Minggu, 16 Mar 2025
Lingkung Lembur

Pemkab Bandung Masrahkeun Bantuan Perahu ka-16 Kecamatan: Tindakan siap-sayaga Nyalametkeun Korban Musibah Banjir

Pamasrahan bantuan parahu pinjam pakai dilaksanakeun sacara simbolis dina lolongkrang acara kagiatan Safari Ramadan jeung Tarawih Keliling Bupati dan Wakil Bupati Bandung di Masjid Abdulrahman bin Auf Desa/Kecamatan Solokanjeruk Kabupaten Bandung, Sabtu (15/3/2025).***

LBNews.com, SOLOKANJERUK, – Bupati Bandung Dadang Supriatna masrahkeun bantuan parahu reujeung kalengkepan alat evakuasi korban banjir sapuratina anu dajangkeun ka 16 kecamatan rawan banjir di Kabupaten Bandung. Ieu hal teh dilakukeun dina raraga ngungkulan musibah banjir, hususna evakuasi korban banjir di Kabupaten Bandung.

Pamasrahan bantuan parahu pinjam pakai dilaksanakeun sacara simbolis dina lolongkrang acara kagiatan Safari Ramadan jeung Tarawih Keliling Bupati dan Wakil Bupati Bandung di Masjid Abdulrahman bin Auf Desa/Kecamatan Solokanjeruk Kabupaten Bandung, Sabtu (15/3/2025).

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaliwatan Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama ngungkabkeun bantuan parahu anu diserahkeun teh minangka tarekah kasiapsiagaan nyanghareupan potensi cuaca ekstrem anu ngakibatkeun datangna musibah banjir.

Seug kono dumasar prakiraan cuaca BMKG (Badan Meteorologi, Klimatologi dan Geofisika) rehna cuaca esktrem diperkirakeun nepi ka bulan Mei 2025, masih keneh aya turun hujan. Alatan kitu, matakna pa Bupati Bandung masrahkeun bantuan parahu ka 16, walon Uka.

Dumamsar data anu dipimilik BPBD, Uka Suska nyebutkeun kacatet rebuan imah pamukiman warga anu kakeueum banjir. Diantarana aya sabagean warga anu perelu dievakuasi ka tempat aman. 

Satuluyna, Uka Suska nyebutkeun bantuan parahu teh didistribusikeun ka belasan kacamatan bareng jeung PAM Lebaran Idulfitri 1446 Hijriah. Ieu teh dina raraga antisipasi anu dilakukeun Bupati Bandung pikeun mere rasa aman atawa kaamanan, kasalametan ka warga masarakat anu keur ngalaksanakeun ibadah puasa dina bulan suci Ramadhan atawa nyanghareupan lebaran Idul Fitri m pokna.

Disebutkeun, 16 kacamatan anu narima bantuan perahu pinjam pakai teh, di antaranya Kecamatan Dayeuhkolot, Baleendah, Bojongsoang, Majalaya, Solokanjeruk, Ciparay, Cangkuang, Banjaran, Pameungpeuk, Margahayu, Katapang, dan kecamatan lainna.

Tina masing-masing kacamatan anu narima bantuan pinjam pake parahu teh, jumlahna antara 1 nepi ka 3 unit/kecamatan gumantung kondisi tingkat kerawanan jeung legana cai nu ngeumeum waktu kajadian  banjir di saban kacamatan. Oge deuih dumasar kana jumlah desa atawa kalurahan nu remen karendem banjir, jelasna.

Inyana ngajelaskeun bantuan parahu nu didistriubusikeun ka sajumlah kacamatan teh bisa oge digunakeun ku desa-desa dimana nu katarajang musibah banjir.

Ku ayana parahu anu geus didistribusikeunm supaya dina ngungkulan atawa ngayakeun evakuasi , warga anu jadi korban musibah banjir bisa gancang katulungan. Lintang ti eta, BPBD supaya henteu repot waktu nulungan para korban banjir, da paranahuna geus sayaga di lokasi kajadian. “Jadi,  BPBD henteu salawasna aya di kantor BPBD, sabab geus leuwih awal didistribusikeun ka lokasi rawan banjir,” jelasna.

Lain kitu wae, ieu teh kaasup tarekah BPBD dina ngalukakeun gerak cepet ngungkulan musibah banjir, BPBD oge bakal ngayakeun latihan operator waktu mantuan warga dina evaluasi korban banjir. Mimiti tina Latihan ngoperasikeun parahu waktu maju, mundur, mengkol kenca jeung katuhu.

“Ulah nepi ka timbul kajadian hal-hal anu teu dipiharep. Intina, operator parahu kudu aman dina waktu mantuan evakuasi korban banjir. Salain ti warega anu kakeunaan banjir, oge kudu salamet tur sehat tina ancaman bahaya banjirm”pokna.

Uka Suska ngungkabkeun, parahu anu didistribusikeun ka 16 kacamatan teh bisa diinjeumkeun ka kacamatan lain dina waktu ngabutuhkeun parahu pikeun ngungkulan banjir. Utamana pikeun kacamatan nu tacan narima.

Inyan miharep ku ayana distribusi parahu kasebut dina wakatu kajadian musibah, operator parahu nu aya di desa atawa kacamatan bagerak saga sagancangna pikeun ngayakeunevakusi warga anu keunaan Dampak banjir.

Jadi teu kudu nungguan BPBD heula. Tapi ari kadali pananganan banjr mah tetep aya di BPBD nu leuwih focus pikeun ngutamakeun kasalamatan jiwa korban musibah banjir,” pokna. ***



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *