Kamis, 13 Mar 2025
Lingkung Lembur

Gaskeun! Ekspose di Dapil V, Pasualan Pasar, Terminal, Alun-alun, Banjir jeung Jalan Lingkar, Kang DS: Jadi Program Prioritas

Bupati Bandung, H.M. Dadang Supriatna ngadadarkeun ngeunaan sakur isu di Dapil V nu geus teu bisa dimomorekeun. Ti mimiti pasualan banjir Ngeyembeng Cidawolong, terminal, jalan lingkar Majalaya nu mandeg, pasar Majalaya nu salawasna mangkrak, terminal, kaasup runtah nu pasolengkrah. Kang DS miharep kawasan Majalaya nu tadina kumuh tur pasolengkrah, bisa katingali rapih tur bersih, kaasup panataan Alun-alun Majalaya. (Sumber Photo: Humas Kab, Bandung)***

LBNews.com, MAJALAYA.- Bupati Bandung Dadang Supriatna bareng jeung opat camat di daerah pemilihan (dapil) V, nyaeta Camat Majalaya Gugum Gumilar, Camat Solokanjeruk Rofiran, Camat Paseh Asep Darajat jeung Camat Ibun Agus Rustandi ngalaksanakeun ekspose ngadadarkeun kondisi di wilayahna sewang-sewangan, Selasa (4/3/2025).

Dina ieu kasempetan, Sekretaris Daerah Kabupaten Bandung Cakra Amiyana, turta para Asisten jeung jajaran Organisasi Perangkat Daerah (OPD) sejenna turut hadir ngaluuhan kagiatan ekspos di Dapil V.

Bupati Bandung, Dadang Supriatna nyebutkeun yen kagiatan ekspos kecamatan ieu teh, oge geus dilaksanakeun di dua wilayah lianna. Samemehna, dilaksanakeun di Dapil I jeung ayeuna di Dapil V Kabupaten Bandung. Dapil V teh ngawengku Kecamatan Majalaya, Solokanjeruk, Paseh dan Ibun.

Ieu kagiatan ekspos kacamatan teh dina raraga ngayakeun evaluasi jeung rapat kerja, tumali jeung kaperluan nampon isu-isu strategis di wilayah dapil masing-masing, ceuk Kang DS dina kateranganana sarengsena ngayakeun ekspos Dapil V di Kantor Kecamatan Majalaya Kabupaten Bandung.

Disebutkeun Kang DS, isu-isu di Dapil V geus teu bisa dimomorekeun. Nu kahiji pasualan pasar nu salawasna mangkrak alatan pengembangna tilar dunya, tapi insya Allah geus aya pengembang anu baris jadi gagantina.

“Tetep urang rengsekeun taun ieu keneh,” pokna

Kadua, nyaeta masalah terminal. Kaayaan terminal di Dapil V kaasup terminal nu teu kaurus, kumuh teu beda jeung jarian kawas nu henteu enya dikokolakeun.

“Ieu oge perlu dibebenah deui, jadi salasahiji program prioritas,” tandesna  

Katilu, masalah pasar, alun-alun, kaasup jalan jeung pasualan banjir taunan

Masalah banjir geus dicek tadi ka lokasi banjir di Cidawolong Desa Biru Majalaya. Lintang ti lokasi banjir di Panyadap, kaasup di Paseh jeung tempat sejenna. Kang DS oge ngaku geus  geus ngaroris langsung kondisi Jalan Lingkar Majalaya anu pangwangunana kungsi mandeg aya kana sababaraha taun lilana.

Kang DS nyebutkeun pasualan jalan nu butbet di Dapil V bakal direngsekeun dina jero waktu tilu taun ka hareup. Leuwih jauh Kang DS oge nyabit pasualan runtah nu bacacar di dimana bruna, boh di walungan atawa sisi-sisi jalan anu perelu sagancangna direngsekeun. Cara ngungkulanana Kang DS ngasongkeun pereluna ngawujudkeun wangunan tempat ngolah runtah anu biasa disebut TPS3R (Tempat Pengolahan Sampah Reduce-Reuse-Recycle) di tiap kecamatan sewang-sewangan.

Sumber Photo: Humas Kab, Bandung

Tempatna di mana, perlu ditangtukeun titik lokus-na. Kaasup tadi geus diusulkeun pikeun ngarengsekeun pangwangunan Jalan Lingkar Majalaya ka provinsi, supaya engkena bisa sinkron. “Sing optimis we, kalayan rojongan program Pak Gubernur Jabar, ieu bisa sinergi dina ngahontal target jeung program,” jelas Kang DS.  

Utamana geus aya kasapakan yen dina jero dangka waktu tilu taun ka hareup, masing-masing daerah geus kudu ngarengsekeun pasualan jalan. Geus aya kasapukan, tilu taun ka hereup, jalan kabupaten dibiayaan ku pamarentah kabupaten.Jalan provinsi direngsekeun ku pamarentah provinsi, tambahna.

Pasca dilaksanakeun ekspos di Dapil V, Kang DS miharep kawasan Majalaya nu tadina kumuh tur pasolengkrah, bisa katingali rapih tur bersih, kaasup panataan Alun-alun Majalaya.

Kitu deui GOR KONI anu kamari diurus tur dikokolakeun pihak Kecamatan Majalaya jeung memang teu aya dina anggaran. Engkena baris dipasrahkeun tur dikokolakeun ku Dispora Kabupaten Bandung, kalayan pola anggaran jeung miarana enya-enya dikokolakeun ku  Dispora, pokna deui.

Leuwih jauh deui, Kang DS negeskeun deui ngeunaan progres Pasar Majalaya anu nepi ka danget kiwari tacan enya-enya maksimal, masih keneh jauh kana ngawujud, henteu puguh juntrungna

Sanggeus diayakeun diskusi jeung para pihak pengembang, malah geus kaluar surat pangwawadi kahiji, kadua jeung katilu. Nu antukna leuwih kana direngsekeun ku “pemutusan kontrak”. Jeung engkena bakal dilaksanakeun “pindo lelang” ka para pengembang anu bener-bener professional tur geus katingali bukti hasilna, pungkasna.***



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *