Selasa, 17 Jun 2025
Lingkung Lembur

Gelar Pelatihan Pengelolaan Sampah, Pemdes Bojong: RW Diabsen, Teu Bisa Nembongkeun Kagiatan Beberesih, Intensifna Ditahan

Kagiatan Beberesih di kalangan Masasarakat Desa Bojong, Kacamatan Majalaya, Kabupaten Bandung.***

LBNews.Com. KAB. BANDUNG, – Pamarentah Desa Bojong, Kacamatan Majalaya, Kabupaten Bandung rampak gawe jeung Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung ngalaksanakeun Pelatihan Pengelolaan Sampah di Gedong Serba Guna Desa Bojong, Rebu  (28/5/2025).

Ieu kagiatan teh diiluan warga masarakat nu sok biasa ngokolakeun runtah di lingkungan lembur ti saban RW sa-Desa Bojong kalawan ngahadirkeun para narasumber ti Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung.

Nurutkeun Kepala Desa Bojong Dindin anu diwakilan Sekretaris Desa Bojong Sri Yulianti, ieu kagiatan teh diwaragadan tina anggaran desa tahap I taun 2025, “Ieu Kagiatan Pelatihan Pengelolaan Sampah di Desa Bpjong teh dianggarkeun tina dama desa tahap I taun 2025,” pokna.

Inyana oge nyebutkeun, Pihak Pemdes Bojong ngulem Dinas Lingkungan Hidup jeung para pamilonna didatangkeun ti unggal RW anu husus ngokolakeun runtah di lemburna sewang-sewangan.

Sri Yulianti miharep ku diayakeunana ieu kagiatan pelatihan ngokolakeun runtah teh sangkan para pengelola sampah di lingkungan RW ngabiasakeun milah runtah, ulah nepi ka dicampur aduk. “Maksadna, kumaha supados runtah tiasa janten berkah kanggo sadayana,” pokna deui negeskeun.

Leuwih jauh Sri ngajelaskeun supaya runtah enya-enya dikokolakeun nurutkeun jenisna, “Runtah palastik sareng kertas tiasa diical di bank Sampah. Atuh runtah anorganikna tiasa didamel bio komposter, anu kagunaanana tiasa dianggo kanggo paka lele, pakan ingon-ingon sareng oge kanggo gemuk tutuwuhan,” ceuk Sri.

Sri oge nyebutkeun, tina anggaran desa tahap I taun 2025, pihak Pemdes Bojong oge baris ngayakeun produksi bio komposter, anu bisa disalurkeun ka tiap-tiap RW. “Sarengna deui, tina bio komposter teh tiasa ngahasilkeun magot. Tina saember bio komposter bisa ngahasilkeun magot anu seueurna sakilo,” pokna deui.

Sedengkeun tumali jeung pangoalahan runtah di lingkungan masarakat, nurutkeun Sri Yulianti, sabada ieu kagiatan sosialisasi jeung pelatihan ngolah runtah, dipiharep sakumna warga atawa rumah tangga geus mimiti dibiasakeun milah runtah pikeun ngagampilkeun para patugas runtah samemeh diangkut ka TPS. “Anu runtahna teu dipilah, wayahna teu diangkut ku patugas,” ceuk Sri negeskeun.

Danget kiwari, pihak Pamarentah Desa Bojong keur meujeuhna haget sangkan di tiap-tiap RW aya TPS jeung bank Sampah. Tapi, Sri ngaku, masih keneh kabentur ku pasualan lahan. Contona wae di dusun 3 nu padumukna geus pepek, katurug-turug wangunan imahna ge geus sakitu gegekna, meh padempet. Lamun mah runtah henteu gancang diangkat, masarakatna pasti loba nu komplen. Alatan runtah henteu dipilah, jeung bru kitu wae ngadatangkeun bau nu nyebar kamana wae.

Salasahiji tarekah pikeun ngungkulanana, pihak pamarentah Desa Bojong antukna ngaluarkeun kawijakan ku cara ngayakeun program wajib gotong royong beberesih. Meh saban mingga, Kades Bojong Didin ngahaja ngabsen kagiatan gotong royong di masing-masing RW ku cara ngirimkeun photo kagiatan gotong royong bebersih kalayan mayeng. “Nembe 8 desa nu mayeng ngirimkeun kagiatan gotong royong beberesih sareng pangolahan runtah, Anu henteu ngalaksanakeun program ngolah sareng milah sampah, nya wayahna insentifna ditahan heula, samemeh ngirimkeun photo kagiatan gotong royong beberesih ,” ceuk Sri Yulianti.

Sawatara, dina nepikeun materi pelatihan. Pihak Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung ngabeberkeun dasar hukum ngeunaan pangelolaan runtah jeung bagbagan klasifikasi turta jenis runtah, kitu deui cara milahna katut ningkatkeun kasadaran jeung perilaku masarakat tumali jeung kabersihan lingkungan, “Margi sakumaha hebatna teknologi sapanjang perilaku masarakat miceun runtah sambarangan dimana wae bruna, kana tangtu moal katingal hasilna,” tandes Budiman, salasaurang narasumber ti Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung anu ditepikeun ka para pamilon pelatihan. (Gun)***

Editor: Dadan Sungkawa

 

Tags:Desa Bojong


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *