Senin, 29 Sep 2025
Lingkung Lembur

Kades Alo Siap Suguhkeun Daya Tarik di Expo Wisata Budaya Cilame

Pamarentah Desa Cilame Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung baris ngagelar pidangan anu jejerna "Gebyar Expo Wisata Budaya (GEWB) Jilid 2". Ieu acara teh lumangsung di Lapangan Sepakbola Andes, Desa Cilame mimiti 5 nepi ka 16 Agustus 2025.

LBNews.com. KUTAWARINGIN – Pamarentah Desa Cilame Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung baris ngagelar pidangan anu jejerna “Gebyar Expo Wisata Budaya (GEWB) Jilid 2“.  Ieu acara teh lumangsung di Lapangan Sepakbola Andes, Desa Cilame mimiti 5 nepi ka 16 Agustus 2025.

Kepala desa Cilame Alo Sobirin S.Sos dibarengan Ketua Panitia GEWB Gilang, nyebutkeun. GEWB samemehna kungsi dilaksanakeun taun 2020 di lokasi nu sarua kalayan nyuguhkeun rupa-rupa kasenian tradisional tur ngadatangkeun artis nu geus teu asing deui. Malah diantarana, bakal dihibur ku sababaraha vokalis anu sorana sarimbag jeung Iwan Fals, (alm.) Farid Harja jeung Ian Kasela KW.

Geus puguh ari pidangan seni budaya Sunda mah, meh ngadominasi jadi suguhan utama, saperti pidangan wayang golek H. Dadan Sunandar Sunarya ti Giri Harja 3, pencak silat, calung kahot, reog, goong lonjor, debus, jeung kasenian nu sejenna.

“Aya deuih Tabligh Akbar kalayan ngahadirkeun Da’i internasional sekaligus artis bintang film sinetron religi, H. Rd. Hariri AA. MA., lintang ti kesenian lokal sanesna,” ceuk Kades Alo ka para awak media di sekretariatna, kantor desa Cilame, Kutawaringin, Minggu (3/8/25).

Alo nyaritakeun, dukungan anu geus katarima ku pihak panitia teh geus mimiti daratang. Dalah Bupati Bandung Dadang Supriatna ngarekomendasikeun acara pikeun para sponsor. Malah, ngaliwatan Dinas Kebudayaan Kabupaten Bandung, Dinas Pariwisata dan Ekraf Kabupaten Bandung, Persatuan Pedalangan Indonesia (Pepadi) Kabupaten Bandung jeung sejumlah pangusaha anu doisilan di sabudeureun Desa Cilame. Pihakna optimis lamun suguhan GEWB dina taun ieu bakal leuwih rame tur ngabogaan ajen nu lineuwih manan samemehna.

Leuwih jauh deui Kades Alo nyaritakeun yen pihakna ngarasa yakin meunang support anu gede. Ieu teh dipatalikeun jeung rupa-rupa pidangan anu bakal disuguhkeun. Salian ti euyeub ngadatangkeun ‘pesohor’, oge aya deuih pidangan anu jadi kaunikan bari tetep ngajaga potensi seni budaya khas Desa Cilame jeung sabudeureunana. Kaasup nembongkeun kapunjulan potensi desa dina widang UMKM, saperti pameran fashion jeung kuliner katut karya karajinan ekonomi kreatif warga Cilame.

“Ku margi Desa Cilame kalebet kana Desa Wisata di kabupaten Bandung, tangtos bae dina ieu agenda kagiatan teh langkung mayunkeun aspek kapariwisataan,” pokna.

Sawatara, Ketua Panitia sekaligus Ketua Karang Taruna desa Cilame, Gilang nambahkeun, dina ragam acara, pihakna oge mintonkeun kasenian Sunda jeung rupa-rupa perlombaan. Saperti Pasanggiri Jaipongan jeung Pop Sunda, jadi salasahiji acara anu dianggap ngabogaan daya pangirut ngadatangkeun para wisatawan domestik. Ongkoh deui aya pidangan husus mintonkeun duplikat Darso.

Malah disebutkeun, acara duplikat sang fenomenon (alm.) H. Darso dijieun session husus anu dibere ngaran “Sarebu Darso”. Ieu agenda acara winangun lomba teh, nurutkeun pihak panitia mah bakal jadi daya tarik, sabab anu dinileyna ti mimiti gerak-gerik gaya artis pop H. Darso, nepi ka gaya busana, geus puguh ari vocal mah. Aya deuih pidangan Festival pop Sunda anu ngangkat deui lagu-lagu anu kiwari keur meujeuhna popular, “Mangga, anu kataji hoyong ngiring aub kana sakur lomba festival, tiasa nepangan panitia. Aya keneh waktos kanggo daptar,” ceuk Gilang semu promosi.***

Tags:Desa CilameDesa WisataGebyar Expo Wisata BudayaGEWBKacamatan Kutawaringin


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *