.

Teu béda jeung Yoyon Darsono, seniman kréatif urang Cileunyi, kalahiran Darmaraja Sumedang (10 November 1961) anu sapopoéna ngadosénan di salasahji paguron seni di Bandung téh, lain sakali dua kali waé némbongkeun wanda kréasi kasenian anyar, Boh mangrupa kolaborasi atawa hasil inovasi. Tina rupa-rupa wanda kréasi seni tradisi jeung kontémporér anu geus dihasilkeunana téh, Yoyon kaasup salah saurang seniman Sunda anu mibanda kasempetan hadé bisa ngarambah méh ka lima benua, ngawanohkeun kabeungharan seni Sunda (Pérforment Tradisional Art Sundanésé) di sababaraha nagara badag, anu dimimitian ti taun 1987, kaasup ngeusi acara di UNESCO Paris taun 2003. Diitung-itung mah geus tepi kana ratusan kali midang di mancanagara téh dina rupa-rupa agénda jeung pérforment. Geus puguh ari di negeri sorangan mah, sasatna geus teu kaitung, ti mimiti tingkat lokal, régional jeung nasional, boh mawakeun karya sampakan atawa karya-karya rékacipta atawa ngayakeun kolaborasi jeung para seniman lainna. Kaasup kungsi ngayakeun gelar bareng jeung Krakatau Band, Pimpinan Dwiki Dharmawan, musisi Indonésia nu geus teu bireuk deui.

Tegesna mah dina taun 1993 mimiti ngayakeun upaya revolusioner ngalakukeun ékplorasi musical kalayan konsép ngahijikeun antara tradisi jeung non tradisi dina kemasan Style Jazz. Adu manis musical ieu, di jerona ngagabungkeun sababaraha instrument musik tradisional Sunda seperti: Rebab, tarompét, suling, kacapi, karinding, kendang, gamelan, dan vokal beluk. Hasil tina prosés berkolaborasi ieu ngalahirkeun komposisi musik nu kawilang khas anu dibéré ngaran“Mystical Mist”. Ieu karya fénoménal téh kungsi digelarkeun dina raraga Jakarta International Jazz Féstival, di lapang parkir timur Senayan Jakarta.

Lintang ti loba ngahasilkeun karya-karya révolusionér dina widang music etnik jeung non etnik, Yoyon ogé rajin ngagali tina literasi akar budaya tradisional. Nya, salasahiji wanda kréasi nu panganyarna téh nyaéta kasenian Rampak Sééng. sakaligus mangrupa karya inovasi nu nyumber tina kakayaan budaya wilayah Kacamatan Cileunyi, tegesna deui ti Kampung Palédang Désa Cileunyi Kulon anu salila puluhan taun kasohor jadi séntra karajinan produksi pakakas alat dapur, diantarana pakakas dapur anu disebut sééng.

Hanjakal kiwari, séntra industri karajinan sééng di wilayah Cileunyi Kulon téh kiwari geus mimiti ngurangan, tinggal nu masih kénéh aya téh di Kampung Palédang Désa Cileunyi Kulon. da méh kalindih ku pakakas nu leuwih modérn, nu sarwa mesin jeung sarwa éléktronik.

Pakakas sééng nu salila ieu jadi kasab urang Cileunyi Kulon, tapi ari geus tepi ka leungeun seniman mah, malah jadi inspirasi dina ngalahirkeun karya seni inovatif. Tina jenis alat pakakas sééng, Yoyon kainspirasi nyiptakan alat musik perkusi anu ngaharib-harib winangun sééng. Ieu alat musik téh terus baé dikolaborasi jeung waditra bonang, disebutna séngnang. Tina ieu alat kasenian téh, antukna ngabungkeuleuk réportoar seni anu kiwari katelah Rampak Sééng. Sééng kaasup pakakas anu wangunna unik atawa ngabogaan bentuk anu khas, Saliwat mah boga tangtungan kawas awak sakujur. Tina wangunna nu éndah, henteu salah lamun téa mah ieu pakakas téh bisa ruket ngahiji dina wangunan seni anu gembleng.

Ngeunaan konsép Seni Rampak Sééng, nurutkeun katerangan mah kungsi diprésentasikeun jeung Dinas Kebudayaan dan Pariwasata (Disbudpar) Kabupatén Bandung tur jadi Garapan husus Komunitas Seniman Tradisional (Komstrad) dina gelaran HUT ka 79 RI di palataran Pemkab Bandung, Soréang, Saptu (17 Agustus 2024) nak.

Pikeun hasil maksimal, dina jero dua minggu, ti mimiti tanggal 7 Agustus 2024, Yoyon Darsono jeung para anggota seniman Komstrad lainna, teu reureuh ngayakeun latihan anu dipuseurkeun di Saung Budaya Yoyon Désa Cinunuk Kecamatan Cileunyi Kabupatén Bandung.

Sanajan boga darah Sumedang, tapi Yoyon Darsono téh geus lila matuh jadi warga Kacamatan Cileunyi, geus méh 30 taun. Matak pantes asa geus jadi warga pituin Cileunyi, Sok sanajan kitu, inyana gé henteu lésot tetep diaku salaku urang Sumedang, jadi Déwan Pakar di Dewan Kebudayaan Sumedang (DKS). Dalah inyana gé tetep mikatineung ka lembur asalna nu diwujudkeun ku cara ngagagas agénda kagiatan budaya winangun féstival, saperti Darmaraja Féstival (Dafés) – Sumedang jeung Jatigedé Féstival. Malah kungsi deuih ngadegkeun komunitas nu disebut Indonésian Tarompét Community Sumedang.

Ari di Cileunyi, anu kiwari jadi markas Komstrad (Kominitas Seniman Tradisi) Bandung Jawa Barat. Yoyon Darsono sok mayeng ngayakeun kagiatan samodél Féstival, diantarana ngagagas Cinunuk Carnaval Seni Helaran jeung ngagagas Cileunyi Féstival (Cilfest).***  

Editor Dadan Sungkawa

Tags:Seni Rampak SééngYoyon Darsono


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *