LBNews.com. CILEUNYI – Mieling Hari Bumi “Our Power Our Planet” bari sakalian ngayakeun program 100 Hari Kerja Bupati dan Wakil Bupati Bandung, Pamarentah Kabupaten Bandung ngalaksanakeun kagiatan melak tatangkalan di kawasan Taman Kehati Tangga Seribu, Desa Cibiru Wetan, Kecamatan Cileunyi, Salasa (22/4/2025).
Bupati Bandung Dadang Supriatna kalayan diwakilan Kepala Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Bandung Asep Kusumah bareng jeung jajaran Forkopimcam Cileunyi jeung para panggiat lingkungan ngalaksanakeun melak tatangkalan di lahan pagunungan anu luhurna 1.800 dpl., anu kiwari dijadikeun kawasan destinasi wisata pikeun masarakat.
Disebutna Taman Kehati Tangga Seribu. Ti puncak ieu taman, sing saha wae baris ngarasakeun kaendahan alam Bandung Raya anu ebreh ti beh kaler.
Disebutkeun gerakan melak tatangkalan anu dilaksanakeun di Kawasan Taman Kehati Tangga Seribu teh jadi simbul panaratasan ngembangkeun “Kawasan hijau berkelnjutan” anu geus dibaladah ti taun 2024 mula.
Kepala Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung Asep Kusumah nyebutkeun, aya kana 100 jenis tatangkalan endemik dipelak sacara simbolis di kawasan Taman Kehati Tangga Seribu.
Asep ngungkabkeun dumasar tina hasil kajian ekologis bu direkomendasikeun jenis tatangkalan nu perelu dipelak deui keur ngjaga kasaimbangan ekosistem jeung kaanekaragaman hayatio di wilayah Bandung Kaler.
Ieu hal oge ngarupakeun bagean tina komitmen daerah enggoning ngarojong gerakan global pengendalian perubahan iklim.
Asep ngaku kagiatan melak tatangkalan teh lain ngan saukur seremonial mieling Hari Bumi, tapi deuih mangrupkaeun langkan konkret dina ngajaga isi katahanan air, katahanan pangan jeung katahana energi, “Melak tatangkalan teh kalebet kana kontribusi nyata anu kedah dilakukeun ku masarakat sakumna ti sagala lapisan,” tandesna.
Asep menyebutkan yen kawasan Taman Kehati bakal jadi salasahiji lokasi edukatif sakaligus jadi tempat pusat konservasi kadua di Kabupaten Bandung salian ti Taman Kehati Nagrog anu samemehna meunang penghargaan nasional ti Kementerian Dalam Negeri dina taun 2022.
Sejalan jeung upaya ngamumule lingkungan alam, Pemkab Bandung oge terus ngajurung pastisipasi public ngaliwatan program GeP4k Sayang (Gerakan Peduli Penanaman dan Pemeliharaan Pohon Kesayangan).
“Panaratasan tina ieu program teh tos ngahasilkeun langkung ti 700 rebu tangkal kalayan prinsip udagan saurang warga, copelna melak dua tangkal saumur hirupna,” pokna.
Minangka bagean tina inovasi program, Pemkab oge geus ngemabngkeu aplikasi Gepak Sayang anu engkena bisa digunakeun jang kapentingan edukasi jeung ngunpulkeun data (big data) tumali jeung tatangkalan anu dipelak masarakat.
Nu panganyarna tina pangembangan ieu program teh nyaeta ngayakeun insisiatif Pohon Peduli Pendidikan, di mana satiap siswa anyar diwajibkeun melak jeung miara dua tatangkalan nu jadi kameumeutna.
“Kalayan jumlah siswa anyar di Kabuopaten Bandung ngahontal angka 100–150 rebu saban taunna, hartina aya potensi sakitar 300 rebu tangkal nu dipelak ti sektor pendidikan,” jelasna.
Sakola-sakola oge dijurung jadi pionir ngawangun bank pohon ku cara ngajak para murid ngabibitkeun tatangkalan tina sisikian buah konsumsi.
Asep Kusumah ngajelaskeun, ieu hal pikeun numuwuhkeun kasadaran yen dina konsumsi sapopoeoge, bisa ngahasilkeun bibit jeung pepelakan.
Ku cara ngawangun sinergi antara pamarentah, sakola jeung masarakat, pihak Pemkab Bandung miharep ieu gerakan teh bisa jadi kakuatan nyata dina ngajaga lingkungan alan jeung ngawariskeun bumi nu lembok hejo tur linduk iuh ku tatangkalan pikeun generasi nu bakal datang.(K)**
Editor: Dadan Sungkawa