Rabu, 2 Apr 2025
Lingkung Lembur

Bupati Dadang Supriatna Cumeluk ka Sakumna Masarakat Kabupaten Bandung nu Rek Indit-inditan Mudik Lebaran Idulfitri 1446 H/2025 M: Masing Tarapti Sememeh Ninggalkeun Imah

Bupati Bandung Dadang Supriatna cumeluk ka sakumna masarakat Kabupaten Bandung nu ngalaksanakeun mudik jeung balik lebaran Idul Fitri 1 syawal 1446 Hijriay/2025 Masehi.***

LBNews.com. BOJONGSOANG, – Bupati Bandung Dadang Supriatna cumeluk ka sakumna masarakat Kabupaten Bandung nu ngalaksanakeun mudik jeung balik lebaran Idul Fitri 1 syawal 1446 Hijriay/2025 Masehi.

Bupati ngingetan Masarakat Kabupaten Bandung anu rek indit-inditan mudik atanapi balik lebaran, aya hadena ngajaga kataraptian samemeh ninggalkeun imah. Bupati nyebutkeun sababaraha tips pikeun nyinglar anu matak ngahudang pimatakeun.

Kang DS – sebutan akrab Bupati Bandung Dadang Supriatna – nyebutkeun hal-hal anu perlu diperhatikeun. Kahiji, yakinkan jeung pastikan taya sumber seuneu anu keur hurung. Hartina, rohangan dapur jero imah, utamana listrik, saklar jeung stop kontakna enya-enya diperhatikeun. Ulah nepi ka aya cocolok lustrik korsleting,” pokna satutas acara ngabagikeun santunan jeung paket sembako anu dipasrahkeun ka 2000 warga di 6 desa di Kecamatan  Bojongsoang Kabupaten Bandung, Minggu (30/3/2025).

Saterusna, bupati oge ngingatan, nu boga imah nalingakeun heula kaayaan eusi imah jeung sakurilingeun imahna, kaasup mariksa kondisi konci panto atawa jandela,. Naha panto atawa jandelana teh geus enya-enya kakonci atawa tacan pageuh. Pastikeun kondisi imah aya dina kaayaan aman, pokna deui.

Kang DS miharep ka sakumna warga nu rek indit-inditan mudik  lebaran  Idulfitri, copelna mere informasi ka pangurus satempat, boh RT atawa RW. Salian ti ka warga lainna anu can mudik atawa henteu mudik  lebaran, kalayan harepan sakumna pihak bisangajaga lingkunganana.

“Minimal aya ucapan titip ka Pa RT atanapi Pa RW, utamina deui tiasa titip ka Linmas. Pa Kapolresta sareng Pa Dandim tos masihan instruksi ka sakumna aparat jajaranana teu aya nu kaluar. Hartosna, salami arus mudik atanapi balik lebaran, leres-leres diterapkeun penjagaan anu rekep di masing-masing wilayah,” ucapna ngajelaskeun.

“Insya Allah sadayana aya dina kasalametan, sareng sim kuring ngayakinkeun, sadayana urang titipkeun kana panyalindungan Allah SWT margi Allah SWT Maha Sagala-Na,” pokna nandeskeun.***

Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *