Senin, 29 Sep 2025
Lingkung Lembur

Humaira: Pangwangunan Jembatan Cikawao Hasil Nyata Kawijakan Politik nu Méré Mangpaat

Anggota DPRD Provinsi Jawa Barat Hj. Humaira Zahrotun Noor turut méré aprésiasi ka Wakil Ketua DPR RI Cucun Ahmad Syamsurijal nu geus ngupayakeun bantuan DAK atawa Dana Alokasi Khusus pikeun pangwangunan Jabatan Ckawao di Désa Cikawao Kacamatan Pacét, Kabupatén Bandung.***

PACÉT | LBNéws.com. – Anggota DPRD Provinsi Jawa Barat Hj. Humaira Zahrotun Noor turut méré aprésiasi ka Wakil Ketua DPR RI Cucun Ahmad Syamsurijal nu geus ngupayakeun bantuan DAK atawa Dana Alokasi Khusus pikeun pangwangunan Jambatan Ckawao di Désa Cikawao Kacamatan Pacét, Kabupatén Bandung.

“Pangwangunan jambatan sareng ieu jalan téh tiasa ngawujud berkat perjoangan aspirasi anu dibajoangkeun Bapa Cucun Ahmad Syamsurizal. Sumber waragadna asalna ti pusat, tina DAK pusat,” ceuk Humaira Zahrotun Noor.

Ieu anggota DPRD Jawa Barat Fraksi FKB téh negeskeun yén politik kudu mawa mangpaat langsung ka masarakat. Jeung deuih, masarakat ogé kudu ngajaga ieu bangunan anu geus diwangun. Nurutkeun inyana, penting pisan neundeun rasa sabanda sariksa.

“Mangga, mangpaatkeun ieu fasilitas anyar téh. Tapi, poma teu kénging diruksak. Hayu urang rawat sasarengan, insya Allah mangpaatna terus ngalir kanggo masarakat,” tambah Humaira Zahrotun Noor, Politisi PKB anu harita milu nyaksian acara ngaresmikeun Jembatan Cikawao di Désa Cikawao, Senén (15/9/2025).

Humaira negeskeun pangwangunan Jambatan Cikawao panjangna 25 méter jeung lébar 8 méter kalayan anggaran Rp 7,2 miliar. Ieu lain tna APBD Kabupatén Bandung, tapi asalna tina APBN anu dialokasikeun pikeun faslitas jalan jambatan Cikawao.

“Ieu hasil nyata pangaruh tina nu ngaranna politik,” pokna deui.

Alatan kitu, tambah Humaira, kinérja para anggota déwan nu aya di DPRD Kabupatn Bandung, DPRD Provinsi Jawa Barat, jeung DPR RI bisa méré mangpaat.

“Nya, contona mah kawas ieu, sakumna kawijakan aspirasi ditampung, anu saterasna didamelkeun nurut kana fasilitas,” pokna.

Dina ieu kasempetan, ceuk Humaira, geus karéalisasikeun pangwangunan jalan jeung jambatan Cikawao, anu beunang disebutkeun kacida luar biasana.

“Tah, kumaha carana anggaran ti Jakarta (DAK), ngadadak bisa aya di Bandung. Ieu anu luar biasa téh,” tandesna.

Humaira ogé umajak ka warga sabudeureun ulah nepi ka miceun runtah ka solokan atawa walungan Citarum. Sabab, sahadé-hadéna fasilitas jeung sakumaha mahalna ieu jambatan diwangun, saupamina henteu tiasa kopératif salaku masarakat, baris nimbulkeun banjir, “Sim kuring titip!” pungkasna,***

Tags:anggota DPRD Jawa Barat Fraksi FKBDana Alokasi Khusus (DAK)Desa CikawaoHj. Humaira Zahrotun NoorJambatan CkawaoKacamatan Pacet


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *