LBNews.com. CILEUNYI – Pamarentah Kabupaten Bandung ngalaksanakeun gerakan pengendalian perubahan iklim dina raraga program 100 hari kerja Bupati dan Wakil Bupati Bandung di Dom Awi/Taman Hatinya PKK Desa Cibiru Wetan, Kantor Desa Cibiru Wetan Kecamatan Cileunyi Kabupaten Bandung, Salasa (22/4/2025).
Ieu kagiatan teh nyoko kana tema “Lebih BEDAS Bersinergi untuk Pengendalian Perubahan Iklim”, dibarengkeun jeung kagiatan mieling Hari Bumi Internasional anu temana “Our Power Our Planet”.
Dina ieu kasempetan, Bupati Dadang Supriatna kalayan babarengan ngalaksanakeun deklarasi komitmen bersama gerakan penurunan emisi gas rumah kaca minangka tarekah ngadalikeun parobahan iklim.
Kagiatan nanda tangan deklarasi komitmen bersama oge dibarengan ku Asisten Ekonomi dan Pembangunan Kabupaten Bandung Kawaludin, Kepala DLH Kabupaten Bandung Asep Kusumah, Camat Cileunyi Cucu Endang jeung jajaran Forkopimcam satempat, para kepala desa, para panggiat lingkungan, jeung sajumlah pihak para undangan lainna. Kitu deui Anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi PKB Hilman Farouq, oge turut ngalakukeun nanda tangan deklarasi.
Eusi tina deklarasi komitmen bersama teh, nyaeta: kalayan spirit Bedas, warga Kabupaten Bandung sapakat jeung ngayakeun komitmen babarengan pikeun: kahiji, jadi bagean masarakat dunya anu ngabogaan komutmen pikeun ngalaksanakeun gerakan ngurangan atawa nurunkeun gas rumah kaca dina raraga ngadalikeun parobahan iklim.
Kadua, ngalakukeun upaya ngadalikeun parobahan iklim ku cara aksi nyata adaptasi jeung mitigasi kalayan basis individu, rumah tangga jeung komunal. Katilu, ngalakukeun aksi nyata adaptasi antara lain ngayakeun upaya konservasi sumber daya air saperti ngagunakeun cai sacara hemat tur ngayakeun panampungan cai hujan, ngamangpaatkeun lahan pakarangan pikeun tutuwuhan konsumsi jeung ngalaksanakeun PHBS (Perilaku Hidup Bersih dan Sehat).
Kaopat, ngalakukeun aksi nyata mitigasi, antara lain ngalakukeun upaya ngurangan runtah, ngokolakeun runtah organic di rumah tangga ku cara nyadiakeun LCO (Lubang Cerdas Organik) /jadi anggota bank sampah, ngokolakeun cai limbah domestic jeung industry, jeung ngalaksanakeun gerakan mulasara jeung miara tangkal kameumeut minimal 2 tangkal dina saumur hirup.
Kalima, ngalakukeun kampanye jeung nerapkeun gaya hirup ramh lingkungan jeung daek mirosea kana kaayaan krisis iklim. Ki ayana rupa-rupa aktivitas dina ngawujudkeun Kabupaten Bandung leuwih BEDAS (Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis dan Sejahtera), maju, terus-tumerus ngahontal mangsa Indonesia Kaemasan taun 2045.
Bupati Dadang Supriatna ngungkabkeun rasa apresiasi tina sakur kagiatan nu dikemas DLH Kabupaten Bandung dina raraga program 100 hari kerja kepemimpinannya di periode kedua di Kabupaten Bandung, pohara luar biasa.***
Dadan Sungkawa