Rabu, 18 Jun 2025
Lingkung Lembur

Anggaran Tohaga, Pangwangunan Destinasi Wisata Kampung Sunda, Henteu Parat-parat tur Lambat

Denah Pengembangan Pembangunan Kawasan Kampung Sunda dilaksanakeun di Desa Laksana, Kacamatan Ibun, Kabupaten Bandung. ***

LBNews.Com. IBUN –Kampung Sunda di Desa Laksana, Kacamatan Ibun, ngarupakeun harepan masarakat, boh para tokoh masarakat, utamana para panggiat kabudayaan, seniman, panggiat sadar wisata katut industri ekonomi kreatif katut panggiat lingkungan di sabudeureunana. Salian ti dipiharep jadi tujuan wisata anu bisa ngadatangkeun wisatawan ti luar daerah, sabab didukung ku ragam wahana alam Kamojang anu kawilang legendaris.

Salasaurang ketua Desa Wisata di kacamatan Ibun, Ucup ngabeberkeun harepanana ku ayana pangwangunan Kampung Sunda.

“Waktos peletakan batu pertama kampung Sunda, kaleresan abdi hadir waktos harita. Kangge penggerak wisata desa wisata Laksana, mugia aya dampak positip kangge pemberdayaan masyarakat (ekonomi tiasa ngaronjat) ngalangkung wisata edukasi anu terintegrasi. Kaleresan di Kamojang aya perusahaan geothermal pertama di Indonesia, oge aya pertanian, leuweung Kamojang anu beunghar ku satwa sareng tumbuhana (tatangkalan endemik Kamojang – Red),” jelas Ketua Desa Wisata Ibun anu ditepikeun ngaliwatan chat WA-nya, Senen 28 April 2025. 

“Di Kamojang oge aya kearifan local ngamumule sirah cai (ngalokat cai) anu masih dilestarikeun. Ngawitan warsih 2016 nyaeta tina acara pesta rakyat ngan pas covid kegiatan teu gebyar,” ceuk Ucup nambahkeun.

Ditanya ngeunaan progress pangwangunan Kampung Sunda, ieu ketua desa wisata di Kacamatan Ibun teh ngungkabkeun masih keneh dina tahap proses.

“Sakauninga abdi nembe dinten tadi rapat kanggo penlok. Anu diulem dinas terkait, camat ibun sareng kades Laksana. Malihan mah ti payun kantos sumping rengrengan DPRD Kabupaten Bandung ka lokasi kampung Sunda, mung dugi ayeuna progres pembangunan asa rada lambat, diantawisna akses jalan teu acan,” Ungkab penggerak wisata satengah pesimis.

Nurutkeun sawatara data anu kahimpun ku LBNews.com., Pamarentah Kabupaten Bandung sabenerna kaitung geus bro-broan ngaluarkeun anggaran kawilang tohaga. Kawincik, dana anu geus digolontorkeun pikeun pangwangunan Desa Wisata Laksana Kacamatan Ibun, diantarana:

Dina taun 2023 disiapkeun anggaran anu gedena ngahontal Rp 12.970. 750 000,-  anu dijudulan Pengembangan Potensi Kebudayaan kampun Sunda  Desa Laksana, yang dikerkan oleh pihak ke 3, PT JIPAM.

Kitu deui taun 2024, turun deui biaya anu gedena Rp 135.550 000,-  anu dialolasikeun pikeun pemagaran jeung Rp 190. 000 000,- pikeun lahan parker.

Tahun 2025 turun deui anggaran tambahan anu gedena Rp 188.010 000,- pikeun panataan area parker, Rp 125.340 000,- pikeun panataan bangunan kampung Sunda, Rp 188 010 000,- pikeun penataan Landscape, jeung Rp 197.000 000,- pikeun pangwangunan Jalan Lingkar

Sakumaha diberitakeun samemehna, Ground Breaking Ceremony, Pengembangan Pembangunan Kawasan Kampung Sunda dilaksanakeun Bupati Bandung Dadang Supriatna di Desa Laksana, Kacamatan Ibun poe Jumat (20/10/2023)

Bupati Dadang Supriatna, kalintang apresiasi ku diadeganana Kampung Sunda di Kacamatan Ibun. Inyana miharep, eksistensi Kampung Sunda mampu jadi filter dina ngajaga niley-niley kaarifan lokal jeung tradisi anu hirup tur mekart di masarakat Sunda sangkan terus langgeng ulah nepi ka tumpur.

“Sabab niley tradisi, adat istiadat, budaya anu tumuwuh di masarakat dina enas-enasna mah ngarupakeun asset atawa modal sosial anu kacida pentingna dina raraga ngamotekarkeun masarakat demi ngawujudna Kabupaten Bandung anu bangkit, edukatif, dinamis agamis dan sejahtera (BEDAS),” pokna harita.

Inyana miharep sakabeh komponen pangwangunan masarakat kabuoaten Bandung ngahiji jeung ngalakukeun sinergitas dina ngajaga jeung mulasara budaya jeung kaarifan local sangkan nanu mere kontribusi anu pasotif kana uoaya ngahontal kasejahteraan anu dilakukeun ngaliwatan rupa-rupa aktivitas pangwangunan.(Gun)***

Editor: Ahmad Yosrul

Tags:Bupati BandungDesa LaksanaDesa WisataKecamatan IbunPemkab Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *