Jumat, 28 Mar 2025
Lingkung Lembur

GANN Kabupaten Bandung Gelar Sosialisasi Ancaman Bahaya Narkotika di Kalangan Masarakat Kertasari

GANN Kabupaten Bandung ngalaksanakeun Kagiatan Sosialisasi, koordinasi, jeung penyuluhan Ngeunaan Ancaman Bahaya Narkotika di Kecamatan Kertasari, Kabupaten Bandung, Jumat (21/03/2025).***

LBNews.com. KERTASARI, – Sekretaris Jenderal (Sekjen) GANN (Generasi Anti Narkotika Nasional) Kabupaten Bandung, Iwan Marwan, ngagelar Kagiatan Sosialisasi, koordinasi, jeung penyuluhan di Kecamatan Kertasari, Kabupaten Bandung, Jumat (21/03/2025).

Ieu kagiatan teh ngabogaan tujuan pikeun ngaronjatkeun kasadaran jeung partisipasi masarakat enggoning nyinglar jeung numpes kasalahgunaan narkotika.

Turut hadir dina ieu kagiatan teh Ketua Divisi Srikandi, Yeni S., Pd.I. Lintang ti eta, oge diluuhan ku para masarakat, ketua RW/RT, ketua karang taruna, tokoh agama, para ketua divisi, tim sus jeung tim satgas anu dikokojoan ku H. Dodi.

Sekjen GANN Kabupaten Bandung Iwan Marwan nepikeun infoermasi ngeunaan bahaya narkotika jeung cara nyegahna.

Disebutkeun  Iwan Marwan, perlu rampak gawe pikeun nyinglar jeung ngaleungitkeun kabiasaan make narkotika di kalangan masarakat.

Iwan ge nandeskeun, ieu kagiatan teh minangka salasahiji upaya pikeun ningkatkeun kasadaran jeung partisipasi masarakat sangkan leuwih iatna jeung waspada tina bahaya narkotika.  

Sawatara, Ketua Tim Sus, Mas Gondrong alias Mas Yanto, nyebutkeun pikeun salawasna ngajaga kaharmonisan, karukunan, sapamahaman jeung sakomando dina ngalaksanakeun upaya nyinglar jeung ngabasmi kabiasaan kana narkotika anu masih keneh mahabu di kalangan masarakat.

Sangkan leuwih nyebar ngeunaan cara nyegah bahaya narkotika, dina ieu kagitan teh, Sekjen GANN Kabupaten Bandung oge ngabagikeun brosur jeung dan leaflet, boh ka nu hadir, kitu deui ka masarakat sabudeureunana.***

Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *