LBNews.com., PACET. – Saméméh jadi karajaan bawahan Pajajaran, ieu kerajaan Parungkuyah téh tadina mah ukur kawikuan anu remen dipaké tempat ngayakeun upacara sakral kaagamaan jeung salametan bhumi lamba. Salasahijina nyaéta dijadikeun puseur tempat upacara ngabaratapakeun bhumi lamba atawa samodél upacara ngretakeun bhumi lamba.
Ieu upacara téh diayakeun kalawan mayeng dalapan taun sakali. Ceuk sakaol mah ieu upacara téh mimiti pisan dilaksanakeun ku salasaurang kulawarga Karaton Pajajaran anu katelahna Tanduran Manik.
Tanduran Manik ngahaja bumén-bumén néangan wilayah anyar anu leuwih tengtrem-tingtrim tur aman, anu sakirana hésé kadongkang ku nu boga niat hasud. Antukna anjog di hiji leuweung di wewengkon Geger Hanjuang, tegesna di wilayah Hénéng Galuh atawa daérah huluwotan Citarum.
Di dinya Tanduran Manik tatapa bari jeung saterusna ngadegkeun kawasian, ngajarkeun kabiasaan-kabiasaan bab adat masarakat Pajajaran, ti mimiti ageman nepi ka tata cara mulasara alam sangkan leuweung weuteuh, gunung pageuh, walungan bedah.
Pangna Tanduran Manik ninggalkeun karaton, dibarengan jeung dulurna nyaéta Tanduran Gagang jeung Tanduran Mandapa, salian ti alatan kaamanatan pikeun ngajaga jeung ngariksa sarta nyalametkeun kalumangsungan sakabéh upacara tradisi anu kungsi dilaksanakeun dina jaman Pajajaran jeung jaman saméméhna, ogé boga pancén pikeun muka wilayah anyar keur nyangku atawa ngawewegan wilayah Pajajaran sangkan tetep kuat sanajan diserang ku musuh ganal.
Ieu tilu dulur téh ngahaja lunta ninggalkeun karaton basa puseur pamaréntahan Pajajaran kaserang ku Banten.Tanduran Manik ngahaja milih tempat pagunungan.anu aya di wilayah Geger Hanjuang di lelewek Hénéng Galuh. Sedengkeun Tanduran Gagang jeung Tanduran Mandapa lunta ka wilayah séjén, ka sabudeureun Geger Sunten.
Luntana nu tilu dulur téh méh bareng jeung Ki Jayaperkosa. Ngan Ki Jayaperkosa mah miang ti karaton téh tuluy baé ngajugjug Sumedanglarang. Tanduran Manik, nya kitu deui dulur-dulur teu marulang deui ka Pajajaran, kalah terus ngadon tatapa di lelewek-lelewek pagunungan, di puncak-puncak gunungna anu hamo kasusul ku pihak musuh.
Tempat anu dicicingan ku Tanduran Manik, sanggeus dilelemah tuluy dijadikeun puseur kagiatan kawikuan. Disebutna, Galuh Sangkuan. Ti harita Kawikuan Galuh Sangkuan mimiti loba nu datang ngahaja ngadon diajar ka Tanduran Manik. Kaasup kabiasaan-kabiasaan karaton.
Lila ti lila, sanggeus Tanduran Manik mangkat, nya diteruskeun ku katurunana. Tohaan Surgiadandang jeung adina Putri Parahitrasuliyasahri ngokolakeun kawikuan kalawan babarengan. Upacara ngabaratapakeun bhumi lamba tetep dilaksanakeun kalawan leuwih daria.
Nepi ka hiji mangsa mah, datang utusan ti karajaan Pajajaran. Tiluan anu datangna teh, kana kuda bari mawa lalayang. Eusina mangrupa piteket tina usaha-usaha Tohaan Surgiadandang jeung adina Putri Parahitrasuliyasahri enggoning mulasara upacara ngabaratapakeun bhumi lamba jeung kalumangsungan kawikuan.
Dibéwarakan dina éta lalayang téh yén pihak karajaan Pajajaran miharep pisan sangkan kawikuan Rahyang Tanduran Manik dijadikeun bagian Kerajaan Pajajaran, jadi wilayah karajaan nu disebut Karajan Parungkuyah. Sedengkeun ngaran kawikuan Galuh Sangkuan dijadikeun ngaran puseur dayeuh atawa puseur pamaréntahan.***
Dadan Sungkawa.